Lompat ke isi

Kaca:Wawatjan Woelang Moerid.pdf/10

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

4

6. Barang datang disoegoehan, koemaha tali-paranti, toeloej Abdoel-Gapoer nanja, ki mas kengas témén radjin, gés tang. toe réja doewit, tina bali taném-toewoech, djéng tina bati dagang, ti ngamasan kiloe dvi, réja pisan kasab néjangan kipajah.

7. Toelocj ki Sétjawérdaja, ngawangsoel barina séri, lérés pisan saljarita, jén koela dagang djing tani, nanging té dja- di soegih, di toengtoct di paké naoer, ngan ovkoer tjoe- koep néda, ki Abdoel-Gapoer téh séri, hanté lérés éta popojan adjéngan.

8. Tina taja pisan warta, koc kawoela té kakoeping, jén sampéjan réja hoelang, kocla néda warta jakli, Sétjawardaja séri, sajaktos di paké naoer, hahéla waktoe koela, tina awit -barang lahir, brag ka doenja poen bapa saréng poen bijang.

9. Anoe makajakén koela, sarta ngadjédjthkén diri, di pér- dih tani djéng dagang, ngamasan njakitoc déi, datang ka aja hati, oenggal tahocn manggih oentoeng , éta kahéman bapa, di tarimakén koe ati, hoetang gédé sarta noengtoct di bajaran.

10. Sabaraha bati dagang, djéng sabaraha hasil tani, koe koe- la di bagi doewa, sadoeman adjang pribadi, anoe sadoeman déi, di hatoerkén ka ki stpoeh, kaiisoep kana majar, ki Ah- doel-Gapar teh moedji, saé témén nja panarima ka rama.

11. Tah éta kitoe pétana, piljontowen moerangkalih, anoe gédé panarima, kabéh koedoe kitoe déi, oelah hanté di pikir, karoegian stpoeh-sépoeh, oepama noe iskola, kaloewar té ma- wa harti, sasat hanté naoer kahéman sépoehna.

“12. Djéng té naoer kasaéjan, Goehérnémén anoe asih, nga- djédjéhkén lampah oerang, di pambrih hoga pangarti, la- moen kékth méléntjing, kadoehveng satoetoep oemoer, kaloe- war li iskola, loegah-ligéh taja hasil, karoegian hapa hanté bisa majar.