Lompat ke isi

Kaca:Wawatjan Purnama Alam 2.pdf/19

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
19

24. Walon Turni kuring oge ngimpi, ngimpi těpang djeung Ratna Suminar, ka kuring pereg tjarios, saurna nu kaemut, kuring arek sumĕdja titip, djeung hormat sing utama, ku sipat susuguh, atjeuk Pramanik kantěnan, sumping deui kalajan gumbira galih, sarěng panutanana.

25. Ngan sakitu dina lěbět ngimpi, da kaburu kuring teh ngalĕnjap, asal katjolok bobokong, Turna ka Turni njaur, kawas-kawas moal sak deui, mungguh impian urang, awal-ahir tangtu, kana aja balukarna, tina sabab eta ajeuna teh misti, Njai sasadiaan.

26. Saěnggeusna guněman wawarti, těras bae beberes sadia, bisi sumping tereh-tereh, anu bade natamu, malah-malah Turna djeung Turni, teu pětot saban siang, ka lěbak tarurun, mapagkeun suganna ĕnja, bade aja tatamu anu sarumping, tuduh tina impian.

27. Tunda deui Turna sareng Turni, katjaturkeun Sang Pangeran Putra, sareng sadaja prasiten, harita ĕnggeus djěbul, ka tutugan Sirkawur sumping, sami liren lalenggah, kira pukul satu, iuh handapeun kihudjan, ngahiliwir angin lělěr anu tiis, mepes anu hareudang.

28. Sang Pramanik ka tonggoh ningali, kana imah djuru pangě- bonan, urut andjeunna bareto, Sang Dewi langkung-langkung, kaga- gasna lěběting galih, dumugi tjumalimba, ku lantaran emut, ka rai Ratna Suminar, ampir njuuh bawaning těrěsna galih, sasambat dina manah.

29. Aduh rai putri djin nu geulis, naha henteu ka atjeuk njusulan, bět ka atjeuk ngantěp bae, manah Pramanik kitu, Sang Pinutra awas ningali, garwana tjumalimba, mariksa Sang Sunu, ku naon Njai bět kawas, njangking pikir kagagas ku asal tadi, tjoba ĕngkang bedjaan.

30. Hanteu lami ngawangsul Sang Dewi, jaktos pisan abdi teh kagagas, anu mawi ngalimba teh, wireh aja kaemut, ka Njai Putri Pusĕring bumi, Adjěng Ratna Suminar, nu bela tumutur, ajeuna kadar patilar, anu tatjan puguh pitěpungeun deui, kitu nu djadi marga.

31. Djadi langkung tjangtjajana ati, saupami tēras pipisahan, teu aja angkeuhan hate, barang Pangeran Sunu, ngadangukeun saur Sang Dewi, gumuju djeung ngandika, bo něpi ka kitu, eta alus patekadan, ngaleungitkeun sipat nu dua pěrkawis, estu matak salempang.

32. Hidji leungit pěrtjaja nja ati, kana kadar Allah nu kawasa, mun kitu seeh kadjaten, kaduana nawuku, bohong madjar tigin migusti, Njai ka diri ěngkang, sulaja ti umum, pěrtjaja ka anu lian, djeung tinimbang reureudjeungan djeung salaki, lamun kaja kitu mah.

33. Ngawangsulan Sang Dewi Pramanik, abdi teu rek lampah lir nu lian, ka salaki ngan njetjepo, ngadjurung kana ripuh, gusti tapi hĕnteu