Rasiah Geulang Rasa/Dulungdungdeng
IV. DULUNGDUNGDENG
Ti harita Maman katembongna teu pati berag. Eukeur mah memang tara pati daek nyarita, katambah ayeuna mah jeung ngagugulung kabingung sagala. Da lalakon antara manehna jeung Enden Komariah teh pikeun manehna mah jadi nungtun kana nguluwut hate. Mindeng manehna ceurik balilihan tara pira ari lantaranana mah, sapedah eta sok nenjo Sukardi pohara guletna jeung Enden Komariah, sempal guyon gogonjakan kalawan pinuh ku kagumbiraan. Upama manehna nenjo Enden Komariah jeung Sukardi keur sarempal guyon kitu, sok buru-buru bae manehna mah numpi ka pangkeng ngadon ngumbar cipanon. Hatena ngarasa peurih asa digerihan ku hinis. Padahal teu kudu dipake nyeri, pantes sanajan leuwih ti kitu oge da jeung barayana. Ari ka manehanana, bener ari baraya tea mah, tapi geus kacida laerna.
Sakapeung osok oge ngupahan maneh, upama ngingetkeun yen manehna teh jelema hina tur taya kaboga. Jeung ongkoh lamun enya tea mah manehna cinta ka Enden Komariah, moal boa ngan ukur sasemet cita-cita jeung lalamunan bae, da puguh lain bangban lain pacing lain campaka kuduna.
Bener oge manehna teh anak jelema cukup, kolotna jelema anu diajenan ku babaturanana salembur, tapi ......... baheula, da ayeuna mah sanggeus indung-bapana teu aya di kieuna, sanggeus rajakayana ledis lantaran dipake ngalajur napsu ku bapana, Maman teh teu kurang-teu leuwih ti hiji jelema nunggul pinang, hiji jelema hina tur sangsara, buktina hirup oge numpang di batur. Manehna ngarasa kahutangan budi ku ibu-rama Enden Komariah anu ngurus ka manehna sarta mangngongkosankeun sakola ti sakola handap tug ka sakola pertengahan di Bandung, dijeujeuhkeun nepi ka boga gawe. Upama enya tea mah mikahayang ka Enden Komariah, manehna sorangan geus ngarasa teu pantes, geus ngarasa teu layak, da meureun kaasup kana basa teu nalipak maneh.
”Memang teu layak, kacida teu layakna teh aing micinta ka Enden Komariah,” cek dina pikirna, ”tapi naha atuh Enden [ 33 ]Komariah bet mere budi ka aing, kawas lain sawajarna.
Enya, tapi sanajan kitu oge kacida teu pantesna, kacida salahna, upama ku aing dilayanan, jeung ongkoh aing geus ngabogaan kayakinan yen aing teh lain babad ka Enden Komariah.” Kitu pikirna Maman, upama ingetanana keur sehat. Tapi eta ingetan nu sehat teh sok sakeudeung pisan timbulna, kalindih ku rasa anyar anu karasana beuki ngagolak dina sanubarina.
Kitu sababna anu matak Maman mindeng malaweung!
Mindeng manehna indit nyorangan ka tempat nu singkur, ngadon niiskeun pikir.
Dina hiji poe, meneran poe Minggu, Sukardi ngajakan ulin ka Maman, tapi Maman teu puruneun, basana teu ngarareunah awak. Enden Komariah oge anu ti kamarina geus nyanggupan, barang ngadenge yen Maman moal milu mah, tuluy bae dadaku aya halangan nu penting. Atuh kapaksa Sukardi indit sorangan, lantaran manehna geus jangji ka babaturanana di Bandung.
Barang Sukardi geus indit, rap Maman dangdan, leos ka buruan, leumpangna tungkul, pasemonna alum. Di lawang paamprok jeung Enden Komariah keur naleukeum kana pager tembok.
”Rek ka mana Man?” cek Enden Komariah bari nyampeurkeun.
”Henteu, bade ulin bae.”
”Ulin ka mana?”
”Bade ka apotik meser ubar. Mangga atuh ceu !”
”Kenging ceuceu ngiring?”
Maman teu ngajawab, jongjon bae leumpang, api-api teu ngadenge.
Teu puguh-puguh, nenjo nu keur leumpang teh, curucud bae cipanon Enden Komariah bijil, ngalembereh kana pipi. Leos bae anjeunna ka tukang, gok paamprok jeung si Abdul keur sasapu.
”Dul, ka mana ari Gan Maman?”
”Sanes ameng?”
”Ameng ka mana?”
”Sasauranana ka abdi mah bade ka Curug Jompong.”
”Ka mana Dul, ka Curug Jompong?” [ 34 ]"Sumuhun."
Enden Komariah henteu papanjangan mariksana, tuluy bae ka jero rek nepungan ibuna.
"Bu, abdi bade ka pasar sareng bi Aminah."
"Cig," tembal ibuna, aņu harita keur ngagutrut ngaput. Sanggeus dangdan leos Enden Komariah ka dapur, nepungan bi Aminah.
"Bi, rek ka pasar tea?"
"Sumuhun.
"Kuring milu nya ?"
"Mangga."
"Kana oplet nya bi, ambeh gancang."
"Ngiringan."
Enden Komariah megat oplet, clak tarumpak.
"Ka pasar," cek Enden Komariah ka supir. Barang datang ka lawang pasar, Enden Komariah ngomong kieu ka bi Aminah: "Bi, ka pasar bae sorangan nya, kuring aya perlu sejen. Upama geus balanja, dagoan bae di hareupeun warung Kadran. Ulah waka balik upama acan disampeur ku kuring mah, wayahna bae rada kesel sakeudeung mah nya bi?"
"Mangga," tembal bi Aminah bari jut turun, leos ka pasar.
"Ka Curug Jompong !" cek Enden Komariah ka supir.
Barang geus ngaliwat pasar Antri Kidul, Enden Komariah nitah ngagancangkeun opletna ka supir, Beleset oplet teh dilumpatkeun tarik pisan. Ngan sakeudeung geus nepi ka sasak Citarum, terus nanjak, mengkol ka katuhu, mengkol deui ngenca, jog bae anjog ka Curug Jompong.
"Tuh lebah jelema nu diuk dina kuta," cek Enden Komariah ka supir.
"Nu calik mayun ngaler Enden?"
"Enya."
Sidik pisan Maman keur ngadaweung bari nangkeup tuur. Reg oplet teh dieureunkeun tukangeun Maman pisan. Tapi Maman mah jongjon bae ngalamun.
Jut Enden Komariah turun, bari mere isarah ka supir nitah eureun di beh kulon. [ 35 ] Lalaunan pisan leumpangna. Enden Komariah nyampeurkeun ka Maman, gek diuk di gigireunana. Maman ngagebeg, jung nangtung, rarasaanana asa dina pangimpian, lantaran anu keur dicipta jeung dilamun teh geus aya di gigireunana.
"Ceu ........ ", ngan sakitu omongan Maman nu kedal.
"Na uleng teuing ngalamun teh ?" cek Enden Komariah bari imut ngagelenyu.
"Da sanes keur ngalamun."
"Ah, puguh enya ge!"
"Na henteu sareng kang Sukardi ?" ceuk Maman bari gek diuk deui.
Enden Komariah mencrong ka Maman, teu lila pok ngomong kieu: "Kapan Maman nyaho, kang Sukardi angkat ka Bandung." Ayeuna mah Enden Komariah nyaritana teh ku basa kasar, nu dipalar sangkan Maman leuwih miconggah.
"Na ceuceu teu ngiring ka Bandung ?"
"Meunang, ceuceu malik nanya ka Maman?"
"Kenging."
"Naon sababna nu matak Maman teu daek dipiluan ku ceuceu?"
"Sanes alim dipiluan, mung ........ bade naon ka dieu ge ?"
"Ari Maman rek naon ka dieu ?"
"Hayang terang bae abdi mah."
"Kapan mindeng ka dieu teh ?"
"Da teu daekeun bosen geuning ........"
"Ari babarengan jeung ceuceu mah bosen nya?" Maman teu ngajawab, anggur kop bae nyokot amplop nu ngagoler dina jukut.
"Naon eta Man?"
"Potret tea," tembalna bari dikaluarkeun ti jero amplop.
"Ku naon baseuh?"
"Ku ........ ku cipanon ........ "
Enden Komariah imut ngagelenyu.
"Ceu," ceuk Maman, "ari ceuceu bade ngersakeun naon ka dieu teh ?" [ 36 ]Enden Komariah gogodeg, bari pok ngawangsul kieu: "Maman, Maman, na nepi ka nanya kitu ka ceuceu?"
"Naros bae atuh ceu."
"Enya, tapi naon perluna Maman nanya kitu, ari lain rek ngahina atawa ngawiwirang mah ka ceuceu."
"Abdi ngahina ka ceuceu ? Eta ceuceu mah sok babarian bendu kitu, ditaros saleres-leres."
"Enya, tapi teu aya perluna Maman nanya kitu ka ceuceu, geuning ceuceu ge teu nanya ka Maman naon sababna nu matak Maman nyeungceurikan potret, dan ku ceuceu ge kajudi."
"Nuhun atuh ari parantos kama'lum mah."
"Naha pertanyaan Maman perlu keneh ku ceuceu dijawab ?"
"Ah, teu kedah."
"Tadi isuk-isuk Maman nyarita rek ka apotik, tapi buktina ka dieu. Naha geuning make ngabohong ka ceuceu?"
"Sasab ........ "
"Ku ceuceu rek dipiluan oge teu ngajawab-jawab acan. Naha era ulin babarengan jeung ceuceu ?"
"Sumuhun isin, isin anu medal tina karumaosan, rumaos jadi jalma hina tur teu aya kagaduh. Ceuceu langkung tingali, abdi teh jalma kasangsara, parantos teu gaduh indung teu gaduh bapa, teu gaduh baraya-baraya acan, hirup oge numpang di ceuceu. Jelema naon pingaraneunana upami abdi teu ngarumasakeun maneh atanapi teu nalipak maneh. Jadi ulah lepat ngaraos, sanes abdi alim sasarengan sareng ceuceu, nanging abdi ngaraos teu layak sasarengan sareng ceuceu teh ! Tah kitu margina mah."
"Jadi ........ jadi hartina ...... Maman teh ..........?" cek Enden Komariah bari tungkul.
"Teu ngartos ........"
Enden Komariah cengkat, tuluy neuteup ka Maman mani teu ngiceup-ngiceup.
"Sumuhun ceu, na kedah kumaha atuh abdi teh ? Sing hawatos bae atuh ka abdi.
"Enya, na kudu kumaha atuh ceuceu mikanyaah ka Maman, cing pok geura caritakeun. Sing percaya, ari nu sakira kadada [ 37 ]kaduga mah tangtu ku ceuceu dibelaan.”
"Kasaean ceuceu sareng ibu-rama kasuhun pisan, cek paripaos, beurat nyuhun beurat nanggung teh sayaktosna, dugi ka ngaraos sesah kumaha nya pimaleseun .......... "
"Ah, da lain ngahutangkeun."
"Nanging ka beh-dieunakeun ceuceu teh Sarupi anu bade nyilakakeun ka abdi .........."
"Kumaha? Nyilakakeun kumaha ?" tembal Enden Komariah, bengong." Laku ceuceu nu mana anu matak ngadatangkeun kacilakaan ka Maman ?"
"Sare’atna ceuceu teh mikanyaah ka abdi, nanging hakekatna bade nyilakakeun."
"Teu kaharti !" cek Enden Komariah bari gogodeg.
"Piraku ku ceuceu teu kaerong pibalukareunana, upami kalakuan urang kauninga ku ibu-rama ? Kapan teu mustahil abdi ditundung.ku rama sareng ku ibu. Dina kajadian kitu, naha henteu ngandung hartos ceuceu teh ngunclungkeun ka abdi ?”
"Ah, jauh teuing Maman mah lalamunan teh. Ayeuna ceuceu malik nanya: Naha upama Maman tega ka ceuceu, henteu ngandung harti Maman oge nyilakakeun ka ceuceu ?"
"Sumuhun anu mawi nyanggem kitu oge ku margi abdi hayang ngabelaan ka ceuceu, ku jalaran abdi hawatos ka ceuceu."
”Tapi Man, entong muter-muter omongan, ceuceu rek nanya pondok bae, naha Maman moal kaduhung ?
"Kaduhung kumaha ?”
"Kaduhung kumaha bae, boh ku margi ceuceu pinanggih sareng katunggaraan, boh Maman: sorangan pinanggih sareng kahanjakalan, hanjakal geus neungteuinganan ka ceuceu."
Maman ngahuleng, da puguh manehna ge pang sakitu teh lantaran kabungbulengan ku Enden Komariah.
"Kumaha Man?"
"Nya atuh ceu ....... urang kumaha behna bae, da puguh jalma mah ngan darma wawayangan.”
”Cing atuh pok Man ngomong ........" [ 38 ]Minangka jawabanana Maman nyodorkeun dua leungeunna, ditema ku Enden Komariah. Ketewek dicekel ku Maman bari ditarik rek dirangkul, tapi Enden Komariah rikat narik leungeunna, porosot bae lesot.
"Eta sok teu sabaran kitu, kawas lain satria bae," cek Enden Komariah bari imut ngagelenyu.
[ 39 ]V. LALAJO BIOSKOP
Adat Maman jadi robah ! Ayeuna mah sok mindeng huleng jentul, taya pisan kaberagan ! Kana digawe jadi ngedul, da waktuna sok dipake lalamunan bae, Robahna adat Maman teh tangtu bae ku Sukardi oge gia es da puguh sagulung-sagalang.
Sukardi mimiti curiga, da sanajan Ende Komacah jeung Maman ngajaga sangkan jalma sejen ulah aya nu ngabogaan sangkaan, yen antara maranehanana teh aya ”tali asih” anu hese dipegatkeunana, teu burung bae Sukardi ngabogaan sangkaan yen antara Enden Komariah jeung Maman teh aya hiji perhubungan anu dirasiahkeun. Hal eta memang geus jadi kabiasaan, rasa batin hese dipalingna atawa dibobodona. Ku Sukardi karasaeun, yen dina waktu eta Enden Komariah jadi lingas, nya kitu deui ana nyarita rada beda ti sasari, ayeuna mah siga teu pati madep, malah .karasana ku Sukardi mah Enden Komariah teh ati mungkir beungeut nyanghareup. Ka Maman jadi ngewa, sanajan manehna ngarti jeung ngarasa yen miceuceubna tehngan wungkul dilantarankeun ku hate timburu nu taya alesanana da ngan ukur sangkaan tea. Upama aya nu nanyakeun tea mah, naon sababna nu matak manehna mikangewa ka Maman, manehna sorangan teu bisa nerangkeun. Tapi karasa, yen kaluginaan jeung kalaluasaan hatena asa kaganggu. Jadi ngan ku pomayane rasa bae, anu ku jelema sejen mo bisa dirasakeun.
Eta galagat goreng ngahudangkeun tanaga anyar dina sanubari Sukardi. Nya manehna teh neangan: akal sangkan Enden Komariah beuki rumaket ka manehna, sakurang-kurangna ulah luntur kadeudeuhna ti nu enggeus-enggeus.
Kumaha akalna ?
Bubuhan anak nu beunghar, salieuk beh teh saenyana, atuh kacida babarina ngabuktikeun naon-naon anu ku manehna ka-timbang alus pikeun meuli-meuli Enden Komariah. Mani sirikna henteu sagala dibeuli keur ngawowoy ......... Enden Komariah teh!
Hal eta kanyahoan oge ku ibu-rama Enden Komariah sarta