23
kěkěbonan, diadjar ngadjuru-tani, matjul ngored djeung namping, naon bae sapiwuruk, pendekna diri putra, sumědja kumurěb ngiring, djadi gandek ngadjagi sapiwarangan. 25. Teu lami ngawangsul Turna, bari gumedjěng njikikik, pěrkawis eta dawuhan, katampi hěnteu katampi, měnggah ku paman jakti, katampina rebu nuhun. Agan aja kěrěsa, tjalik di nu hina laip, ngadjalankeun sabar ku kateu-ajaan. 26. Dupi hěnteu katampina, wirehing Agan milahir, hojong kara padamělan, kana titi djuru-tani, anu kalintang laip, ngojos ngaseuk ngored matjul, eta ku diri paman, moal katampi teh teuing, tina margi gamparan sanes lajakna. 27. Sinarěng emutan paman, nadjan salamina linggih, hěnteu aja padamělan, montong aja sěmang galih, kana inggis teu mahi, tuangeun di siang-dalu, tina margina paman, estu sanggěm mo sumingki, ngaladenan tuangeun salira Agan. 28. Mung supados kajaktosan, luntur galih kěrsa mukim, dina ieu pagunungan, Sang Radjaputra teu lami, ka Turna seug ngalahir, měnggah putra itung-itung, diadjar padamělan, babaran mitra nu tani, kědah těrang pangaturan pěpělakan. 29. Ngemutkeun dina ahirna, kumaha mun taja milik, ngadjalankeun tjongo kalam, pinasti moal walagri, aja di alam lahir, ripuh ku loba kabutuh, sanadjan aja kadar, katitisan djadi běstir, kudu bisa pikeun njontoan ka rajat.