Lompat ke isi

Kaca:Wawatjan Purnama Alam 2.pdf/24

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
24

34. Sarta dumugi ka mangsa, kaluar ti guha tjandi, dibawa ku Nji Manetja, ka Rěsi Komar Tohidi, patěpang sarěng rai, Dewi Pramanik nu estu, sarta dugi ka mangsa, nampi piwuruk Sang Rěsi, dikědahkeun ka Sirkawur pangěbonan.

35. Nja dumugi ka harita, těpang sarěng Turna Turni, barang Sang Putra geus tamat, wawarti ti awit tadi, Turna sinareng Turni, hookeun tina ngadangu, babad Radjapinutra, matak kělar matak kětir, Turna Turni kaget sarta gojang sirah.

36. Djeung njěbut astaga illah, kutan teh aja děděmit, anu purah ngabinasa, istuning eta mah leuwih, ratuning murka ati, djudjur kana laku hasud, amung pamuga-muga, dienggalkeun ku Jang Widi, ditum-purkeun si murka djuru hianat.

ළම

Asmarandana

1. Sang Putra tamat wawarti, babad salira andjeunna, Dewi Pra-manik ngagěntos, marga dipěrdih ku Turna, tina sabarang djěngkar, ti puntjak Gunung Sirkawur, sareng Sang Ratna Suminar.

2. Disaurkeun ku Pramanik, ti barang djěngkar ti dinja, bade lolos ngalalakon, ka tětělar Langlangsona, dongkap ka hidji těmpat, tětělar dilingkung gunung, ngaran tegal Awat-awat.

3. Sartana kana dumugi, liren di sisi walungan, Lariburi leuwih ngentjlong, dugi kana dirangkulan, ku Manetji Manetja, disěbat aneh kalangkung, djeung diterangkeun asalna.

4. Disaurkeun ĕnggeus sumping, ka tētělar Langlangsona, patěpang sareng Narpatos, Ratu nagari Banuja, djeung Raden Gendarata, di-saurkeun teu kaliru, sakur-sakur nu kapěndak.

5. Dugi ka waktu teu eling, lantaran ku ningal sĕrat, ari emut keur dipangkon, ku Njai Dewi Pursita, di djěro kadjuaran, sarta dumugi ka těpung, sareng raka Sang Pinutra.

6. Sanggeus tamat Sang Pramanik, njarios babad andjeunna, Turna kaget sarta naros, naha di mana ajeuna, tuang rai Sang Ratna, Dewi Pramanik ngawangsul, tangtos aja di Banuja.

7. Tina marga geus ngahidji, Nji Putri Ratna Suminar, sareng saderekna tulen, Sang Ratu nagri Banuja, malah geus rĕrěmpagan, bade ngarurugan pupuh, nangkěp Sang Putiasukma.

8. Ngahulěng Turna djeung Turni, tina nguping tjariosan, kĕrsana