Turni, hanteu suwung ka Sang Sunu, mudji tira saena, saumur kakara manggih, anu kasep tjahja gumilang guměbjar.
15. Ieu mah beunang disěbat, mungguh di djaman kiwari, estu mustikaning rupa, katurug-turug ku mandjing, djeung garwana Sang Dewi, estu surup nurub tjupu, asup kana babasan, dewata djeung widadari, da kasurung ku tjahja dunja-aherat.
16. Teu lami piundjuk Turna, paman istu laksa-kěti, měnggah nandang kanuhunan, wirehing parantos nampi, sipat pangasih galih, kĕrsa kana muru-muru, sarumping ka nu hina, pagunungan tempat laip, anu kirang geusaning kautamian.
17. Sang Radjaputra ngandika, eh paman tong aja galih, rumaos kirang utama, ku sakieu oge leuwih, tina marga utami, mungguh kaajaan gunung, malah kenging disěbat, sanes pandena di sisi, kewěs pantěs pědaran kota nagara.
18. Nadjan putra sanes pisan, pang dongkap ku aja pambrih, malar kana panjuguhan, mung maksud putra nu jakti, aja dua pěrkawis, margi diburu disusul, ka hidji hajang těpang, sareng paman nu sajakti, maksad bade babakti ku kanuhunan.
19. Wireh nampi tjaritaan, ti pun bodjo Nji Pramanik, manehna nampi piwělas, ti kĕrsa paman sajakti, kapungkur dipiasih, didaměl putra satuhu, diangkěn dirawatan, dumugi dipusti-pusti, siang-wěngi dililipur dilělědjar.
20. Putra raos kahutangan, ku pangadji taja tanding, nu tanpa wilanganana, naon anu geusan mandjing, baris majar pangasih, ka kĕrsa paman nu istu, marga waktos ajeuna, diri putra nu sajakti, sakieuna ku paman ge kauninga.
21. Amung wungkul kanuhunan, sarěng bakti sětya ati, dupi dua pěrkawisna, kang putra marga dumugi, sareng pun bodjo deui, katilu ieu pun dulur, wasta Dewi Pursita, adi putra nu sajakti, dupi ieu wasta Manetji Manetja.
22. Putra Sang Srimaha Radja, nagara Sagara Keusik, pang sadaja sami dongkap, ka pangkon paman sajakti, maksad hajang tingali, kěbon di puntjak Sirkawur, tina aja wartosna, ieu tempat teh paranti, paměgatan hidajat geusan daradjat.
23. Djadi putra ge ajeuna, ka kĕrsa paman rek ngiring, mudja dina ieu těmpat, manawina aja milik, putra kana dumugi, kenging kurnia Nu Agung, Allah anu kawasa, makbul sakarěping ati, ku pangaruh Sirkawur ngawur těrbuka.
24. Manawi piwělas paman, ka putra kěrěsa nampi, ngiring kana