Rasiah Geulang Rantay/Paturay
VIII. PATURAY
Obrolan Neng Kurnia tina perkara laki-rabi, nyerep pisan kana sanubari Enden Komariah. Dipikir dibulak-balik, dibeuweung diutahkeun, ditimbang bari dirarasakeun, bet rea benerna omongan Neng Kurnia teh.
”Maman sakitu kaayaanana," cek Enden Komariah dina jero hatena, "lamun aing ngayunkeun pangajak hate anu didadasaran ku kacintaan, hartina upama aing ngarangkep ka Maman, tangtu bae sarua jeung rek nyangsara maneh. Ana kitu, atuh mending ka Kang Sukardi, hanas eta teu pati bogoh, sugan bae medalna duriat teh engke dimana geus babarengan hirup. Lamun medal. kumaha mun angger bae, moal boa hate aing bakal rajet salalawasna. Ah, naon gunana hirup henteu jeung kacintaan! Hanas eta Maman gajihna saeutik, atuh ihtiar deui bae babarengan jeung aing, piraku sugan nepi ka paeh langlayeuseun, dapon aya kadaek. Jeung ongkoh jelema hirup teh dibarengan ku milikna.
Bungah temen mun aing bisa hirup babarengan jeung Maman. Leuwih hade ti ayeuna bae ku aing dibadamian sina neangan pagawean anu rada gede hasilna. Tapi di mana dibadamianana? Ti beurang tangtu teu bisa jeung di mana tempatna, da Sukardi tara jauh ti manehna. Ku surat, moal bener, da kudu dibadamikeun. Ah, rek disuratan bae, supaya engke peuting, pukul hiji, Maman datang ka kamar aing.”
Sanggeus gilig hatena, gutrut bae nulis, kieu ungelna :
Man, engke peuting, pukul hiji, didagoan di kamar, aya badamikeuneun anu kacida pentingna.
Jalan kana jandela.
Ulah salah nya !
Sono ceuceu,
Komariah.
[ 59 ]Sanggeus tamat nulisna tuluy ka tukang, nyampeurkeun si Abdul anu keur ngored di kebon.
"Dul, coba itu pangnyusukkeun heula kamalir, sina nyedot caina."
Si Abdul teu talangke deui, tuluy bae manggul pacul ka tukangeun dapur. Ari Enden Komariah ka juru kebon tukangeun papilyun. Sanggeus metik kekembangan keur ngeusian vaas, leos ka hareup. Di hareupeun. papilyun amprok jeung Sukardi keur luntang-lantung.
"Ka mana ari Maman ?" cek Enden Komariah.
"Aya di jero, hees meureun."
"Engkang teu angkat-angkatan ?"
"Henteu. Ari Enden ka mana teu tembong-tembong?"
"Ka pasar sareng bi Aminah."
"Na teu ngajak-ngajak ?"
"Ka pasar-pasar bae kedah aleut-aleutan."
"Hayu atuh urang ka Maman."
"Tuluy ka papilyun, gek dariuk dina korsi.
"Man, Man!" Enden Komariah nyalukan Maman. "Ka dieu geura, boga pibejaeun !"
Teu kungsi lila Maman ka luar, gek diuk dina korsi males.
"Di dieu yeuh diukna !"
Maman pindah kana korsi.
"Bade naon ?" cek Maman.
"Ah henteu, di dieu wae urang ngobrol," tembal Enden Komariah.
Eta tilu sobat, saperti biasa bae ari ngobrol teh sok poho kana naon-naon. Ari nu diwangkongkeun mah rupa-rupa bae, babakuna tina bab hirup kumbuh. Mindeng pabentar paham nepi ka sok patorong-torong, tapi tara ari kateterusan mah.
"Kang, sayagi film ?" cek Enden Komariah ka Sukardi, teu perlu-perlu ge dipotret nanyakeun film, padahal ari maksudna mah ambeh Sukardi ka jero heula sakeudeung, lantaran aya picaritaeun ka Maman.
Teu talangke deui, gancang bae Sukardi ka jero, Sabot di [ 60 ]Jero, Enden Komariah ngomong kieu ka Maman: "Cokot dina tangkal eros nu di juru kebon beulah kidul, dina dahan nu condong ka luar."
"Naon?"
"Teangan wae."
Teu lila Sukardi geus kurunyung deui.
"Rek motret naon?" omongna.
"Nambut wae sadinten enjing."
"Pek wae ari rek dipake mah najan unggal poe ge."
Ari geus hasil maksudna mah Enden Komariah pamitna, rek ka cai, cenah.
Hatena tingseredet, palaur pacampur ketir, barang Maman entas maca surat anu diteundeun ku Enden Komariah dina tangkal eros tea.
Aya atoh aya sieun. Atohna lantaran asa dipikabogoh, sieunna, sok inggis goreng balukarna.
Dina peuting eta tangtu bae Maman teu bisaeun sare sakerejep, dihantem oge dipeureum-peureumkeun, weleh bae teu daekeun reup, da puguh keur teu puguh rarasaan, pikir tagiwur, hate tingseredet, dibarengan ku kabingung, bingung ngalaksanakeunana pamenta Enden Komariah tea.
Ingetanana mandeg mayong. Mimitina gilig hatena yen moal ditemonan, lantaran sieun goreng balukarna, anu tangtu tea bakal nimbulkeun katunggaraan ka manehanana sorangan. Tapi lila-lila mah eta putusan teh kaelehkeun ku perbawana kacintaan. "Karunya teuing mun teu ditemonan teh, meureun ayeuna keur ngadaweung bae ngadagoan aing," cek dina pikirna.
"Gugu, entong?"
Ret manehna kana sarigsig ranjang, bet kawas nu percaya kana panayogean, da make dibilangan: "Gugu, entong, gugu, entong, ................."
"Ninggang dina entong," cek dina pikirna. "Tapi lamun teu digugu teh meureun ceuceu Komariah bendu ka aing, boa nepi ka mitenahkeun, sangkan aing ditundung ti dieu. Jadi, kudu, kudu ditemonan, da kapan aing oge cinta ka manehna." [ 61 ]teh. Jeungna deui, na make sieun-sieun teuing, da meureun papaitna mah ditanggung ku duaan.”
Ret kana sarigsig ranjang anu ka pongpokna, teu cukup ku sakali da make dibilang deui: "Gugu, entong, gugu, entong, ............ ih, bet ninggang di entong deui bae ! Ah, meureun bae da aing ngamimitian milangna tina gugu heula, coba lamun tina entong mah meureun ninggang dina gugu.
"Ah teu puguh," omongan bari korejat hudang, gek diuk dina korsi. Ret kana buku anu ngaberes dina tempatna, bet hayoh deui bae dibilangan. Tina entong heula ayeuna, mah milanganana teh. Barang nepi kana buku nu panungtung, ninggang dina entong deui bae.
"Nista, maja, utama ! Mana nu kudu diturut ku aing ? Ah, bet kawas nu gelo aing teh, make menta timbangan kana buku sagala, nu lain-lain !”
Ret kana beker dina meja, geus pukul hiji kurang saparapat. Saparapat jam deui kana waktuna nemonan pangangkir buah hatena, tapi tacan meunang putusan, naha gugu atawa entong.
Keur huleng jentul kitu, bet ras bae manehna inget kana tulisan A l e x a n d e r P e t o f i, hiji bujangga bangsa Hongariye, anu kieu maksudna: ”Keur ngabelaan kacintaan mah, kuring moal sungkan ngawadalkeun nyawa !”
Maman gilig deui hatena, rek ditemonan bae cenah. Rap manehna make piama, kop nyokot sisir, meresan heula buukna nu kusut. Ngeunteung heula sakeudeung, ret kana beker, geus pukul hiji kurang lima menit.
"Bismillah !" Ngomongna kitu teh bari geret mukakeun panto, keteyep ka luar. Nyalingker ka pipir, mengkol ka kaler.
Di luar poek mongkleng buta rajin. Angin ngagelebug nyebrot kana beungeut Maman, kawas nu ngahalangan, soar tulus ngarempak larangan, da geus cilaka mah karasa ku sorangan !
Koreak kokoreakan, lir nu nyarek ulah wani-wanl ngalakukeun lampah mopoek, matak hanjakal temahna.
Maman ngarandeg heula di lebah kamar Sukardi. Ngalieuk heula ka tukang lantaran sada aya nu kokorosokan, nuturkeun. [ 62 ]Meureun rarasaanana bae eta mah, biasana ari jelema keur rea kasieun mah, kapan nenjo kalangkang sorangan oge sok lumpat.
Kebat maju deui lalaunan, hatena mimiti keder, henteu teteg cara keur waktu indit. Jeung make ngaderegdeg sagala ayeuna mah, tapi maksakeun maneh bae maju.
Wawanenna ngadak-ngadak lempes ; ari rek balik deui kapalang lengkah. Reg manehna eureun handapeun jandela, tapi teu buru-buru dibukakeun, lantaran sukuna nyorodcod, leungeunna ngadegdeg, angenna ratug. Leungeunna nu katuhu ditekenkeun kana lebah jajantungna, tapi, taya tulungna da kalah ka beuki tegtegan.
"Naon gara-garana ieu teh ?” cek dina jero hatena, “hate tingseredet, tuur nyorodcod, angen ratug. Rek kumaha ayeuna pikalakuaneun aing ari geus nepi ka dieu ? Moal enya ari teu tulus mah. Ari awak sakieu rampohpoyna ; boa moal kaduga mancal kana jandela.”
Kek leungeunna nu katuhu nyekel kana jandela. Barang rek dibuka, ...........gebray bae beungeutna aya nu ngabatrean, kerewek peupeuteuyannaa aya nu nyekel.
"Maman,” cek nu nyekelan teh, "nanaonan ieu teh ?"
Ku sarerea oge tangtu kama’lum kareuwas Maman harita. Awakna ngadak-ngadak leuleus taya tangan pangawasa, lir anu dipupul bayu. Upama henteu disangkeh ku Sukardi mah (nu ngabatrean te..) tangtu ngarumpuyuk.
Maman disangkeh ku Sukardi dibawa ka papilyun. Ku lantaran siga nu teu daya teu upaya pisan, tuluy bae dikedengkeun dina tempat tidurna.
Sukardi ngabedol korsi, dideukeutkeun kana ranjang, gek didiukan.
Meunang sajongjongan mah Maman ngalempreh bae henteu lemek henteu nyarek, beungeutna pias, kawas nu kabur pangacian.
Teu kungsi lila bray beunta, ret ngareret ka Sukardi, curucud bae cipanonna bijil, ngalembereh kana pipi. Ku sabab dipencrong bae ku Sukardi, Maman ngabalieur, beungeutna disusupkeun kana anggel. [ 63 ]”Maman,” cek Sukardi, ”teu sangka maneh teh bet ngabudi ucing. Sihoreng ari manusa, teu beunang ditenjo beungeutna, budi bae kawas santri, legeg kawas lebe, katenjona bae lungguh timpuh, ari pamolah teu beda ti lampah sato.
Rek naon bieu maneh teh Maman ?”
Maman teu ngajawab.
"Kalakuan maneh bieu teh Maman pohara gagabahna jeung pohara nistana ; talajak goreng anu taya hampuraeunana. Ari sababna, ku peta kitu-teh nembongkeun pisan, yen maneh teh hiji manusa anu teu bisa males budi ! Maneh sorangan tangtu ngarasa, yen maneh teh diurus ku mang Wadana Pansiun, anu mikanyaahna teu beda jeung ka putrana ku anjeun. Siga kumaha boa lamun maneh teu diurus ku mang Pansiun !
Kanyaahna ka silaing anu sakitu totomplokanana teh, naha ari ku silaing bet dibales ku kajahatan ?”
"Balem !” cek Maman, ”ieu urusan lain urusan silaing, tapi urusan dewek ! Silaing teu kudu pipilueun kana urusan batur.”
"Lain urusan dewek ? Cek saha ?” tembal Sukardi, "silaing kaliru Man, yen diri dewek jeung mang Pansiun teh teu bisa dipisahkeun. Silaing sorangan nyaho, yen dewek teh baraya ka mang Pansiun. Tangtu bae geus jadi kawajiban dewek, kudu ngajaga kahormatan pamili dewek tina gangguan manusa jahat saperti silaing !
Jeung piraku silaing teu ngarti, yen kalakuan silaing bieu teh jadi hiji panghina oge ka dewek !”
”Ulah dapon calangap silaing ngomong teh. Di," tembal Maman. ”Silaing nyebut jalma jahat ka dewek, heug sanajan rek nyarekan leuwih ti kitu oge, tapi silaing tangtu kaduhung, lamun geus nyaho yen dewek teu boga dosa !”
"Euweuh hesena memang oge ari ngangles mah, tapi kalakuan silaing bieu, jadi hiji bukti anu ku silaing teu beunang dipungkir. Silaing tangtu bisa mungkir lantaran euweuh saksi, tapi lamun nepi ka kajadian kitu, dewek sorangan anu bakal ngahukuman kana dosa silaing !”
"Dewek teu sieun dihukum, lamun bener-bener boga dosa, tapi sabalikna ........" [ 64 ]“Tembongkeun bukti-buktina, yen silaing teu boga dosa !” Sukardi nempas.
Maman boga ingetan rek nerangkeun tali-rasiahna antara manehna jeung Enden Komariah, malah surat ti Enden Komariah oge rek dibikeun. Tapi jol bae ingetan sejen, kieu : "Aing geus kabuktian pinanggih jeung bancang pakewuh, jadi lamun ku aing dibejakeun teh, bener aing bisa ngabela diri tamah, tapi eta teh ngandung harti Enden Komariah ku aing dikusrukkeun, sanajan aing percaya Enden Komariah moal sungkaneun nanggung papait kalakuanana sorangan.
Ah, leuwih hade ditanggung ku aing sorangan, sangkan Enden Komariah pinanggih jeung kasalametan.”
Tidinya pok Maman nembal kieu: "Pibalukareunana kalakuan dewek bieu memang gumantung ka silaing Di, da mang Pansiun mah tacan uningaeun. Jadi lamun ieu kajadian ku silaing ditutup nepi ka lebah dieu, tangtu meal papanjangan, sarta dewek rek jangji moal deui-deui milampah kalakuan anu sarupa kitu.”
"Ditutup ? Teu bisa jadi Man. Silaing kudu ngarti, dewek moal ngabela kajahatan. Kalakuan nu salah tetep salahna, sarta kudu meunang hukuman ! Komo deui ieu mah anu patali jeung kahormatan baraya dewek sorangan. Perkara hukumanana kalakuan silaing bieu, ku dewek rek dipasrahkeun ka mang Wadana Pansiun bae, lantaran dewek mah teu ngabogaan kakawasaan. Jadi, silaing ulah ngabogaan sangkaan, yen ieu lalakon ngan rek semet dieu bae, sabab ku dewek bakal ditepikeun ka mang Pansiun.”
"Di, ........ cek Maman, ngomongna dumareuda, ”na silaing teu karunya da dewek ? .......... Na silaing rek tega dewek, sobat silaing ?”
"Silaing salah harti Man. Ieu urusan lain urusan sobat, jadi, Looe sobat tinggal sobat, tapi ieu teh urusan silaing jeung pamili dewek ! Sing percaya, dewek henteu ngewa ka silaing, tapi dewek ngewa kana tabe’at silaing anu sakitu gorengna, anu rek dipake ngaruksak kahormatan baraya dewek ! [ 65 ]Sabisa-bisa dewek hayang ngabela kaadilan. Jadi, sobat tinggal sobat, tapi kasalahan silaing ku dewek moal diantep !”
Maman teu ngajawab, tuluy bae manehna nyuuh kana anggel bari sumegruk ceurik.
Jung Sukardi nangtung, leos ka luar.
Sanggeus Sukardi indit, Maman maksakeun maneh hudang, gek diuk dina korsi nyanghareupan meja, gutrut nulis, kieu ungelna :
Ceu,
Ceuceu, oge tangtos engke bakal uninga kana katunggaraan anu tumiba ka diri abdi. Kangge kasalametan urang duaan sanget panuhun abdi, supados ceuceu mah api-api teu uninga bae kana kajadian wengi teh. Jadi, tali rasiah urang mugi ku ceuceu dibunian, saha bae oge ulah aya nu terangeun.
Sakitu panuhun abdi.
Pangabaktos abdi nu prihatos,
Maman.
Sanggeus diamplopan, sup diasupkeun kana saku. Nepi ka subuh ngajentul bae dina korsi, cipanonna teu petot merebey bijil. Aya ingetan rek leumpang bae sakaparan-paran, tapi lila-lila mah gilig hatena, rek pasrah sumerah kana kadar bae.
Pukul 5 manehna ka luar, tuluy ka tukang luntang-lantung di kebon. Barang ret kana jandela kamar Enden Komariah, geus muka. Salingker manehna ka pipir, kolepat Enden Komariah katembong di kamar. Meneran pisan jandela, belewer surat teh dialungkeun. Kepluk murag kana meja pisan. Ret direret ku Enden Komariah gancang dicokot. Berewek amplopna disoehkeun, suratna tuluy dibaca.
Nepi ka sababaraha balikan eta surat dibacana, tapi weleh teu kahartieun naon maksudna, da puguh Enden Komariah mah teu nyahoeun kana kajadian peuting tadi teh.
"Naon ieu kajadian wengi teh ?” cek dina pikir Enden [ 66 ]Komariah, ”da kapan euweuh kajadian naon-naon."
Beuki dipikiran kalah beuki teu kaharti: Kacida panasaraneunana, hayang geura nanyakeun ka Maman.
"Ah engke bae ari geus salse rek ditanyakeun,” cek dina ingetanana, ”jeung ongkoh kang Mamanna ge ayeuna mah angkat ka kantor.”
Sabada sasarap, Enden Komariah unjukan ka ibuna, rek nganjang ka sobatna di Cimahi.
Poe eta Maman teu ka kantor, lantaran pohara ngarasa lungsena, sirah rarieut, lalanjung teu puguh rarasaan. Nya kitu deui Sukardi henteu digawe; pukul 8 manehna dangdan tuluy ngadeuheus ka juragan Wadana Pansiun.
"Naha geuning teu ka kantor Cep ?” cek juragan Pansiun istri, “pere ?”
”Henteu,” tembalna.
Sukardi nyelang heula nelepon ka dununganana di kantor, nyaritakeun teu bisa digawe lantaran aya hal nu penting.
“Aya perlu naon ?” cek juragan Pansiun.
Kalawan tatag, derekdek Sukardi nyaritakeun pamanggihna peuting tadi tea.
Sajongjongan mah ibu-rama Enden Komariah tingharuleng bae teu lemek teu nyarek. Aya percaya aya henteu kana omongan Sukardi teh.
"Di mana ayeuna Maman ?” cek juragan Pansiun istri.
”Henteu ngantor ?”
”Henteu.”
“Lamun bener carita Cecep bieu,” cek juragan Pansiun, “tangtu pisan emang moal ngantep, hartina Maman ku emang baris ditibanan hukuman anu satimbang jeung dosana. Tapi tangtu bae Maman kudu didenge heula kateranganana. Kumaha Cecep sapuk upama ayeuna Maman dicelukan ka dieu ?”
”Mangga,” tembal Sukardi bangun ludeung.
Juragan Pansiun mencet bel sarta teu kungsi lila si Abdul datang.
”Agan Maman ka dieu kituh ceuk dewek, gancang ! [ 67 ] ”Angkat ka kantor.”
"Henteu !”
Si Abdul lumpat ka papilyun.
Teu lila Maman datang.
"Tah diuk di dinya dina korsi,” cek juragan Pansiun.
Gek Maman diuk, pasemonna mesum sarta tungkul teu daekeun nembongkeun beungeut. Atuh ku kitu ge ujug-ujug kanyahoan bae, yen manehna boga dosa.
“Kieu nu matak dicalukan teh,” cek juragan Pansiun, ”emang teh kabejaan ku Sukardi, nya eta tina perkara kalakuan maneh peuting tadi. Mimitina mah emang teh teu percaya kana carita Sukardi, tapi ana dipikir, asa piraku gelo Sukardi make jijieunan.
Kacida reuwasna emang jeung embi ngadenge carita Sukardi teh, lantaran meh teu kaharti ku akal, maneh, anu ketenjona ku emang pohara bageurna, bisa atawa kaduga ngalakukeun hiji kalakuan anu sakitu hinana.
Lamun ninggang ka jelema sejen onaman maneh milampah kitu teh, ku emang moal dipake pikir, tapi ieu mah bet ka diri emang sorangan, nyieun peta anu sakitu gorengna.
Coba ayeuna emang rek nanya, kumaha sababna anu matak maneh wani-wani ngalakukeun kalakuan anu sakitu hinana ? Tadi emang meunang katerangan ti Sukardi, ayeuna hayang ngadengekeun pangakuan maneh sorangan.”
Maman tungkul bae teu ngajawab, ku tina bingung pipokeun. Memang kacida gampangna, upama manehna rek ngabela dirina, tapi tangtu papaitna bakal tumiba oge ka Enden Komariah. Manehna moal tega upama nenjo Enden Komariah anu ku manehna dipicinta, pinanggih jeung katunggaraan.
"Jadi ku lantaran maneh henteu ngabantah kana omongan Sukardi, hartina maneh narima kana kasalahan maneh.......... "
”Maman,” juragan Pansiun istri megat kalimah rakana, ”na maneh teh nepi ka kitu ? Teu sangka, kacida teu sangkana teh, di lebah maneh nepi ka wani milampah kalakuan anu sakitu gorengna ! Euweuh, euweuh shampuraeunana eta dosa maneh teh ! Teu nyana, bet nincak hulu maneh ka aing teh ! [ 68 ]Jeung naha maneh teh teu boga rasa rumasa teuing, sakitu ku aing diurus hakan diurus pake, disakolakeun nanaon, anu ongkosna henteu saeutik, nepi ka meh kawalahan ngongkosan maneh teh ! Henteu, aing teh henteu hayang dibales ku maneh, entong kitu bae atuh, bet nu asih dipulang sengit ! Teu beunang dipikanyaah maneh mah. Cing atuh ari Rahayang teh sing bisa mihapekeun maneh, da kapan maneh teh geus teu boga indung bapa ............."
"Geus bae entong papanjangan,” cek rakana. Kieu bae ayeuna mah Maman : Eta mah da bongan maneh sorangan, teu beunang dipikanyaah, ti poe ieu pisan, jam ieu pisan, mapeh kudu indit ti dieu, dewek geus teu hayang kacicingan ku maneh. Jig bae leumpang da tamaha sorangan. Sakitu oge ditimbang keneh maneh teh, da upama didakwakeun mah ka pangadilan, bisa jadi maneh dihukum.”
Maman nyurucud cipanonna. Eta hukuman karasana ku Maman pohara beuratna. Teu meunang ampun deui manehna kapaksa kudu ingkah, paturay jeung Enden Komariah, buah hatena.
Tapi nya dalah dikumaha, da geus milik diri kadar awakna, anu teu beunang dirobah deui.
Bari inghak-inghakan, pok manehna ngomong kieu: ”Hukuman anu ditibankeun ka abdi, ku abdi ditampi pisan. Samemeh mios teu aya sanes mung nyanggakeun sewu-sewu bebendu, laksa-laksa duduka, mugi gamparan sakalih kersa ngahapunten kana samudaya kalelepatan jisim abdi ageng alit. Samalihna ti eta, ngahaturkeun pinten-pinten sembah nuhun, sarehna gamparan parantos luntur kalbu wening galih kersa mihawatos ka jisim abdi sakitu nya kalamian. Kantenan jisim abdi moal pitiasaeun males asih, mung mugi-mugi bae Gusti Nu Maha Suci males kana kasaean gamparan anu parantos tumiba ka jisim abdi tea.
Saperkawis deui anu perlu kapiunjuk, nya eta tina perkawis kalakuan jisim abdi wengi tadi tea. Yaktos jisim abdi teh bade lebet ka kamar Enden, namung jisim abdi teu rumaos ari bade maksad awon mah.” [ 69 ] ”Ari enggeus rek naon atuh ?”
Maman ngahuleng.
”Sarebu kali maneh nyebutkeun lain rek maksud jahat, tapi teu hayang mercaya. Naon perluna peuting-peuting asup ka kamar budak awewe, ari lain maksud goreng mah.”
”Geus bae entong loba teuing bacot,” cek juragan Pansiun istri, ”jor bae ka ditu geura mantog, aing geus teu hayang neuleu rupa sia, sebel !”
Jung Maman nangtung, Sanggeus pamitan leos manehna ka papilyun rek beberes. Papakeanana dikana-koperkeun, nya kitu deui buku-buku kabeh diberesan. Tapi ku lantaran beurat mawana, henteu tulus dibawa buku mah.
Leos Maman indit, ngajingjing koper. Leumpangna nuturkeun indung suku bae. Sajeroning leumpang teh cipanonna teu petot-petot merebey. [ 70 ]IX. GERING PIKIR
Urang tunda heula Maman anu keur lumaku, leumpang nuturkeun indung suku, kocapkeun Enden Komariah anu kakara jol, tas nganjang ti sobatna tea.
Ti jalan keneh geus sejen rarasaan, kawas rek pinanggih jeung kasedih.
Saperti sasari bae Enden Komariah tara buru-buru dahar, lantaran sok ngadagoan heula Maman jeung Sukardi.
Sanggeus disalin tuluy ka dapur nepungan bi Aminah, Kasampak nu di dapur keur nyekelan bangkarak Parahiangan.
”Keur naon bi?”
”Henteu, ieu keur ningalan gambar, ku sarae. Ku hayang bibi mah tiasa maca, hayang terang dongengna bae, rupina rarame nya Enden?”
”Puguh wae,” tembal Enden Komariah. ”Bener bi kudu aya kahayang, heg ke ku kuring dipagahan ari geus salse.”
”Geura ieu Enden, aya gambar istri geulis sagala rupi, rame rupina dongengna ge.”
”Lain ge dongeng, eta mah adpertensi.”
”Naon pertensi teh Enden ?”
”Adpertensi, panawaran Sundana mah.”
”Dupi ieu panawaran naon? Panwaran istri ?”
”Lain,” tembal Enden Komariah, ”nawarkeun wedak.”
”Ku hayang bibi mah tiasa maca.”
”Naha teu disakolakeun pisan ku kolot bibi ?”
”Bujeng-bujeng teuing Enden,” tembal bi Aminah. Sanes teu hayang, mung kumaha atuh, sanaos bibi merenyeng hayang sakola oge, da sepuh teu ngarujukan. Keur naon teuing make sakola nanaon, sanggemna teh, awewe mah asal bisa ngejo, nyambel oge geus cukup.”
Enden Komariah seuri.
Keur kitu jol si Abdul ka dapur, vari pok ngomong kieu: ”Enden diantos tuang .....”
”Geus sumping Gan Maman ?” cek Enden Komariah.