Rasiah Geulang Rantay/Kiai Sungkawa
II. KIAI SUNGKAWA
Poe Minggu hareupna, pasosore pukul opat panceg, reg aya motor eureun di hareupeun gedong anu kasebut di luhur.
Si Abdul, bujang, anu harita keur sasapu di buruan, digupayan ku nonoman anu diuk dina gandengan. Nu digupayan lumpat ka lawang, bray mukakeun panto lawang pakarangan. Geleser motor teh diasupkeun ka buruan, dipengkolkeun ka beulah kenca, ka hareupeun papilyun.
Jut dua nonoman teh tarurun. Si Abdul anu kakara gap nyekel deui sapu, digupayan ku nu saurang. Gura-giru manehna nyampeurkeun. "Bade naon ?" omongna.
"Juragan aya Dul ?"
"Aya, nuju karulem."
"Ari Enden Komariah ?"
"Tadi mah di dapur nuju popolah."
"Man, hayu urang nepungan Komariah heula," cek nu saurang ka baturna.
"Cig bae ah, dewek mah rek beberes heula," tembalna bari ngaleos ka jero.
Enden Komariah jeung bi Aminah ngaralieuk, lantaran aya nu mukakeun panto dapur.
"Aeh, geuning engkang," cek nu di dapur bari nunda peso meja anu keur dipake mesekan kumeli, tuluy nyampeurkeun ka nu anyar datang. "Di mana ari Maman ?"
"Di ditu."
"Nembe sumping ieu teh ?"
"Enya, ........ acan ka imah-imah acan."
"Kumaha sepuh-sepuh di Tasik daramang ?"
"Damang, ngan Titi rada gering waktu ditinggalkeun teh.
"Naha ari Maman teu buru-buru ka dieu, teu sonoeun kitu ka abdi ?"
"Rek beberes heula cenah. Ari itu saha, siga lain bi Sarti ?"
"Koki anyar." [ 24 ]"Ari bi Sarti ka mana ?"
"Wangsul."
"Beu, palangsiang tumamu dahar beunang popolah koki anyar mah," Ngomongna ku basa Walanda.
"Cobi bae engke raosan kekenginganana popolah, boa kenging ieu mah langkung raos ti batan kaolahan kenging bi Sarti."
"Hayu atuh urang ka Maman."
"Bi, pek we teruskeun nya !"
"Mangga," tembalna.
"Ari ibu jeung apa arangkat ka mana?"
"Karulem keneh," tembalna bari nutupkeun panto dapur.
"Teu nyandak nu aneh-aneh, engkang ?"
"Puguh we."
"Naon ?"
"Engkang"
"Ih, engkang mah teu aneh teu sing."
"Kitu ?"
"Sumuhun," tembalna bari imut ngagelenyu.
Barang narepi ka papilyun, kasampak Maman keur ngabaheuhay dina korsi males.
"Cageur Man?" cek Enden Komariah.
"Pangesto," tembalna bari cengkat. "Kumaha ceuceu damang ?”
"Cageur."
Gek eta tilu nonoman dariuk dina korsi, ngariung. Sukardi nyelang heula ka jero nyokot dompet (damestas) model panganyarna meunang ngahaja meuli keur ngirim raina.
"Ari Maman mangmeulikeun naon ka ceuceu?"
"Teu meser naon-naon, tembalna bari tungkul semu era, lantaran dipencrong bae ku Enden Komariah.
"Aeh etaeun, engkang mah boga deui nu model geura, beu- beunangan waktu pakansi," cek Sukardi bari jung deui ka jero.
Sabot Sukardi di jero, Enden Komariah nanya kieu ka Maman; "Man, ari Maman ngewa ka ceuceu ?"
"Ngewa?" Maman cengkat bari neuteup ka Enden Komariah. "Naha ari ceuceu nganggo mariksa kitu ?" [ 25 ]"Lain goreng sangka, ngan eta bae nenjo budi Maman, lamun nyarita jeung ceuceu sok beda."
Maman teu kungsi ngawangsul lantaran Sukardi kaburu datang, cek ingetanana, kurang hade, bisi kapapanjangan.
"Naon eta teh engkang ?"
"Album," jawaban. "Geura ilikan beubeunangan engkang jeung Maman waktu pakansi."
Eta album dibukaan ku Enden Komariah, unggal potret diilikan taya nu kalarung. Lebah potret hiji lalaki anu make kerepus buludru hideung, jas bukaan kulit kayu, kamejana disamlehkeun, disamping palekat ........... Enden Komariah rada lila ngilikanana. Di handapna aya tulisan meunang Sukardi anu unina "H. Sungkawa kiai modern".
"Kiai ieu teh engkang ?"
"Enya, ......... kiai modern."
"Di mana lemburna ?"
"Deukeut imah engkang."
"Naon margina anu mawi disebat kiai modern ?"
"Enya, ku sabab modern."
"Terang abdi oge ari hartosna kecap modern mah, mung abdi mah naroskeun soteh hayang terang, naon nu dianggo alesan ku engkang, kangge ngabentenkeun kiai anu modern sareng anu henteu modern? Naha sapedah ieu henteu nganggo sorban ?"
"Lain lantaran kitu, tapi ku elmuna pohara jerona, saperkara. Kadua perkara, makena elmu oge beda jeung kiai-kiai nu sejen."
Enden Komariah imut.
"Naha make seuri ?" ceuk Sukardi.
"Eta we teu kahartos," tembalna bari mencrong ka Sukardi. "Bieu saur engkang ku margi jero elmuna; naha engkang iasa ngukur pinter-bodona hiji kiai, sedeng engkang ku anjeun teu uninga atanapi teu patos uninga kana bagbagan agama, ku margi urang mah teu kenging pangajaran tina perkawis eta ? Nanging punten, sanes abdi ngahina ka engkang ; eta saperkawis. Kalih perkawis, tadi saur engkang benten nganggona elmu sareng nu sanes. Leresan eta kangge abdi mah anu bodo, baliwet. Kapan agama Islam teh mung hiji. Wet Islam di mana-mana oge sami, nya [ 26 ]eta nganggo angger-anggeran Kuran sareng hadis. Jadi upami wetna sami, kantenan nganggona oge moal benten, Yaktos?"
"Ah, bet papanjangan," tembalna bari seuri, "atuh engkang mah teu timu dibawa ngobrol perkara agama mah. Engke we ka Kiai Sungkawa, da rek ka dieu saurna.'
"Sanes bade ngajak sawala tina perkawis agama abdi mah, mung bayang terang eta tea bae .......... naon margina anu mawi ku engkang disebat kiai modern?"
"Pinter ari lantaranana mah, lain pinter tina perkara agama bae, tapi tina rupa-rupa elmu nu sejen oge. Kapan ari karereaanana kiai mah pinterna teh ngan wungkul tina bagbagan agama bae.
Ieu mah sagala nyaho. Malah engkang ngarasa, yen kanyaho-umumna leuwih rea ti batan engkang, anu geus sakola pertengahan."
"Kitu ? Jadi eta margina anu mawi ku engkang disebat kiai modern teh ?"
"Enya," tembalna, "malah engkang jeung Maman kungsi kawiwirangan .........."
"Kumaha kitu ?"
"Waktu engkang, Maman, mama jeung rerencangan mama ngaos ngariung di bumina, engkang ngomong ke Maman ku basa Inggris, nu dipalar supaya teu kahartieun ku Kiai Sungkawa tea. Na ari derengdeng teh nembrong ka engkang ku basa Inggris anu pohara lancarna. Hadena bae harita engkang henteu keur ngomongkeun goreng."
"Kumaha basa Walanda, iasaeun ?"
"Komo deui atuh basa Walanda mah, basa Frans, basa Duits, cindekna nu kaasup kana "moderne talen" mah anjeunna iasaeun."
"Di mana cenah diajarna ?"
Teu kaburu dijawab, lantaran kaganggu ku si Abdul. "Rek naon Dul?" cek Enden Komariah.
"Diantos tuang .........."
"Mangga atuh, ke urang teraskeun deui ngobrol mah," cek Enden Komariah bari jeung nangtung. [ 27 ]III. TEPUNG RASA
Pukul satengah 2 Maman datang ti pagawean. Barang kabireungeuh ku Enden Komariah Maman datangna ngan sorangan, tuluy bae dituturkeun ka papilyun.
"Man, ari kang Sukardi terus ka mana ?" Enden Komariah nyaritana ka Maman sakapeung kasar sakapeung lemes.
"Saurna mah bade ka Ciparay."
"Sareng saha?"
"Sareng Sujana."
"Bade naon cenah ?"
"Duka," tembalna bari tuluy ka pangkeng rek disalin. Teu kungsi lila geus kaluar deui, make piama. Gek manehna diuk pahareup-hareup jeung Enden Komariah. Meunang sajongjongan mah paheneng-heneng bae eta dua nonoman teh, komo ari Maman mah budak anu tara pati ngomong, pahareup-hareup jeung istri anu teu pati conggah, ayu oge picaritaeun, kacida beuratna rek ngedalkeun teh. Da enya oge geus lila matuhna di dinya teh, tapi weleh bae teu wanieun miconggah, kawasna bae tina ngarumasakeun maneh, sok inggis aya nu nyebut mapadani. Jadi sanajan Enden Komariah kacida miconggahna oge, ari manenna mah terep bae ngajenan.
"Hayu, atuh Man, urang tuang heula," cek Enden Komariah bari jung nangtung.
"Mangga wae ti payun," tembal Maman.
Enden Komariah mencrong ka Maman mani teu ngiceup-ngiceup. Barang Maman tungkul lantaran dipencrong bae, leos bae Enden Komariah indit sorangan. Maman ngahuleng, teu lila jung nangtung nuturkeun Enden Komariah ka kamar dahar. Kasampak Enden Komariah keur ngahuleng bae nyanghareupan ambengan. Barang Maman geus datang kakara ngamimitian dahar.
Si Abdul nyiuk sangu rek ngeusian alas rek ngeusian alas Sukardi, tapi dicarek ku Enden Komariah: "Keun bae Dul, can sumping Gan Sukardi mah."
Biasana mah upama keur aya Sukardi, geus biasa dalaharna teh sok bari ngawarangkong, tapi harita mah pahuleng-huleng