Lompat ke isi

Kaca:Wawatjan Woelang Moerid.pdf/9

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

WAWATJAN

WOELANG MOERID.

———-7 000-0 8

SINOM.

1. Ijé témbang pengadjaran, pilampahén anak moerid, poma- poma masing jatna, métakén awak pribadi, koedoe tjéngéng nja pikir, njadiadjar masing tjoetjoed, oelah salah tarima, noe asih di poelang séngit, masing njaih kaiboe sarta karama.

2. Katjida ngarép-ngarépna, noe matak di périh pati, di asoepkén ka iskola, di palar pintér djéng radjin, sépoeh téh mowal soedi, moen bidjil té mawa élmoe, léigoh taja kabisa, roegi hanté ménang bati, taja pisan babalésna kasoesahan.

5. Sabot aja diiskola, sépoch piran g-pirang rocgi, makajakén awak oerang, sasat oerang hoetang asih, koedoe ogé di pi- kir, pigésanén oerang naoer, nja éta pangmajarna, koe wékél témén nja ngadji, sépoeh soeka ningalikén oerang bisa. 4. Aja sahidji tjarita, ajéna ijé di goerit, soepaja djadi toe- Jadan, ka sakabéh moerangkalih, djalma noe bérsih ati, ha- dé tarima ka sépoeh, ngaran Sétjawardaja, lampahna dagang djéng tani, stlang-stlang ngamaSan ngarah oepahan.

3. Kakongaskén ka tatangga, jén éta wékel djéng radjin, ta- pi hanté kongas bénghar: ngan oekoer kaséboet mahi, aja sahidji santri, ngarana ki Abdoel-Gapoer, dina sahidji mang- sa, ngandjang ka kidjoeroe tani, ka noe ngaran Sétjawardaja kamaéan , .