pan, paranti ngeret awewe, amung saena nudju, eta saur ninggang ka
abdi, rada ngartos meueusan, wuwuh tara rusuh, ati ngalap kana lisan,
mung nu tetes dina salěběting ati, pěrtjatěn ka tědakna.
14. Saparantos tjarios Pramanik, miwarangan Manetji Manetja, En- dang Rohong kudu gotong, bantun ka bale pajun, henteu lami ku Nji Manetji, sareng ku Nji Manetja, Rohong diparangku, dikěděngkeun dina dipan, diamparan ku alkětip nu běrěsih, sarta dipasang bantal.
15. Nadjan buta rupa djiga djurig, ku Sang Dewi teu dihina-hina, ngemutkeun tĕrah narpatos, manah Pramanik kitu, umangkěnna ka Rohongguris, sarta waktu harita, didjaring diurus, ku Manetji djeung Manetja, diaděgan ku Sang Pinutra Sang Dewi, Rohong djeung Sang Nurdjaman.
16. Sang Pramanik teu lami ngalahir, ka Manetji sareng ka Manetja, maksud Endang geus tiněmon, djeung anu dipituhu, ku djalanan tigin pa- měrih, muntang ka Nu Kawasa, Allah anu agung, dintěn ieu těrbukana, makbul maksud Endang Manetja Manetji, těpang djeung kabungahan.
17. Tatapina paněda pamugi, ulah waka rusuh gětap manah, měrod hojong geura pinton, ka Ratu nu keur ngangluh, kaedanan ku putri geulis, Endang kudu wajahna, kudu sabar nunggu, anu mere pĕrdjan- djian, waktu tadi basa papanggih mimiti, ti těgal Awat-awat.
18. Sabab eta anu boga djangdji, ka Endang teh sanggup ngaban- tuan, meunangkeun Sang Endang Rohong, Nji Manetja ngawangsul, měnggah abdi sumědja ngiring, sakumaha dawuhan, gamparan nu estu, nadjan maksud enggal-enggal, mo tiasa kawuwuh ku aja margi, nu sa- kieu rěsakna.
19. Biheung teuing kana těras mati, ku sareat sakitu parnana, gěsěng lir ku seuneu bae, napasna ge ngahandju, sěmi-sěmi mo hirup deui, sa- rěng abdi kemutan, saupami těrus, Rohong dugi kana kadar, njorang adjal diri abdi teh pinasti, langgeng nandang sangsara.
20. Tina marga mo tiasa balik, ka pun lantjeuk Sang Ratu Rundjana, wirehing akad bareto, upami teu kabantun, Rohongguris ku diri abdi, pun lantjeuk teh kantěnan, ka abdi ngabunuh, Dewi Pramanik ngandika, Endang ulah mastikeun Nji Rohongguris, kana něpi ka adjal.
21. Matak naon pastining Jang Widi, Rohongguris dikadarkeun waras, nadjan kasakitna abot, tapi Endang teh kudu, barung reudjeung paměrih ati, něda ka Nu Kawasa, Endang makbul maksud, kana paněda waluja, didjauhkeun tina tjotjoba balai, sipat sangsara dunja.
22. Saparantos Sang Dewi Pramanik, sasauran ka Endang Manetja, gĕntos ku Pangeran Anom, ka sadajana njaur, tjoba taksir Nji Rohong-