Lompat ke isi

Panglesu Kalbu

Ti Wikipabukon
[ Sampul ]

Panglesu Kalbu

Sumitadikarta




Departemen Pendidikan dan Kebudayaan [ Judul ]


PANGLESU KALBU







[ v ]

PPS/Sd/3

Milik Departemen P dan K
Tidak diperdagangkan


PANGLESU KALBU


oleh

SUMITADIKARTA



DEPARTEMEN PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN
PROYEK PENERBITAN BUKU BACAAN DAN SASTRA
INDONESIA DAN DAERAH
JAKARTA 1978

[ vii ]

Diterbitkan kembali seizin PN. BALAI PUSTAKA
BP no. 909
Hak pengarang dilindungi Undang-Undang





Cetakan pertama, 1930

[ vii ]

KATA PENGANTAR

 Pembangunan di bidang kebudayaan adalah bagian integral dari pada Pembangunan Nasional. Pembangunan bidang tidak terlepas dari pemikiran dan usaha pengembangan dalam bidang sastra.

 Karya sastra merupakan manifestasi kehidupan jiwa bangsa dari abad ke abad dan akan menjadi peninggalan kebudayaan yang sangat tinggi nilainya. Karena itu karya sastra perlu digali dan digarap untuk diresapi dan dinikmati isinya.

 Karya sastra memberikan khasanah sejarah ilmu pengetahuan yang beraneka macam ragamnya. Hasil penggalian dan penggarapan karya sastra akan memberikan rasa kepuasan rohani dan kecintaan pada kebudayaan sendiri yang selanjutnya akan merupakan alat ampuh untuk membendung arus masuknya kebudayaan asing yang tidak sesuai dengan kepribadian dan kepentingan pembangunan bangsa Indonesia.

 Penghayatan hasil karya sastra akan memberi keseimbangan antara kemajuan ilmu pengetahuan dan teknologi modern di satu pihak dan pembangunan jiwa di lain pihak. Kedua hal ini sampai masa kini masih dirasakan belum dapat saling isi-mengisi, padahal keseimbangan atau keselarasan antara kedua masalah ini besar sekali peranannya bagi pembangunan dan pembinaan lahir dan batin. Melalui sastra diperoleh nilai-nilai, tata hidup dan sarana kebudayaan sebagai sarana komunikasi masa lalu, masa kini, dan masa depan.

 Para pemakai dan peminat bahasa dan sastra Daerah, khususnya bahasa dan sastra Sunda, baik dalam masyarakat maupun di sekolah dan di perguruan tinggi, sudah lama merasakan kekurangan akan buku Sunda sebagai bacaan maupun sebagai penunjang pengajaran bahasa dan sastra Sunda. Selain itu sesuai dengan semboyan 'Bhinneka Tunggal Ika' sepatutnyalah kita memelihara segala ragam kebudayaan dan bahasa daerah yang hidup dan digunakan dalam masyarakat kita, agar keanekaragaman kebudayaan dan bahasa di Negara kita itu tetap terpelihara dengan segala keindahan dan kelincahannya. Bahkan perlu disebar luaskan ke seluruh pelosok Nusantara kita sehingga dikenal, diterima dan dirasakan sebagai milik kita bersama.

vii

[ viii ]Dengan tujuan itulah dan untuk mengisi kekurangan tersebut di atas, Proyek Penerbitan Buku Bacaan dan Sastra Indonesia Daerah Departemen P dan K, bekerja sama dengan PN Balai Pustaka sebagai penerbit buku sastra yang telah dikenal sejak sebelum Perang Dunia ke-II, menerbitkan kembali buku-buku sastra Sunda. Bagi yang tidak menguasai bahasa Sunda, tetapi ingin memahami isinya, telah kami susun ringkasan ceriteranya dalam bahasa Indonesia.

Semoga dengan terbitan-terbitan ini kekayaan sastra bangsa kita yang sudah begitu lama terpendam itu dapat dikenal oleh khalayak yang lebih luas serta dapat menambah pengertian dan apresiasi terhadapnya.


Jakarta, 1978.

Proyek Penerbitan Buku Bacaan
Sastra Indonesia dan Daerah

[ ix ]

DAFTAR ISI

Hal.

Kata Pengantar vii
Daftar Isi ix
Ringkasan Cerita xi
Prihatur nu ngarang 3
1. Kawinan 5
2. Paguneman urang Sukamantri 10
3. Teu nyana manggih katugenahan 15
4. Tulung-tinulungan 20
5. Suka-duka 28
6. Harti diadu jeung Harta 34
7. Panutup 38

[ xi ]Ringkasan cerita:

 M. Sumarja, jurutulis pegadaian Garut, memperisteri Nyi Mas Iting. Karena Mas Arga, ayah Iting, seorang jagal yang berada, perkawinan itu dirayakan dengan besar-besaran.

 Sumarja, yang semasa kecilnya dipanggil Sukri, sebenarnya berasal dari keluarga yang miskin. Berkat kerajinan dan ketekunannya, ia tamat Sekolah Desa dan Sekolah Distrik (Sekolah klas II atau Sekolah Dasar sekarang). Karena bernasib baik, ia mendapat pekerjaan sebagai jurutulis pegadaian. Oleh sebab ayahnya sendiri cuma tukang menganyam gedeg (dinding) bambu, yang diakui sebagai ayahnya, ialah uanya, H. Karim, orang yang kaya dan terpandang di desa Sukamantri.

 Karena sudah lama tak berjumpa dengan anaknya, Pak Sukri (Marhasan) pada suatu hari mencari Sumarja di Garut. Meskipun pakaiannya kumal dan amat sederhana sekali, ia diterima dengan ramah oleh Iting, yang berperangai baik. Tapi sambutan anak kandungnya sendiri justru sebaliknya. Sumarja bersikap acuh tak acuh terhadap ayahnya, bahkan memperingatkan, agar jangan sekali-kali lagi berkunjung kepadanya. Dengan hati yang luka, sang ayah pulang ke kampung halamannya.

 Dalam pada itu H. Karim, kakak Pak Sukri, berangan-angan mempertemukan anak pungutnya, Nyi Sutirah, dengan Sumarja. Hal itu dirundingkannya dengan Pak Sukri, yang menyerahkan segala-galanya kepada saudara tuanya.

 H. Karim kemudian menemui sendiri keponakannya, Sumarja, yang sudah dipindahkan ke Banjar. Nyi Mas Iting kebetulan tak ada di rumah, karena sedang berobat di Garut. H. Karim dengan leluasa mengemukakan niatnya kepada Sumarja. Ia merasa khawatir, kalau-kalau kelak harta kekayaannya akan jatuh kepada orang lain. Namun Sumarja, yang telah sadar akan dosanya kepada orang tua, menolak kehendak uanya. Ia tak sampai hati menceraikan Nyi Mas Iting, yang tak berdosa. lagi pula sedang sakit. Ia takut akan pembalasan Tuhan di kemudian hari. Sumarja kemudian menghibur uanya, bahwa harta kekayaannya kelak akan jatuh kepada saudara-saudaranya dan akhirnya kepada anak-anaknya juga. Selain itu Sumarja berjanji akan menganggap dan mengurus Nyi Sutirah sebagai adik kandungnya pribadi.

 H. Karim sekarang merasa tenang, karena sudah terlepas dari beban kekhawatirannya, yang selama ini menghimpit dadanya. Ia tidak [ xii ]lagi bersikap acuh tak acuh terhadap saudaranya (Pak Sukri), dan memberinya sawah serta kebun berikut modal untuk mengusahakannya. Dengan demikian Pak Sukri, yang selama ini serba kekurangan, dapat hidup dengan layak. Nyi Sutirah, anak pungut H. Karim, menemukan jodohnya pada jurutulis camat Tanjungkerta. Sedangkan Sumarja terus hidup senang dan berbahagia dengan Nyi Mas Iting, yang baik hati dan setia.


[ xiii ]

PANGLESU KALBU


karangan
SUMITADIKARTA

[ 3 ]

PIHATUR NU NGARANG.



Ieu buku diwastaan ”Panglesu kalbu.”

Dupi nu biasa dilesu teh tamiang pisumpiteun.

Petana ngalesu : tamiangna dideangkeun dina durukan, ditungtut diurutan ku lamak anu hipu, lalaunan, mambrih lempeng.

Nanging upami nu ngalesuna kirang ati-ati, teu sabar, hoyong enggal lempeng, temahna tamiangna teh sok bencar atanapi pingges, sakirang-kirangna rengat.

Malah mandar bae ieu buku jadi panglesu kalbu anu mangprung

Salam baktos pun
SUMITADIKARTA

[ 5 ]

1. KAWINAN

Kira wanci asar ahir, meneran hade sorena, nu kuli ngabrul barudal, marulang ti pagawean. Di jalan eak-eakan suka seuri jeung baturna; aya age nu leumpang bari tungkul teu lemek, teu nyarek, ulat mesum semu ngungun, bangun aya kajadian nu matak susah ka manehna.

Beuki burit, beuki rame, kaganti ku nu pelesir, dokar lurlar, mobil balawiri. Nu laleumpang ngaleut sisi jalan, tingkalosrak sora selop jeung sapatu. Sawareh aya nu gugundukan tinglalimbung, salengkah kadua randeg, bangun bingung pangjugjugan, sisip ku geusanna ngancik, bangun semah ti jauhna.

Reup peuting, bray caang cahya listrik, ngebrak lir ti beurang, lalinduk kalangkang kai lir ti beurang ningal iuh. Hiliwir seungitna kembang, gandeuang angkatna istri nu beunang midang, tandang dangah taya kahariwang, bangun tabah leuleumpangan unggal peuting.

Hareupeun gedong bioskop ngagimbung anurek arasup, aya deui anu ngan ngadon ulin bae bari tingarilik kana gambar-gambar anu ngabaris di luar. Sawareh aya nu ngadon jajan bae, ngaronyok di tukang soto, ngabaris dina cikopi bari sempalguyon jeung baturna.

Beuki peuting, tambah jempling, tongtonan kabeh jarempe, jalma-jalma nungtut marulang, ngan kantun anu tingsalindung di nu singkur, nu tuman nyaring ti peuting, les! mengkol ka jalan leutik.

Tapi di imah Mas Arga, jagal di kampung Pangampaan (Garut), anu kaitung cukup, harita masih keneh nyararing, tinggerendeng semu-semu eukeur badami.

”Asa kacida akang nya bungah,” cek Mas Arga, ”si Nyai, Nyi Iting rek aya nu mileuleuheungkeun, turug-turug pangkat deuih; leutik-leutik oge boga bisluit, jurutulis pakgade nu anyar tea.”

Cek M. Ardi adina M. Arga, ”Muga-muga bae sing ngarepok kalawan kasalametanana.”

”Puguh,” cek Mas Arga.

”Ari kawitna ti mana, kang, sareng saha kakasihna?” cek bojo Mas Ardi. ”Da kuring mah sayaktosna tacan terang. Jeung putra saha eta teh?”

”Ti Sumedang” cek Mas Arga, ”ngan pohon deui kampungna, ti mana geuning, ema si Nyai?” bari ngareret ka pamajinanana.

”Duka, kuring age hilap deui, ngan emut tungtungna bae, make tri-tri kitu, duka Ciputri kitu. Sareng jenenganana, Aden naon teh, [ 6 ]

Nyai, asana Sumarja, nya ?" cek bojona bari ngareret ka anakna.
 "Euleuh! ema mah Ciputri," cek hiji sora anu datangna tina kalangkang lampu.
 "Tah enya, Iting mah meureun inget," cek Mas Arga.
 "Sukamantri," cek Nyi Iting, nembalna bari tungkul sarta lalaunan.
 "Ari ramana, haji," cek Mas Arga nuluykeun deui caritana, "di lembur eta mah beunang disebutkeun pangcukupna, bejana."
 "Ah, keun bae najan teu beunghar oge upamana, ku ...... pangkatna oge geus untung," cek pamajikanana.
 Cek Mas Ardi, "Kuring mah sanes ngarah pangkatna atanapi kabeungharanana, mung butuh ku bageurna."
 Cek Mas Arga, "Hade laku-lampahna age, cek Nyi Imang mah nya eta nu dicalikanana, piraku ngabobodo onaman."
 "Nuhun ari kitu mah, atuh ayeuna mah kantun urus-urus bae sakur nu perlu, iraha tea nu dimaksad ku akang teh?" cek M. Ardi.
 "Kahayang mah engke bae pananggalan, keur naon make dilila-lila papacangan, sok tara jadi," cek M. Arga.
 "Iting!" cek bibina, "ngendong bae atuh di embi, meungpeung tacan ridu, geura engke mah geus hamo bisa ngendong. Ayeuna bibi rek balik geus peuting teuing."
 Nyi Iting teu nembal, ngan habek bae neunggeul kana pingping bibina.
 Jut M. Ardi jeung bojona tarurun.
 Nyi Iting, najan harita geus ngedeng di kamarna, henteu buru-buru sare, gedebag-gedebug bae, semu wegah nunggu kana cundukna waktu, datangna mangsa, laksana ka nu dicileuk dipiangen-angen.
 Lami dianti-anti, kesel ngarep-ngarep, teu burung tepi kana jangji, cunduk kana dawuh anu alus, Nyi Iting geus ditikahkeun.
 Hajatna teh teu wudu rongkah, kawantu jalma cukup, ngan teu make raramean (tatanggapan), kawantu Mas Arga teu resepeun kana ria-ria.
 Memeh brak hajat, ngong Ujang Pakih, adi beuteung Mas Ardi nembangkeun biantara.


Sinom.

Hatur nuhun ka sadaya,
anu sami kersa sumping,
nya puji Alhamdulillah,
mugi ka Gusti Yang Widi,

[ 7 ]

sadaya kadang-wargi,
ginanjar mulus rahayu,
samalihna ti eta,
sakedap nyuhunkeun idin,
bade maos guguritan biantara.

Aduh Nyai anak bapa,
regepkeun ieu pepeling,
kudu puhit jieun jimat,
najan lain rupa duit,
nyaah mah liwat saking,
najan dibanding jeung gunung,
kanyaah bapa, ema,
geus tangtu hamo kabanding,
tapi kadar ngari sakieu nu kahontal.

Ayeuna nepi ka mangsa,
Nyai teh boga salaki,
bungah taya papadana,
bapa, ema tiis pikir,
pamuga-muga Nyai,
diraksa ku Maha Agung,
sing bisa kumawula,
ngayunkeun hate salaki,
dirasakeun dipapay tambanganana.

Jalan lulus kumawula,
modalna satia ati,
meungpeung Nyai masih ngora,
masing bisa titip diri,
sabab mungguhing istri,
najan geulis gampang surud,
gancang ngolotanana,
nu matak ayeuna eulis,
kumawula sing hade keur bekel jaga.

Salaki piraku iklas,
najan kolot nini-nini,
duriat nyangreud 'mo pegat,
da puguh emut ka tadi,
keur ngora hade bakti.

[ 8 ]

kairut ku hade semu,
kacangcang kabelaan,
sakitu bapa pepeling,
poma-poma sing inget salalawasna.



Dangdanggula.


Aden bapa nyelapkeun pepeling,
tatapina moal panjang-panjang,
nambah piwulang panyawer,
bapa ayeuna estu,
teu miboga ka awak Nyai,
Aden anu kagungan,
ku tikah kakurung,
tatapi paneda bapa,
mugi Aden dipasihan sabar galih,
nimbang nya kabodoan.

Ulah weleh mitutur mepeling,
kana jalan keur kasalametan,
ku pangucap anu sareh,
malar gancang katimu,
sumerepna gancang kaharti,
sakitu wiat bapa,
mugi ka Yang Agung,
bapa ngadu'akeun pisan,
Aden masing lulus-banglus laki-rabi,
awet paduriatan.

Kitu deui ka sakur nu sumping,
disuhunkeun hibar pangdu'ana,
ka nu sepuh ka-nu anom,
pon kitu ka karuhun,
dijauhkeun tina balai,
lulus laki-rabina,
paneda sakitu,
taya sanes ayeuna mah,
gaduh maksad hajat walimah satakir,
tuang saaya-aya.

[ 9 ] Galantang Mas Amil ngadu’a salamet, norolong wantu tabah.

 Brak ondangan dalahar, rame balakecrakan bari sarempal guyon.
 Burudul marulang bari ngajaringjing berekat, teu wudu berekatna loba, malah Mas Amil mah jimpona meh teu beunang ditalikeun.



[ 10 ]

2. PAGUNEMAN URANG SUKAMANTRI.

Asmarandana.

Dina waktu musim ngijih,
dina mangsa rea hujan,
dangdaunan hejo ngemploh,
walungan mudal caraah,
rea balong baredah,
malah rajeun aya lembur,
sisi cai kacaahan.

Juru tani suka seuri,
teu susah nyiram kebonna,
marontok pelakna engkol,
roay raweuy, jaat rambay,
kacang ayang-ayangan,
minatu ngahurun balung,
teu tuhur seuseuhanana.

Katiga mah beda deui,
ti beurang panas bayeungyang,
cai susukan ngerelek,
sawah ngahgar kasaatan,
tangkal kai muguran,
rea lembur nu kahuru,
cilaka beak bandana.

Tukang tani ngerik sedih,
palawija teu kaala,
rea kebon anu bongkor,
minatu mangsana bungah,
bisa digawe gancang,
isuk nyeuseuh, sore tuhur,
ngan kantun bae nganjian.

[ 11 ]

 Pasir-pasir geus balulistir, suku gunung baluleneng dibabad dilenang-lenang,nu rek ngahuma kantun ngaseuk, ngadago curna hujan.
 Urang Sukamantri kacida garetolna, jaba ti nyawah jeung malawija teh sok dibarung jeung ngahuma. Tina kituna rea jalma cukup teu kakurangan dahareun, pakeeun.
 Tapi Bapa Sukri mah anu imahna di tungtung lembur deukeut kebon kawung, kaitung jalma walurat, imahna leutik hateup eurih, ka hareupna make sosompang sarohang, minangka tepasna.
 Pipir imahna aya tanggungan eurih weliteun, taksiran keur ngayuman.
 Kira-kira wanci lohor, jol Pa Sukri datang ti leuweung, nanggungeurih, bangun beurateun pisan, wantu geus kolot kurang tanaga, mani ngarigah, igana naek-turun, ambekanana hahehoh, awak lokot pinuh ku kesang.
 Gubrag tanggunganana diecagkeun di pipir imahna, gek diuk di tepas ngabaheuhay bari nyusutan kesang ku bajuna anu disampaykeun dina taktak.
 "Ambu Sukri!" omongna, "cik aya cai asak! lah, ku hayang nginum, mani tuhureun tikora bawaning ku panas.
 "Aya cai mah ti tadi oge geus asak, ngan euweuh deungeunna, aya oge bubuy sampeu teu hipu da cangor," tembalna ti jero imah.
 "Cik, bawa bae ka dieu!" omong Pa Sukri.
 "Mending oge di imah, loba hayam!" cek pamajikanana. "Geuning ari neuleu nu barang dahar teh mani pabuis, sirikna teu kahakanan anu geus dina sungut dipacok."
 Pa Sukri tayoh rada keuheuleun, bawaning ku hayang geura rot nginum, rek indit teu kaduga ku cape, omongna bari nyentak, "Bawa bae ka dieu, hareudang! Keun hayam-hayam bae mah urang babukan; modar mah ngeunah laukna ieuh, malaur nyatu tara aya deungeunna.
 "Enya, mending-mending mun hayam urang nu kababuk teh, kumaha lamun hayam batur, pilakadar urang mah boga hayam tilu siki." cek Ambu Sukri bari rada nyereng deuih.
 Torojol Ambu Sukri ka tepas mawa poci geus suwing jeung cacangkir gede hiji, geus euweuh cangklekan, bubuy sampeu cangkangan kadua sapotong dina rigen jeung gula sabeulah ditilaman daun waru garing.
 Cur, caina dicicikeun kana cangkir, mani ngebul bawaning panas, rupana semu hideung bawaning lekoh, da karesep Bapa Sukri ana nginum cai enteh kajeun pait asal lekoh.
 "Hanjakal," cek Pa Sukri, "beuleum sampeuna geus tiis, gaaleun."

[ 12 ]

 Celetrok ngegel gula, suruput nginum saeutik, da panas keneh, tuluy ditiupan, rot deui diinum.
 Teu lila jol Bapa Sa'ad, anu benghar di kampung Ciranjang, sasama manehna keur budak.
 "Tas ti mana Pa Sukri teh bangun anu cape-cape teuing," cek Pa Sa'ad.
 "Wangsul ti leuweung ngabantun eurih keur ngayuman ieu saung, hateupna geus nyaraknyak pisan," tembalna bari nunjuk kana hateup imahna.
 "Ambu Sukri! mawa deui cacangkir, ieu ata mama A'ad deuleu!" cek Pa Sukri ka pamajikanana.
 Jol Ambu Sukri mawa deui cacangkir bari mawa peuyeum sampeu gelempengan, beunang ngadadak harita meuli ti warung 2 seneun, da manehna oge nyahuun aya semah, kadeuleu basa balik ti cai, tas ngisikan.
 "Mangga ngaleueut mana A'ad ka dinya, teu aya pisan rencangna," cek Ambu Sukri.
 Geus ngomong kitu, leos manehna ka dapur, da keur nyangu, ngepoh niupan seuneu, tayoh teu daekeun hurung, guprak! meubeutkeun songsong bari ngutruk.
 "Mulih ti mana mama A'ad teh, jeung naon pikersaeun?" cek Pa Sukri.
 "Tas ti dinya ngalongok balong, jeung aya perlu saeutik; puguh hayang dipangnyieunkeun deui bilik, awina mah ngala bae ti Pasirhuni," cek Pa Sa'ad.
 Angguun naon, geus nyieun deui bilik?" cek pa Sukri.
 "Eta, si Enot hayang misah imah, cenah. Geus kalumaneun meureun saimah bae jeung kolot teh," ceuk Pa Sa'ad.
 "Mangga," ceuk Pa Sukri, "ngan nyuhunkeun sarantos bae 6 dinten deui mah, moal tiasa ayuena-ayeuna, bade nyaba heula; malah piongkoseunana mah teu acan aya, bade nambut bae heula."
 "Naha rek nyaba, ka mana Pa Sukri teh?" ceuk Pa Sa'ad.
 "Bade ka Garut, ngalongok pun anak," jawabna.
 "Anak saha? Naha boga anak di Garut?" cek Pa Sa'ad bari semu kaget.
 "Kantenan, kapan si Sukri teh aya milikna, geus boga pagawean, ngumbara ka Garut," ceuk Pa Sukri.
 "Aeh-aeh," ceuk Pa Sa'ad, "kula mah kakara nyaho ayeuna, kana naon pagaweanana di Garut teh?"
 "Aya berekah," ceuk Pa Sukri, "eta budak ter, bet aya kadarna jeneng."

[ 13 ]

 "Jeneng naon?" cek Pa Sa'ad bangun beuki tambah kaget, tina teu dinyanaan Pa Sukri boga anak jeneng.
 Bener, Pa Sa'ad loma tea mah jeung Pa Sukri, tapi ari ka anakna mah (ka si Sukri) teu pati nyahoeun da ti leuleutik budakna aya di Madnaseh, urang lembur Cigentur buburuh ngangon munding; ari buruhanana ku pare 2 pikul dina sausum nyambut.
 Jawab Pa Sukri, "Jadi jurutulis pakgade, cek dina suratna mah."
 "Jadi jurutulis pakgade? Asa kabeneran teuing boga anak gede darajatna. Na kumaha asalna pang bisa kitu, panyana kula mah di Madnaseh keneh, da bareto aya bejana cicing di manehna," cek Pa Sa'ad bangun nu teu sabar hayang geura nyaho raratanana.
 "Kieu kawitna mah,' cek Pa Sukri. "Saparantosna eta budak wangsul ti Madnaseh, ku juragan guru desa dipaksa kudu diasupkeun ka sakola.
 Mimitina mah ku kuring teu dibikeun, da euweuh nu ngangon embe jeung ripuh euweuh nu mangalakeun suluh, tapi ku lantaran anjeunna keukeuh sarta bari miwulang anu kacida matak kahartina, sabab-sababna pang budak kudu disakolakeun, estu dibejer-beaskeun pisan gunana pangarti teh.
 Ari dipikir-pikir bet bener pisan, buktina anu bodo teh karasa ku kuring pribadi.
 Tidinya sup bae budak teh diasupkeun ka sakola desa. Kabeneran saur juragan guruna mah calakan, saban samen naek kelas.
 Geus bijil ti sakola desa, aya deui parentah kudu diteruskeun ka sakola distrik. 1)
 Kuring kacida bingungna, da puguh lieuk euweuh, ragap taya, ku naon ngongkosanana, da meureun ongkosna (bayaranana) di dinya mah leuwih mahal batan sakolah desa. Tapi si Sukri keukeuh hayang disakolakeun deui, harita mah geus hayang sorangan.
 Tidinya tuluy kuring kadua si Sukri indit, ngadeuheus kajuragan Mantri guru sarta wakca balaka bari song nyanggakeun surat katerangan paparin juragan Lurah, anu nerangkeun yen kuring jalma walurat. Margi memeh mios diwurukan heula ku juragan Guru desa kudu ngabantun katerangan ti desa.
 Juragan Mantri guru ngadangu piunjuk kuring kitu, bangun kacida hawatoseunana."
 Saurna, "Heug mang, ieu budak ku kuring ditampa, jeung lamun emang rujuk, hade sina cicing di kuring, karunya didugdag mah capeeun teuing, da jauh. Perkara kitu-kieuna, emang mah entong nyaho

{{loop<-- -->| 6<-- -->| — <-- -->}}

1) Maksudna sakola kelas II. [ 14 ]

naon-naon, keun kuring anu ngurus.
 "Sajongjongan, kuring teu bisa unjukan naon-naon, bingung pipokeun; ari disanggakeun melang da tacan ngarasa pajauh jeung anak, ari henteu da puguh teu gaduh pikeun ngarasananana, jeung jiga anu teu narimakeun kana kawelas anjeunna."
 "Puguh," ceuk Pa Sa'ad, "kumaha ari geus kitu? Cik gancangkeun bae caritana, kula mah hayang geura nyaho tungtungna.
 "Enggalna, saparantos eta budak kaluar ti sakola distrik, ceuk Pa Sukri, "tuluy tetep betaheun cicing di juragan Mantri guru lantaran kacida dipikanyaahna, sina sagawe-gawe bae bari ngasuh putrana.
 Kira-kira 3 taun ti harita, juragan Mantri guru dialih keun ka Bandung, malah si Sukri oge diamitkeun ka kuring rek dicandak, disina nyiar pagawean di Bandung.
 Meunang 6 bulan, kuring teu meunang beja naon-naon, atuh kacida melangna, dugi ka teu ngeunah dahar teu ngeunah sare, malah indungna mah sering ceurik.
 Barang ka 7 bulanna, kuring disaur ku juragan Lurah, dipiwarang ngomean istal.
 Memeh digawe, anjeunna maparinkeun 1 surat ka kuring.
 Ku lantaran kuring teu nyaho naon-naon, teu barang taros surat ti saha-sahana, ngan nyuhunkeun dipangmaoskeun ka anjeunna."
 Saur juragan Lurah, "Untung Bapa Sukri, ayeuna Ki Sukri teh geus aya di Garut, kalawan pangjeujeuhkeunana juragan Mantri guru, nepi ka meunang pagawean, jadi jurutulis pakgade, gajihna f 25,-."
 "Kaatohan hate kuring"- Bapa Sukri nuluykeun deui caritana, "ku sadaya oge tangtos kama'lum, nepi ka tina bawaning ku atoh teh tungtungna mah ragragan cipanon."
 Ceuk Pa Saad, "Puguh lebah dinyana mah, kula oge ngamalum; ngan eta bae kula mah teu weleh-weleh muji kana kasaeanana juragan Mantri guru."
 "Mugi-mugi bae kasaean anjeunna teh dibales ku Nu Kawasa," ceuk Pa Sukri.
 "Nuhun Pa Sukri, kula oge milu bungah sarta muga-muga eta budak sing salamet lakon gawena. Ayeuna kula amit rek mulang, geus burit teuing. Tah, ieu duit keur pibekeleun nyaba tea, tapi sabisa-bisa ulah elat teuing digawena," ceuk Pa Saad bari tuluy balik.

{{loop<-- -->| 6<-- -->| — <-- -->}}

[ 15 ]

3. TEU NYANA MANGGIH KATUGENAHAN

Mijil

Musna beurang diganti ku peuting,
srangenge teu tembong,
jalma-jalma anu digarawe,
kabeh riab geus pada balik,
ganti bulan bijil,
cahayana ngempur.

Beuki peuting, beuki tambah jempling,
jalma pada mondok,
sato-hewan oge sami bae,
mung jangkrik nu pating karerit,
lalay masih bijil,
gapruk! maling jambu.

Isuk-isuk panonpoe bijil,
ti wetan moncorong.
jalma riab lalaki-awewe.
sumawonna nu rek karuli,
geus pada saringkil,
riab manggul pacul.

Manuk-manuk disarada ricit,
hiber ngetan-ngulon,
pada bungah maranggih beurang teh,
sato ingu pon kitu deui,
ti kandang barijil,
muru tegal jukut.

 Di sampalan rantong sora kolotok munding jeung sapi patembelan, barudak angonna keur tingcaleuhak dalahar, murak bebekelanana dina luhur batu demprak.
 Aya deui nu keur eundeuk-eundeukan dina dahan huni sisi jalan bari kakawihan "Leumeung teundeut cocongoan jalanna ka Rajagaluh. Meungpeung deukeut sosonoan, isukan urang pajauh."
 "Deudeueueuh !" cek baturna, "rek ka mama Ujang teh?"
 Handapeun eta tangkal huni aya hiji jalma nanggung tingkem leutik, dilayanan ku buntelan, jimpona geus lodro, duka naon eusina,

[ 16 ]

keur ngajanteng bae nangtung bari mencrong ka budak nu keur kakawihan tea, semu aya nu dipikainget, kagagas dipikawaas, sumeblak rusras ka jaman ka tukang, keur waktu anakna buburuh ngangon.
 "Pa Sukri! rek ka mama, siga-siga rek nyaba jauh?" cek tatanggana anu rek ka kebon.
 Gebeg! Pa Sukri ngarenjag, da puguh keur malaweung, reuwas asa digebah, jawabna, "Kapan rek ka Garut tea," bari tuluy manehna maju deui.
 Kira-kira pukul satengah 9 isuk-isuk, manehna geus nepi ka Pasarbaru Sumedang, tuluy eureun di garduh, dadaharan heula murak timbel, deungeunna ngadadak meulu ti pasar, ti tukang sangu.
 Sanggeus dahar sarta geus aso, tuluy manehna indit deui, leumpang bae nepi ka setatsion Tanjungsari.
 Kabeneran loket panjualan karcis geus muka, gancang manehna meuli karcis, reuwas sieun teu kaburu (katinggaleun ku kareta).
 Clak, tumpak kareta, diukna deukeut panto, malar gampang turun.
 Pukul 5 sore, manehna geus aya di setatsion Garut, ribut jalma tarurun tina kareta api, katambah ku supir balawiri anu nyiar muatan; kek nyekel koper, jung kenekna mangku tingkem bari nyang-nyeng-nyong ngomong, "Ka Cikajang, juragan? Bade ka Simpang, ceuk? Saha anu bade ka Tarogong? Mangga kana mobil abdi, bade mios ayeuna!"
 Pa Sukri oge teu kaliwat, aya nu nyekel tanggunganana sarta ditanya, "Emang teh rek ka Pamegatan?"
 Jawabna, "Sanes Jang, ari pagadean caket ti dieu kitu?"
 "Puguh deukeut mah, jalan anu ka wetan ngan geus nutup ayeuna mah," jawab supir bari tuluy deui nyiar muatan.
 Pa Sukri di setatsion tayohna ngarasa sangli, kulon jadi wetan, kidul jadi kaler jeung sabalikna. Da buktina ti setatsion teh manehna maju ngulon nepi ka hotel Villa Dolce, ti dinya mengkol deui ngidul nepi ka alun-alun, geus kitu mengkol deui ngulon bras ka jalan anu terus ka Cikajang, tuluy maju ngidul nepi ka sisimpangan anu ka rumah sakit; di dinya manehna ngarasa bingung, dumeh geus lila tacan kapanggih imahna anu rek dianjangan, tuluy eureun heula meuli cendol sasen.
 Sanggeus reureuh capena meueusan, pok manehna nanyakeun ka tukang cendol, "Di mana ari bumina jurutulis pakgade anu ti Sumedang?"
 Jawab tukang cendol, "Duka, seuer ari jurutulis pakgade mah, di Regol oge aya, malah eta mah pangkatna oge geus luhur, disebutna sahater, tapi duka teuing ari ti mana-manana mah. Tuh geuning ka-

[ 17 ]

beneran itu awewe nu keur kawetankeun teh rencangna, buru-buru bae ayeuna mah susul."
 Pa Sukri kawas kacida geus capeeunana urut udar-ider teh, katara leumpangna geus rarampulan, mani seuseut bisa nyusul awewe teh.
 Pukul 6 kurang saparapat, geus nepi ka bumina juragan sahater sarta gancang diunjukken ku awewe nu bareng jeung manehna tea.
 Tapi barang ret manehna. ningal juragan Sahater, kageteun pisan reh eta mah lain ........ anakna.
 Tuluy manehna cacarita yen tas aprak-aprakan bae, neangan bumina jurutulis pakgade nu ti Sumedang, nu jenengan Sumarja.
 Saur juragan sahater, "Atuh ayi Sumarja mah di ditu di Pangampaan. Baraya emang teh ka dinya?"
 Jawab Pa Sukri, "Upami gamparan percanten mah, eta teh pun ........ anak."
 "Inoh! jajapkeun ieu ka juragan Sumarja, karunya bisi sasab deui," saur juragan sahater ka rencangna.
 Nyi Mas Iting istrina jurutulis pakgade, harita nuju aya di bumi keur calik dina dipan. Barang ngadangu anu pupuntenan tuluy ka payun.
 Anjeunna kagete un, reh ningali hiji lalaki geus kolot nanggung tingkem, bajuna bedahan gidril teu aya kancingan, rangkepna, ti jero kampret salur geus lodro, surup semah ti jauhna, padahal anjeunna teu ngaraos kagungan warga tebih.
 "Nu ti mana bapa teh?" saur Nyi Mas Iting.
 "Ti Sumedang. Nyai, bapa teh, nu matak datang ka dieu hayang papanggih jeung anak," jawabna.
 Nyi Mas Iting dina manahna rada heran, dumeh jalma sakitu rudinna wani nyebut Nyai sarta basana cohag.
 Tapi bubuhan istri berbudi gede timbanganana, teu dianggo nyeri manah, tuluy anjeunna mariksa deui, "Na, saha putra teh, bapa?"
 "Ki Sumarja, ari ngaran keur budakna Sukri; upami dipercanten mah, bapa teh, bapana," jawabna.
 "Euh! atuh bapa teh ramana engkang, mangga calik ka jero, kapan abdi teh bojona," saur Nyi Mas Iting.
 Tapi ari manahna mah Nyi Mas Iting teu weleh heran, dumeh saur carogena teh haji. "Ari ningal pamuluna asa pantes lamun rama engkang teh, sakurang-kurangna uana atawa pamanna," cek manahna Nyi Mas Iting.
 Gancang ku Nyi Mas Iting disuguhan ngaleueut di tengah bumi, dihormat saaya-aya wantu-wantu ka mertua. Ka rencangna miwarang gancang nyadiakeun tuangeun.

[ 18 ]

 ”Ka mana Nyai ayeuna Ki Sumarja?” cek Bapa Sukri.
 ”Ka Talun, ningal maen bal, moal lami oge dongkap,” cek Nyi Mas Iting.
 Bari ngopi, Bapa Sukri ngabuih bae cacarita, nyaritakeun sasab aprak-aprakan tea. Ka minantu ujug-ujug conggah najan kakara papanggih, da puguh ngakuna sakitu hadena semu teu asa-asa nya mibapa.
 Tuluy Nyi Mas Iting ngaguar cacandakan mertua, jimpo dieusi timbel, bakakak hayam hiji jeung opak aya 20 mah; tingkem eusina: pisitan beunang ngala tina tangkalan anu ditukangeun imahna paranti Ki Sukri tataekan keur leutik.
 ”Naha bapa! make kudu barang candak, komo ieu mah make nyandak sangu sagala rupa, ku disumpingan oge abdi mah teu kinten bingahna,” cek Mas Iting rada ngalimba tina bawaning watir ka mertua.
 ”Ah lumayan bae Nyai wantu kolot ka anak, emana teh saaya-aya,” ceuk Bapa Sukri.
 ”Aeh! sumuhun, tina bawaning ku sono dugi ka hilap naroskeun ema. Naha teu dicandak, bapa?” cek Nyi Mas Iting.
 ”Ih, atuh Nyai, kumaha ari ditinggalkeun ku sarerea mah melang di ditu, batok kohok, piring sasemplek age lebar ari aya nu nyokot mah,” cek Pa Sukri.
 ”Abdi oge parantos ngalamun ti kapungkur hoyong nepangan bapa jeung ema ka Sumedang, ka engkang sok ngajujurung permios,” cek Nyi Mas Iting.
 ”Nuhun bae Nyai, aya manah hoyong ka Sumedang, ngan ulah kaget bae ari datang ka ditu, kawantu bapa mah jalma taya kaboga, imah oge sirikna teu sagede gondak,” cek Pa Sukri.
 ”Her ari bapa, abdi oge daek ka engkang teh sanes ngarah kakayaanana,” cek Nyi Mas Iting.
 ”Nuhun bae atuh Nyai, kagungan manah kitu mah,” cek Pa Sukri.
 Keur kitu torojol carogena Nyi Mas Iting sumping, barang lebet ka bumi ningali ....... ramana, teu kira-kira kageteunana.
 ”Engkang! geura ieu pisitan candang bapa aya amis,” cek Nyi Mas Iting.
 Tapi ari M. Sumarja mah ngabetem bae, teu lemek teu nyarek, jawabna ngan ukur, ”Heeh.”
 ”Ti mana Ki Sumarja teh? cek Pa Sukri.
 ”Ti Talun,” jawabna pondok pisan bari leos deui ka payun.
 Tina heranna tuluy Nyi Mas Iting oge ka payun nepungan carogena, saurna, "Naha ari engkang ka rama teh bet kitu, jauh-jauh

[ 19 ]

henteu dipisono, jiga anu kadatangan musuh ulah kitu engkang, pamali matak ........ doraka saur anu uninga mah geuning."
 M. Sumarja ngabetem bae.
 Keur kitu jol juragan Sahater sumping, bade nepangan reh aya tatamu, saurna, "Mama ayi, rama teh? Engkang mah kacida hawatosna, reh saurna tas aprak-arakan bae ngilari bumi ayi, teu kapendak; nya ana sumping ka engkang, tuluy bae engkang nitahan si Inoh ngajajapkeun da bisi sasab deui.
 "Parantos mondok, nanging sanes pun .......... bapa eta mah ......... panyawah," cek M. Sumarja rarayna beureum bangun anu ............ lingsem.

{{loop<-- -->| 6<-- -->| — <-- -->}}

[ 20 ]

4. TULUNG - TINULUNGAN

 Subuh-subuh geus ngaguruh soara jalma di jalan, sora roda tingkulutruk, nu nanggung bubuahan jeung lalab ngarengkeg pagancang-gancang, tayoh sieun beakeun tempat keur dadasar di pasar, wantu harita poean pasar.
 Di sisi jalan hareupeun imah laleutik, rateng damar tukang surabi, ngarendeng jeung tukang gorengan oncom; gorengan haneut diwadahan ku ayakan, surabi mani ngebul diwadahan dina nyiru paranti nyikcrik tipung.
 Koper, tingkem jeung gembolan, di setatsion geus ngagunduk, ditungguan ku nu bogana, bangun anu rek nyaba jauh.
 Dina kareta api anu pangisukna ti Garut, aya dua nonoman tinglalinjing bari ulak-ilik semu aya nu diilari.
 Cek nu saurang, "Teu aya geuning kang di dieu mah, sugan itu dina C. R. anu tengah," bari tuluy eta dua nonoman teh pindah deui ti dinya.
 "Tuh geuning kang, jiga itu," saur nonoman teh bari tuluy nyampeurkeun hiji lalaki kolot, anu keur diuk di juru bari nanggeuy gado, ulatna mesum bangun manggih kasusah atawa katugenahan.
 Saur nonoman teh, "Emang asana tadi anu meuli karcis ka Tanjungsari teh, nya?"
 Jawabna, "Sumuhun," bari semu reuwaseun.
 Nonoman, "Tas ti mana atawa rek ka mana emang teh?"
 "Wangsul ti Garut, ayeuna bade ka Sumedang, wangsul," jawabna.
 Nonoman, "Meureun emang nyaho Tanjungkerta (Cisegel), nya?"
 "Kantenan terang mah," jawabna-"Nanging abdi teh bet asa rareuwas, aya pikersaeun naon atuh juragan ka abdi teh?"
 Saur nonoman nu hiji deui, "Ulah reuwas-reuwas mang, kieu geura; leu adi kuring baris ngumbara ka Tanjungkerta jadi jurutulis camat. Kuring duaan sok sumawonna ka Tanjungkerta, ka Sumedangna pisan oge tacan, ayeuna kabeneran papanggih jeung urang Sumedang pisan, nya emang buktina, kacida kuring teh atohna."
 Jurutulis Camat, "Ti mana ti Sumedangna, emang teh?"
 "Ti Sukamantri; malah sering abdi ka Tanjungkerta mah bari ka pasar dagang bilik," jawabna.
 Jurutulis Camat, "Naha deukeut ti Sukamantri ka Tanjungkerta?"
 Kolot, "Kirang langkung 2 pal."
 Jurutulis Camat, "Nuhun atuh ari kitu mah, meureun urang engke

[ 21 ]

bisa mindeng papanggih. Ayeuna emang kudu cara tikukur nyebut maneh, malar gampang kuring mapayna di mana aya kaperluan ka emang."
 Kolot, "Ehem..... ehem.... sumuhun eta, Pa..... Sukri."
 Jurutulis Camat, "Ti ayeuna urang meureun bisa reureujeungan nepi ka Tanjungkerta, nya?"
 Pa Sukri, "Moal tiasa."
 Jurutulis Camat, "Naon sababna?"
 Pa Sukri, "Margi eta juragan mah tangtos tunggang mobil atawa kahar engke ti Sumedang teh, jalanna nganggo anu teras ka Cimalaka; dupi abdi mah ku margi bade badarat, ti lebah Sindangraja kalereun Pasarbaru oge bade nyimpang ka jalan jajahan.
 Jurutulis Camat, "Naha moal bisa lamun make jalan anu ka Cimalaka bae supaya ulah papisah jeung kuring?"
 Pa Sukri, "Moal tiasa, margi pikeun nu badarat mah jadi nebihan."
 Jurutulis Camat, "Piraku atuh ari kuring dina mobil, emang sina leumpang ngudag-ngudag mobil onaman, ieu mah urang bareng jeung kuring kana mobil, sewaanana kuring anu nanggung.
 Pa Sukri, "Mangga," bari nembongkeun parang: hegar tina atoh rek dicandak kana mobil, bisa buru-buru datang ka imahna.
 Teu karasa deui kareta geus nepi ka Rancaekek, tuluy Pa Sukri jeung dua nonoman teh parindah kana kareta anu baris ka Tanjungsari.
 Ti Tanjungsari kana autobus nepi ka Sumedang.
 Di Sumedang Jurutulis Camat deudeuheus heula. Ari rakana jeung Pa Sukri ngantosan di Pasarbaru bari neangan mobil sewa pikeun ka Tanjungkerta.
 Wanci sareupna, Pa Sukri geus nepi ka imahna, kasampak pamajikanana keur ngalangeu bac di tepas.
 "Naha teu geura nyeungeut damar, geus poek," cek Pa Sukri bari mukakeun panto imahna, sok buntelanana, diecagkeun, gek manehna diuk nyarande kana tihang, rumahuh bangun nu ripuh, tapi ari saenyana mah inget deui kana katugenahanana.
 Cek pamajikanana, "Geuning teu lila, kumaha barudak teh calageur?"
 "Calageur," jawabna.
 "Ka saha bogana pamajikan teh, jeung anak saha?" cek Ambu Sukri.
 "Ką Nyi Mas Iting putrana Mas Arga, jagal di kampung Pangampaan caritana mah, da kami oge teu kungsi tepung ari jeung besan

[ 22 ]

mah. Kami mah kacida panujuna Ki Sukri boga pamajikan ka dinya teh, na aya bageur jeung bangun lungguh timpuh keur hade rupana teh. Ngakuna dareh deh taya pikaeraeunana jeung teu asa-asa deuih ujug-ujug mibapa bae." omong Pa Sukri.
 "Lah, kayungyun teuing, kacida kami oge atohna, muga-muga bae sing awet laki-rabina," cek Ambu Sukri bari ngeber-ngeber samping jeung pibajueun kikintun ti Nyi Mas Iting bakating ku atoh.
 Cek Pa Sukri, "Puguh oge cukup ari minantu mah, geus taya cawadeunana, ngan hanjakal ........... "
 "Hanjakal kumaha?" cek Ambu Sukri semu kaget.
 "Hanjakal .......... hanjakal ......... ku anak urang pribadi," cek Pa Sukri bari rada dumareuda.
 "Hanjakal kumaha, naha goreng kalakuanana, sok nganyenyeri ka pamajikanana?" cek Ambu Sukri.
 "Enya teu bageur, teu nyaho ari ka pamajikanana mah, tapi ka kami pribadi, jeung tangtu ka maneh oge kitu, moal beda ti cara ka kami, kawasna," omong Pa Sukri.
 "Kitu kumaha?" cek Ambu Sukri.
 Pa Sukri, "Kieu, geura dengekeun tapi ulah gugup. Ari nyaritakeun anu saenyana mah kami teu bisa, era bisi kadenge ku deungeun-deungeun, da hade-goreng oge anak urang.
 Pendekna kami datang ka ditu teh ku manehna mah teu dipisono, baluar-balieur bae, malah nepi ka nyeukseukan sagala rupa, supaya kami ulah nganjang-nganjang deui; kawasna manehna ......... eraeun, boga bapa jiga kieu.
 Ambu Sukri barang ngadenge carita salakina kitu, teu karasa deui curucud bae cipanonna bijil, segruk ceurik :

Maskumambang.

"Aduh-aduh naha kitu maneh Sukri,
kasasar nya lampah,
ka kolot bet goreng ati,
kaliput ku kapangkatan.

Indung-bapa geus taya pisan pangaji,
abong kena hina,
taya milik kana sugih,
bapa disebut panyawah.

[ 23 ]

Indung-bapa ngadudu'a beurang-peuting,
sing gede darajat,
anak pinanggih jeung mukti,
teu nyorang lara-balangsak.

Bukti maneh geuning pareng aya milik,
berkah indung-bapa,
ahir-ahir dipilain,
era ngangken bapa hina.

Aduh Gusti nu sipat rahman jeung rahim,
neda pangampura,
kalepatan anak abdi,
mugi sing waras pikirna."

 "Enggeus repeh, era ku deungeun-deungeun bisi ngadeugdeug, keun sugan engke aya ilham ti Pangeran jadi babalik pikir, ulah weleh ngadudu'a bae," cek Pa Sukri.
 Pamajikanana repeh ceurikna bari nyusutan cipanon, pok manehna ngomong. "Enya sugan katarik ku kabageuran pamaikanana."
 Geus kitu Pa Sukri jeung pamajikanana brak dalahar. Pa Sukri mah daharna bari nyaritakeun kabageuranana Jurutulis Camat anu babarengan tea.
 Eta haji nu diangken rama ku Sumarja teh uana (lanceuk Pa Sukri), cicingna di desa Cipicung bawahan onderdistrik Sukamantri keneh.
 Di desa eta mah kaitung pangbeungharna, lega sawah, lega kebon, gede imah, buncir leuit.
 Ari pang beungharna kitu teh, lain warisan ti karuhun, datadina mah cara Pa Sukri bae pada walurat; ieu mah estu beunang itikurihna pribadi bae.
 Samemehna jadi haji, ngaranna Marjani, pakasabanana jadi jongos tuan kontrak.
 Tina bisa kumawulana, ku tuan kacida dipikanyaahna, jaba ti dipaparin gajih anu ditangtukeun saban bulan teh, sok meunang peresen deuih, sumawonna ari lungsuran panganggo mah.
 Ari pamajikanana dipetakeun kana ngawarung sangu sarta make nyadiakeun tempat pikeun pamondokan semah.
 Manehna sajaba ti kajojo ku urang kontrakan teh, jeung kajojo ku jalma-jalma anu daragang wara-wiri deui, tina warungna beresih tur nu bogana jalma some ah darehdeh matak pikaresepeun nu ngarereb.

[ 24 ]

 Ari ti peuting Marjani sanggeusna balik ti pagaweanana, tara buru-buru sare, sok leukeun diajar nulis jeung ngitung saeutik-eutikeun, ka jurutulis pabrik anu majik di manehna; tina ngarasa perlu pikeun nyatetkeun anu baroga hutang ka warung manehna.
 Kana ngurusna rejeki kacida gemina, datang ka dina sajero 5 taun teh geus bisa meulian sawah jeung kebon di lemburna (di Cipicung).
 Sanggeus tuan dununganana angkat ka nagri, manehna eureun tina jongos, ngabantu-bantu pagawean pamajikanana, babakuna ngaladangan nu barang beuli, tina pamajikana kacida ripuheunana.
 Heuleut sataun ti harita, Marjani kapilih jadi lurah di Cipicung.
 Dina jadina lurah teu kacarita kitu-kieu, ngan kakayaanana beuki tambah-tambah bae.
 Ngan meunang 5 taun jadina lurah, eureun kalawan hormat; geus kitu tuluy jarah ka Mekah jeung pamajikanana.
 Balikna ti Mekah leungit ngaran Marjani, nya nelah "Haji Karim."
 Manehna teu boga anak hiji-hiji acan, jaba ti anak kukut mah awewe hiji, ngaranna Nyi Sutirah, alo pamajikanana.
 Tapi ari ka dulurna pribadi mah ka Bapa Sukri, sakitu waluratna teh teu malire, teu aya pisan pangjeujeuhkeunana atawa pertulunganana.
 Tayohna geus galib ti bihari, ilahar ti baheula, biasa ku nu ngabiasakeun najan jeung dulur ari nu walurat mah sok kateler-teler, beuki lawas tambah laas. Nu matak geus komo ka Sukri mah teu malirena.
 Jadi Sukri ngaku-ngaku bapa ka Haji Karim teh, beunang disebut- keun ambon sorangan.
 Bada isa, Haji Karim jeung bojona dariuk di tengah imah bari ngaropi, dilalayanan ku nyi Sutirah.
 Tapi dina enggoning ngopi teh Haji Karim mah teu kaur balas ngadaweung, semu-semu keur aya nu dipikiran, teu lila pok ngomong.
 "Nyi Haji, ari akang ku geus heubeul teu papanggih jeung Ki Marhasan; 1) naha ku naon bet tara aya elol-elol ka dieu, nya?"
 Nyi Haji, "Dukan atuh, ngan bareto bae ka dieuna teh basa rek nginjeum pare tea, teu dibere da harita larangan bulan."
 Haji Karim, "Lain, akang meunang beja teu nyaho bener, teu nyaho salah, si Sukri bet hade milikna bisa jeneng jadi jurutulis pakgade di Garut cenah."
 Nyi Haji, "Enya kuring oge. meunang beja, malah ayeuna geus boga pamajikan, cenah."

{{loop<-- -->| 6<-- -->| — <-- -->}}

1) Nngaran Bapa Sukri samemeh katelah ku anak. [ 25 ]

 Haji Karim, "Baruk geus boga pamajikan? Bener? Cek saha?"
 Cek tatanggana, basa kuring papanggih di pasar, malah Pa Sukri oge tas ti Garut ngalongok minantuna, cenah, "jawab Nyi Haji.
 Haji Karim, "Hanjakal, na aya jelema mawa karep teuing sorangan, tara ngajak badami heula ka dulur saluhureun, dipake reueus boga anak jeneng teh."
 Nyi Haji, "Hanjakal kumaha, da meureun itu oge boga pamilih."
 Haji Karim rada nyentak, "Wah! boga pamilih nanahaon, boa teuing pamajikan si Sukri teh jalma teu puguh, kembang-kembang jalan dipake pamajikan."
 Nyi Haji rada keuheul dumeh disentak. tapi nyabar-nyabar maneh bae, hayang nyaho heula maksud salakina, naon sababna nu matak manghanjakalkeun alona geus boga pamajikan.
 Nyi Haji, "Naon sababna nu matak kang Haji hanjakal, naha lamun tacan boga pamajikan rek kumaha maksud kang Haji?"
 Haji Karim, "Rek dipangmilihkeun nu bageur sarta anu baris nyenangkeun kana dirina."
 Nyi Haji, "Saha nu kapilih teh?"
 Haji Karim ngahuleng sajongjongan .................. geus kitu pok ngomong. "Saenyana akang teh geus lila lalamunan ti barang ngadenge beja si Sukri geus boga pagawean, tina ras sorangan teu boga anak lalaki, boga oge hiji anak awewe, jadi sasat teu aya nu pinuluykeunneun rajakaya urang.
 Ku pikiran akang satadina lamun rempug jeung Nyi Haji, rek ditepungkeun jeung ........ anak urang keneh, Nyi Sutirah."
 "Tangtu bae kuring mah ujug-ujug ngarempugan, da puguh duanana oge pada anak, tunggal keneh pikanyaaheun urang," jawab Nyi Haji bari milu hanjakal.
 Haji Karim, "Puguh, jadi barang urang teh salawasna jadi gulung, moal awut-awutan teu puguh."
 Nyi Haji, "Enya, tapi ayeuna mah naon gunana ku urang dibadamikeun, da moal kajadian."
 Haji Karim, "Ulah waka ngabuntut bangkong, urang saakal-akal bae supaya herang caina beunang laukna. Isukan Ki Marhasan jeung pamajikanana sina ka darieu rek diajak badami."
 "Enya, susuganan bisa hasil," jawab Nyi Haji bari tuluy ka kamar, kawas geus tunduheun.
 Isukna kira-kira wanci pecat sawed, jol Pa Sakri jeung pamajikanana daratang, bangun anu reuwaseun pisan, tina tara ti sasarina diteang dihaja-haja.

[ 26 ]

 Ti kajauhan keneh ku pribumi geus dipapagkeun dihiap-hiap, ngakuna darehdeh bangun anu sono pisan.
 Haji Karim, "Ku naon Ki Marhasan teh nu matak ambleng tara aya elol-elol, kawas aya kangewa ka dulur teh?"
 Pa Sukri, "Lain aya kangewa kang, ulah kurang-kurang hampura bae kuring mah kawantu anu teu boga, lamun ngalegig teh sanajan sapoe, matak moal barang dahar. Ayeuna oge awahing ku reuwas bae gancang ka dieu teh, inggis aya kuma onam."
 Haji Karim, "Ih, ulah reuwas-reuwas, diteang sateh bawaning sono bae geus heubeul teu papanggih, euweuh ari kitu-kieu mah."
 Nyi Haji, "Irah! geuwat asakkeun sangu, jeung ka si Askani ngala gurame nu gede kituh, tina balong anu hilireun tampian."
 Haji Karim, "Geura eta mah Ki Marhasan, si Irah, aya singer kana pagawean teh sagala kacabak, indungna mah geus tara pipilueun."
 Ambu Sukri, "Bubuhan hade palajaranana."
 Nyi Haji, "Ah, hade palajaranana kumaha, da embok mah teu bisa naon-naon. Eta mah kuma onam ramana bae, ari geus ngalem ka putra teh mani teu euleum-euleum."
 Haji Karim, "Ari nu matak Ki Marhasan diala teh, saenyana mah rek nanyakeun Sukri, dumeh meunang beja pajah jadi jurutulis pakgade di Garut, 'na enya?"
 Bapa Sukri, "Sumuhun, meunang gajih f 25,- anyar keneh ku kuring tas dilongok."
 Haji Karim, "Nuhun atuh, kacida akang mah milu bungahna. Saha ari nu sok ngawulaan barang daharna?"
 Pa Sukri, "Kapan parantos bojo an ka urang Garut, kaleresan meunangkeun budak bageur pisan."
 Haji Karim, "Anak saha? Jeung kumaha jalma cukup mitohana teh?"
 Pa Sukri, "Putra M. Arga, duka ari kacukupanana mah."
 Haji Karim, "Lain ayeuna mah urang gancangkeun bae, kira-kirana Ki Marhasan rempug, lamun Ki Sukri urang bedol, sina pepegatan jeung pamajikanana nu ajeuna. Sanggeusna pepegatan urang tepungkeun jeung anak ......... akang pribadi Nyi Sutirah, tina akang hayang milu ngajeujeuhkeun ka Ki Sukri."
 Pa Sukri ngabetem bae teu lemek teu nyarek, tina bingung pijawabeun, sabab dina pikirna beurat ka minantu anu sakitu bageurna.
 "Puguh alus tea mah," cek Pa Sukri neruskeun deui lalamunana-

[ 27 ]na. "Tapi lamun si Sukri lengoh sarta pada aya karep duanana, turug-turug si Sukri ka aing .... Geus bae aing mah moal pipilueun naon-naon. Sukur-sukur oge teu kajadian, sabab lamun kajadian teh si Sukri ka Nyi Sutirah tangtu beuki tambah gorengna ka kolot teh, pantesna mah saruana; kitu deui hirupna tacan puguh leuwih senang ti ayeuna."

 Haji Karim, "Kumaha Marhasan, rempug ? Bet ngahuleng bae.
 Marhasan, "Ari cara kuring mah kumaha jinisna bae, ka anak oge ayeuna mah teu bisa maksa, da geus gede, ngan rek sambung du'a bae, sabab tangtu geus boga pamilih sorangan."
 Haji Karim, "Nya atuh air kitu mah arek dicoba-coba bae ku akang rek dianjangan jinisna, sarta lamun bisa mah hayang jeung Ki Marhasan."
 Marhasan, "Rupina kuring mah moal tiasa keur repot pisan, keur ngagentakkeun midamel bilik anu Bapa Sa'ad."
 Haji Karim, "Teu naon-naon ari keur loba pagawean mah, rek ngajak si Askani bae pibatureun ngomong di jalan."
 Geus kitu Pa Sukri jeung pamajikanana marulang dibahanan pare jeung lauk emas bibitna.
 Sajalan-jalan manehna ngecewis bae ka pamajikanana nyaritakeun lalampahan lanceukna anu ka tukang-tukang.


[ 28 ]

5. SUKA - DUKA

 "Suka-duka" tara teu pohoeun ka sakabeh mahluk, sarta kabeh sok dianjangan: menak-kuring, beunghar-miskin, ngan datangna tara babarengan, salawasna pili genti.
 M. Sumarja dina jadina jurutulis pakgade, estu senang ngahenang-ngahening dina hirup leutik mah, bumen-bumenna beres, jeung garwa jadi lulus salulut, taya kuciwana, ku mertua diasih, digetenan, dimemenan, dibeasan meh saban bulan, malah tampolana mah balanja oge disumbang-sumbang.
 Dasar badan eukeur mujur, kasusah lir beunang nyinglar, torojol deui datang bisluit angkatan kana kasir, ditempatkeun di Banjar.
 Samemeh pindah ka Banjar, Mas Sumarja ngalih heula ka bumi mertuana, tina Mas Arga rek nadar heula ka Seh Abdulkodir Jaelani, bungah dumeh mantu naek pangkat jeung neda-neda ka hereup dipaparinan salamet ulah aya kitu-kieu.
 Peutingan piisukaneun ngalih, pada narepungan ku baraya-barayana M. Arga jeung nonoman-nonoman sobat M. Sumarja, kawantu M. Sumarja teh ari ku kanca-kancana mah katida dipikaresepna, tina jalmana akur bisa campur, tur teu tinggal ti jeujeuhan.
 Juragan Ajun, dununganana oge sumping ngalayad, malah jadi sesepuhna anu kudu nyarios, jadi wakil sadayana, tanda ngawilujengkeun ka nu bade ngalih.
 Tapi saurna, "Bade wakil deui ka Ujang Pakih," bari kusiwel anjeunna nyandak kertas beunang nilep, tuluy dipaparinkeun ka Ujang Pakih.
 Barang ku Ujang Pakih dibuka bet guguritan, pupuh :

Sinom.

Teu kedah didadar heula.
dijejer dibulak-balik,
hartos kecap panungtungan,
sadaya tangtos tingali,
margi eta geus pasti,
tumiba ka kabeh mahluk,
boh ngalih lebet dunya,
atawa ka alam batin,
eta pasti sadaya hamo kaliwat.

[ 29 ]
Nya kitu deui ayeuna,
tumibana geuning sidik,
bet ka mitra urang pisan,
anu ruket siang-wengi,
mitra urang sajati,
enjing ngalihna ti Garut,
camberut reh ditilar,
taya daya kantun ketir,
melas-melis gugupay ngaulah-ulah.
3. Para mitra sadayana,
nu dikantun sami sedih,
sedih ku dumeh ditilar,
iraha rek tepang deui,
gulung cara bihari,
tikukur ngan kantun saur,
cangehgar henteu hegar,
mun teu emut kana takdir,
nyatang bolang, daek-daek kapongpongan.
4. Nanging ku margi ayeuna,
geus dugi ka titis tulis,
ragana urang papisah.
mugi ka Gusti Yang Widi,
tetep rumaket dalit,
cara babasan Malayu,
jauh hanya di mata,
tetapi dekat di hati,
mugi-mugi urang tiasa netepan.
5. Kalihna deui ti eta,
juragan pameget-istri,
ginanjar kawilujengan,
adoh bala parek rijki,
lir tangkal kai jadi,
mulus tangkal hejo daun,
ngarangkadak nya dahan,
leubeut buah kitu deui,
pangauban kadang-warga sadayana.
[ 30 ]
  1. Sakitu paneda mitra,
    mugi jagan ulah lali,
    hapunten anu diteda,
    kalepatan kadang-wargi,
    sadaya teu diwincik,
    ageung alit sing karagum,
    sareng hatur lumayan,
    tina kagegelan ati,
    mangga ieu tawis soca ti sadaya.

M. Sumarja dina enggoning nganuhunkeun teh, sasauranana meh teu bisa laju, tina kagagas bade paturay, cisocana mani murubut.

Dina pu Ahad pukul 7 isuk-isuk, geus jung M. Sumarja ngalih sakalian bae jeung istrina, dijajapkeun ku mertuana istri-pameget.

Kacaritakeun sanggeusna. M. Sumarja tetep-tumetep di Banjar, najan tadina ngarasa teu betah oge dumeh kacida ngarumasna, urut hirup di kota, nu ngeunah hawana, ayeuna aya di nu sakitu panasna, tapi bubuhan awewe lalaki jalma pikaresepeun, teu kurang-kurang sobat anu ngabeberah sangkan betah.

Dina aya hari besar, sok aramengan ka Pangandaran jeung mitra-mitrana, malah Nyi Mas Iting oge sok milu, tina resep ningal Laut Kidul anu sakitu kamashurna.

M. Sumarja calik dina kikisik, neuteup ka laut bari ngahariring :

Asmarandana
  1. Kasmaran teuing nya pikir,
    kakara ningal sagara,
    estuning ku matak helok,
    waas pacampur jeung reuwas,
    ningal laut keur motah,
    lambakna pating jalegur,
    peupeus maluncrat ka darat.
  2. Sarah nu aya di cai,
    gawena angkleung-angkleungan,
    estuning dialung boyong,
    ti sisi lumpat ka tengah,
    di bawa lambak mulang,
[ 31 ]
ti tengah deui-dialung,
bangun embung kaancikan.

3. Tapi pangeusi jaladri,
semuna taya kagila,
jiga anu olo-olo,
kadukang ngajak silanglang,
ba kayakas ngajak balap,
hiu anu ngajak tarung,
ngan buntal nu samar polah.

4. Cangkang susuh di basisir,
lir wayang geus kana kotak,
kapegat pondok lalakon,
ngan umang anu mulungan,
genah dipake imah,
ana nyaba disusuhun.
tara pisah jeung imahna.

5. Karang di sisi ngadingding,
semu taya kahariwang,
jongjon teu beunang direwong,
nu dempak ngajadi burang,
seukeut boga pakarang,
sanajan kapal kalebuh,
mun neumbang tangtuna tiwas.

6. Tangkal kai anu jadi,
di sisi cenghar halegar,
ka sang karang milu nempel,
manumpang nurut bebetah,
conggah jadi baraya,
gugupay ka nu di gunung,
semu hayang dibaturan.

 M Sumarja jongjon ngalamun kadalon-dalon, tina rusras waas asa dina mpian.
 Ari Nyi Mas Iting tonggoy mulungan cangkang kewuk laleutik, dikumpulkeun dikantongan, candakeun mulih ka bumi.
 Sajaba ti aramengan ka laut, dina pu Ahad atawa hari besar sok aramengan ka kebon atawa ka sawah ngaradon tuang, nyarandak rantang.

[ 32 ]

 Ningal pasawahan oge M. Sumarja teu kurang-kurang nya kawaasan, sawah iplik-aplak lir sagara, keur lega tanahna rata.
 Bari ngariuhan ngaso di handapeun kai, angin ngahiliwir ngirim tiis, nyirnakeun anu hareudeung, hariring Mas Sumarja tembang pupuh :


Magatru.

1. Aduh-aduh kakara manggih saumur,
mana rea-rea teuing,
duka puluh, duka ratus,
mun ditetek hiji-hiji,
dibilang teu weleh kerok.

2. Tengah sawah parentul lir batu luhur,
sihoreng saung laleutik,
uyuhan teuing nu gaduh,
saungna henteu pahili,
da kabeh potongan ranggon.

3. Malah-malah carek catur anu wadul,
lulucon ki juru tani,
saha anu bisa ngitung,
milang saung hiji-hiji,
buruhna munding jajalon.


 Ngan hanjakal M. Sumarja ayana di Banjar, henteu tuluy tumuluy senangna, lantaran mindeng geringan. Komo deui Nyi Mas Iting mah tiktikbrek pisan. Malah dina sakali mangsa mah Nyi Mas Iting kacida ripuhna katarajang muriang-panas, nya nepi ka titirah ka Garut, di ibu-ramana.
 Kanalangsaan M. Sumarja geus taya papadana bae, tina pisah jeung anu dipake katineung, tur kasakitna parna matak hariwang, nepi ka kurang dahar kurang sare.
 Dina hiji peuting waktu geus jempling, ngan ukur sora cihcir dina tangkal kai, Mas Sumarja gedebag-gedebug teu daek sare, jaba ti emut ka nu titirah teh, ngadadak emut ka sepuh, ka ibu-rama.
 Demi mimitina kieu: Dina waktu arek pindah ka Banjar, nampa surat ti uana (H. Karim) tea, ngabejakeun dina pananggalan baris

[ 33 ]

nganjang ka Garut. Ku lantaran harita geus nampa bisluit pindah ka Banjar, nya gancang dibejaan.
 Eta surat ku M. Sumarja teu weleh diemut-emut dibulak-balik, "Bareto aing keur leutik, ua sama sakali tara umaku, sumawonna ka aing, cacakan ka bapa aing oge, saderekna, sakitu teu malirena. Geuning ari bapa kadatangan bubuh ripuh, nepi ka sok menta tulung ka batur, sakitu boga dulur cukup teh. Wuri-wuri aing ayeuna geus aya pangala, make mapay-mapay ngaku anak, singhoreng ari dunya........"
 Ngeng! M. Sumarja katorekan sarta sada aya nu wawangsit; "Bener kitu, nya cara anjeun bae geuning, bareto mah keur leutik, ka ibu ka rama teh sakitu cumantelna, tapi ayeuna mah........"
 Mas Sumarja rurat-reret bari ebog, tapi taya naon-naon, da puguh eta mah hiji wangsit tina ati sanubari, anu nyingraykeun halimun kakaliruan dina kalbuna ku anjeun.
 Rumpuyuk manahna leuleus sarta nekadkeun dina ati; "Moal deui-deui milampah cara ka tukang-tukang, sok sumawonna ka bapa sorangan, najan ka nu lian oge moal nyapirakeun, ngahina-hina."
 Sapeuting eta dipake nyileuk teu kulem; "Hayang teuing Iting geura cageur, rek buru-buru diajak ka Sumedang, rek pertobat neda hampura ka bapa jeung ka ema."
 Kasubuhnakeun bisa ngalenyap sakeudeung, tapi kulisik nyaring deui tina emut ka impian. Ngimpi tepung jeung ibu-rama sarta bari ditangisan tina bawaning ku suka-sukur ka putra babalik pikir. Atuh Mas Sumarja oge dina sajero ngimpen teh, ngagukguk nangis kanyenyerian, handeueul ku lampah nu enggeus-enggeus.

{{loop<-- -->| 6<-- -->| — <-- -->}}

[ 34 ]

6. HARTI DIADU JEUNG HARTA

 Dina hiji poe kira-kira pukul 12, kacida panasna, hayam ngagunduk ngupuk di kolong, manuk jempling nyarumput di luhur kai anu iuh, barudak ngampih ka tepas, ngalungsar nahnay teu nangan.
 Nya kitu deui M. Sumarja harita ngabaheuhay bae calik di payun, ngagigirkeun gelas dieusi citeh tiis, anu ngan kari satengahna deui.
 Tapi parangina rada hegar, lantaran harita nampa surat ti mertuana, yen Nyi Mas Iting geus cageur ngan tacan jagjag pisan.
 Keur kitu jol Haji Karim, uana tea; kolot gandang resep midang, ahli beberesih wantu ti bubudak aya di Walanda.
 ”Euleuh ua! mangga calik, naha geuning teu sareng ibu?” cek Mas Sumarja.
 Haji Karim, ”Puguh ibu mah teu bisa ka dieu, keur meujeuhna ripuh, nungguan beunang ngaseuk (huma), unggal poe sok dikoreh bae ku tikukur, aya ngagalaksak.”
 M. Sumarja, ”Kareta tabuh sabaraha ua jengkar ti ditu?”
 Haji Karim, ”Nu pukul 8 ti Tanjungsari, nema kareta ti Bandung di Rancaekek.”
 Ka mana ari si Nyai, bet bangun nu teu aya, tariiseun teuing geuning?”
 M. Sumarja, ”Har ari ua, abdi teh teu kinten nuju prihatosna, reh pun bojo udur parantos 3 minggu, lajeng bae dianteurkeun wangsul, nuju tatamba di kolotna di Garut.”
 ”Naon kasakitna?” cek Haji Karim jiga anu milu susah, padahal ari dina pikirna mah, ”Lah, kabeneran aing indit-inditan teh, nyampak euweuh pamajikanana, jadi bisa cacarita sakamakama tur teu kudu salungkar-salingker neangan nu singkur.”
 M. Sumarja, ”Muriang panas. Dupi bapa sareng ema daramang?”
 H. Karim, ”Daramang, malah ua oge bebeja heula rek ka dieu teh, bari nganteurkeun pare 2 pikul keur pibekeleun ngahuma, da ku ua teh dikukuprak teu meunang nganggur, tanahna anu beunang meuli ti Pa Arsawi tea diserenkeun, malah geus dibere pibiniheunana sagala rupa.”
 M. Sumarja, ”Nuhun atuh, ari ku ua dipakihikeun mah, abdi teu melang teuing.”
 Haji Karim,”Ti bareto oge ua mah lain teu rek ngajeujeuhkeun ka dulur, ngan nu jadi dulur sok salah tarima ari ku ua dipapatahan teh
 M. Sumarja, ”Manawi tacan kaemuteun bae.” Tapi ari manahna mah kacida kagetna dumeh uana jadi bageut teh.

[ 35 ]

 Haji Karim, ”Kana kitu taksiran.”
 M. Sumarja, ”Itu tuangeun parantos sayagi.”
 Haji Karim, ”Haju jeung Ujang bae sakalian, geura itu ua mawa pais gurame beunang si Irah, ngahaja pikeun Ujang. Ka mana ari si Askani?”
 M. Sumarja, ”Di dapur panginten.”
 Haji Karim bari dahar teh alewoh bae nyaritakeun kakayaanana ditetek dijentre-jentre.
 Ari kana maksud anu saenya-enyana mah tacan wani nyaritakeun, sabab maksudna hayang ti peuting ngarah sirna.
 Sabada isa, Haji Karim geus prung deui nyarita jeung suana tapi harita mah rek ngamimitian nerangkeun maksudna tea.
 Kieu pokna, ”Ujang, saenya-enyana ua datang ka dieu teh, lain lantung tambuh laku, aya anu perlu pisan dibadamikeun jeung Ujang. Tapi Ujang sabisa-bisa masing sabar, ulah waka nyempad lamun aya nu teu panuju. Ke dagoan heula tutupna, sabab ieu perkara teh anu baris nyenangkeun ka Ujang.
 Ujang oge kapan geus nyaho, yen ua teu boga anak lian ti anak kukutan awewe hiji, tapi ari kanyaah mah geus asa ka anak pribadi bae. Kulantaran eta, jadi teu aya anu baris nuluykeun rajakaya ua; ari anu pantes, bisa nuluykeun euweuh deui lian ti Ujang.
 Jadi ti ayeuna ua teh masrahkeun: batok kohok, piring sasemplek katut Nyi Irah Ujang anu boga. Pek taruluykeun ku duaan, ua mah geus moal pipilueun.”
 M. Sumarja ngahuleng bae, bangun bingung pijawabeun. Ras emut ka Nyi Mas Iting anu sakitu bageurna jeung bumelana.
 Cek Haji Karim, ”Pikir-pikir bae ku Ujang heula, hanas ayeuna Ujang geus boga pamajikan, atuh da gampang lalaki mah, ....... ikhlaskeun bae, engke oge lamun geus rangkep jeung si Irah tangtu gancang lipur.”
 M. Sumarja, ”Tina kanyaah sareng kawelas ua ka abdi, di tampi kalayan kabingahan, carek Jawa tea mah kasuhun kalingga murda.
 Dupi pasal abdi kedah rangkep sareng Nyi Irah, ku abdi teu acan kaemut, jadi moal tiasa nampi, margi:
 1e. Abdi parantos gaduh bojo, jiga naon upami ku abdi ayeuna diserahkeun, turug-turug dina sajero udur, tada temen bae pinyerieunana.
 2e. Ku margi abdi parantos nganyenyeri anu teu tuah teu dosa, tangtos baris mendak kanyerian, malah ua oge baris kababawa, da ua nu jadi lantaran. Geus komo ari Nyi Irah mah.
 3e. Lajeng ayeuna upami dibalikkeun: Nyi Irah nuju udur, dise-

[ 36 ]diserahkeun ku salakina lantaran kagoda ku awewe sanes. Kumaha kinten-kintenna manah ua?”

 Haji Karim melengek sapadamayan, satadina barang ngadenge kecap alona: teu tiasa nampi kana rangkep jeung Nyi Irah, rek ambek, malah aya niat medal sila harita.

 Tapi barang ngadenge sababna kitu, colohok bae, ku teu kajudi ku ati baris meunang pijawabeun sarupa kitu, matak nyeleket kana hate, sumarambah kana bayah.

 Harita keneh hatena Haji Karim jadi leuleus sarta datang pikiran sieun meunang wawales, lamun alona dipaksa dikawinkeun ka Nyi Sutirah.

 Omongna, ”Satadina anu matak ua nyarita kitu teh, tina lebar ku banda lamun dituluykeun ku deungeun-deungeun.”

 M. Sumarja, ”Ari perkawis barang mah, ku margi ua teu kagungan putra, panginten ka saderek ragragna teh, ti saderek ragrag deui ka putra-putrana, sasat nya ka abdi keneh bae.”

 Haji Karim, ”Puguh tapi kawasna ari si Irah mah lapur, ngegel curuk teu dibarere naon-naon?”

 M. Sumarja, ”Beuki komo upami ayeuna Irah rangkep ka abdi kalawan pangreremo, tur di abdina parantos kakaitan, anu tangtos tea moal awet, nya kajadian:

 1e. Abdi sareng Nyi Irah moal tiasa rumaket midulur sapertos ka pungkur, era dumeh aya basa popotongan.

 2e. Ku margi kitu, sok terus mamawa kapuhu leungeun, nya pun bapa sareng ua buktina. Padahal awon pisan jalma gaduh musuh teh, sumawonna jeung dulur mah anu pigeusaneun paheuyeuk-heuyeuk leungeun.

 3e. Nyi Irah baris meunang kasusahan, lantaran tacan kantenan ua sareng ibu ibu oge teu aya pacengkadan.

 Ari ayeuna mah kumaha abdi bae Nyi Irah mah, abdi sanggem nguruskeun moal asa-asa deui, diangken dulur pet ku hinis.”

 Haji Karim hatena tambah leler tina tambah kaharti saomong-omong alona teh, pamuji dina atina, ”Teu nyana ieu budak teh geus koloteun boga panalar-panemu anu sampurna.”

 Geus kitu pok manehna ngomong, ”Kumaha maksud Ujang sanggeus ngurus si Irah teh?”

 M. Sumarja, ”Rada oge panjang dongengna teh.”

 H. Karim, ”Coba bae caritakeun sing tetela.”

 M. Sumarja, ”Puguh abdi teh nampi serat ti sobat abdi anu sapa-pait samamanis, teu beda jeung dulur bae, nyaritakeun aya pependakan anu surup sareng lelembutanana; ka abdi nyuhunkeun [ 37 ]timbangan rempug-henteuna. Ku abdi teu acan diwaleran, kantenan ari rempugna mah, kawantu eta awewe nu dipikahoyong teh, moal gagal pibageureun."

 Haji Karim, "Saha eta awewe nu dipikahayang teh?"
 M. Sumarja, "Nya eta nu mawi ku abdi teu acan diwaleran oge bingung, tina margi awewe nu dipikahoyong teh, dulur abdi sorangan, nya Irah buktina; satadina samemeh ngawaleran ka ditu teh, bade nyeratan ka ua heula, ayeuna ua kabujeng sumping ka dieu atuh nya nuhun."
 Haji Karim, "Naha atuh Ujang teu nyarita ti tadi?"
 M. Sumarja, "Maksad mah hoyong nyarios ti tadi oge, mung kapiheulaam manten ku ua, margi ari siang mah waktos ua nembean sumping, asa kirang salse."
 Haji Karim, "Naha saha sobat Ujang teh?"
 M. Sumarja, "Tangtos ua oge parantos uninga, margi parantos calik ka ua sareng kang Kopral."
 Haji Karim, "Enya, inget. Lain Den Jurutulis eta teh?"
 M. Sumarja, "Sumuhun."
 Haji Karim, "Geuning nyobat jeung Ujang; waktu di mana?"
 M. Sumarja, "Waktos di Garut, margi anjeunna teh urang Garut."
 Haji Karim, "Naha geus kagungan garwa atawa teu acan?"
 M. Sumarja, "Parantos, sakali."
 Haji Karim, "Ari cara ua mah, kumaha Ujang bae, lamun ku Ujang geus katimbang baris piluluseun cumaritana, teu aya halangan naon-naon; rek neangan anu sakumaha deui."
 M. Sumarja, "Kantenan abdi mah panuju pisan, tina parantos terang kaayaanana, anu tangtos tea baris lulusna teh."
 Haji Karim, "Nuhun atuh! Ayeuna ku lantaran sagala geus beres, sasat nya Ujang anu mereskeun, ua rek sare geus tunduh."


[ 38 ]

7. PANUTUP

 Panonpoe tunggang gunung, langit lenglang taya pihujaneun, barudak eak-eakan maen galah di buruan.

 Den Jurutulis Camat Tanjungkerta harita keur calik di payun kadua Bapa Lebe pareman, anu ku anjeunna dipirama, dipisepuh, keur gunem catur bari ningalikeun barudak ulin.

 Den Jurutulis Camat geus lila dududaanana, tina teu acan aya nu cocog jeung manahna, inggis cara ka tukang-tukang pinanggih jeung kateu-lulusan.

 Ayeuna anjeunna aya jorojoy mikapalay ka Nyi Sutirah, anak Haji Karim tea, tapi teu gurunggusuh, dimanah dibulak-balik. Sanggeus gilig manahna, tuluy nyaur bapa Lebe pareman, bade barempag perkawis nanyaan.

 Saurna, ”Eta kinten-kintenanna bapa Lebe, baris pihasileun?”

 Bapa Lebe, ”Ku emutan bapa mah asa piraku kana teu hasil teh, margi sepuhna mah parantos katoong pilonggareunana, mung kantun kumaha jinisna bae, manawi.”

 Jurutulis Camat, ”Dupi jinisna mah parantos nyebat teu aya pambengan.”

 Dina lebah anjeunna nyebat teu aya pambengan, teu kira-kira kagetna dumeh ti dapur aya nu ngalelewe; teu aya pambengan, sorana terang pisan.

 Gancang anjeunna lumpat ka dapur, ana beh teh ........ hariweus-weus.

 Pribumi, ”Naha ieu abdi teh ngimpi kitu?”

 Tamu, ”Manawi.”

 Pribumi, ”Eta bae ku teu aya wartos ti tadina aceuk bade sumping. Lah! waas ceuk, abdi mah asa di Garut ari tepang jeung aceuk teh. Eh ketah, ayeuna aceuk teh sanes jadi urang Banjar?”

 Tamu, ”Yaktos aceuk oge waas, tepang jeung ayi teh.”

 Pribumi, ”Di mana ari engkang ceuk?”

 Tamu, ”'Di ua Haji, di Cipicung.”

 Pribumi, ”'Baruk di Cipicung! Na iraha aceuk sumping teh?”

 Tamu, ”'Kamari aceuk dongkap tea mah ka Sukamantri, tapi geus burit, teu​​​ aya waktu pikeun nyimpang heula, nu matak ayeuna ngahaja ka dieu. Maksad mah hoyong nungkulan anu rendengan.”

 Pribumi, ”Ah, ulah waka geruh ceuk bisi ........ teu jadi.”

 Tamu, ”Ulah hamham, keun bae ayeuna ku aceuk ditampi.”

 Pribumi, ”Baku aceuk mah ana geus ngaheureuyan batur teh.” [ 39 ] Bapa Lebe, "Itu geuning raka sumping!"

 Gancang Den Jurutulis Camat lumpat ka buruan mapagkeun, kek ngaleng pageuh pisan.

 M. Sumarja sasalaman jeung Bapa Lebe sarta silih bageakeun. Barina sosonoan prung deui badami neruskeun nu tadi tea.

 Gancangna beres bae, kawantu itu purun ieu daek, sepuh mah ngan sambung du'a, teu aya halangan harunganana.

 Heuleut 10 poe ti harita, M. Sumarja jeung Nyi Mas Iting marulih ka Banjar, dijajapkeun ku panganten istri-pameget.

 Haji Karim ka mantu ujug-ujug nyaah bae, tina mantuna kacida pikanyaaheunana.

 Kitu deui ka dulurna, ka Bapa Sukri, ayeuna mah malik asih, digetenan, dimemenan sarta diserenan sawah jeung kebon kalawan pimodaleunana.

 Jadi hirupna Bapa Sukri ayeuna mah senang, teu ripuh cara bareto, malah nepi ka bisa nyieun imah anu pantes.

 M. Sumarja ngumbarana di Banjar teu lila, lantaran sok geringannya tuluy dipindahkeun ka T. sarta hirupna tuluy tumuluy pinanggih jeung kasenangan.


TAMAT


39