Lompat ke isi

Wawatjan Katrangan Miara Laoek Tjai

Ti Wikipabukon
Wawatjan Katrangan Miara Laoek Tjai  (1866) 
oleh Raden Hadji Moehamad Oemar
[ Sampul ]

WAWATJAN

KATRANGAN

MIARA LAOEK TJAI,

DI GOERIT

KOE

RADEN HADJI MOEHAMAD OEMAR.



BATAVIA,
THE LANDS-DRUKKERIJ.
1866.

[ 2 ]

  1. Moen di paké ngarah oentoeng, tina asal boga bibit, anak laoek ĕnggés réja, koelah sitoe gěs di ěsi, sĕg mělakan tjiwaloeñgan, tangtoe měrěn tambah hasil.
  2. Ngaréjaān oenggal taoen, rédjéng aja noe paralid, tina sitoe-sitoe bědah, tangtoe ngotjorna ka hilir, nja tětěp di tjiwaloeñgan, aranakan tambah děi.
  3. Lila-lila djadi pinoeh, dina oenggal-oenggal tjai, hantě hésé barang-ala, noe asal tě boga bibit, ngala di tjai waloeñgan, hantě maké modal doewit.
  4. Tangtoe rěsěp ngala laoek, réhna djalma pada běki, tapi tě bějak di ala, tina ěnggěs réja bibit, di harakan di djoewalan, hantě soesah ngala doewit.
  5. Tina ngadjoewalan laoek, pikěn balandjana mahi, sanggěs mahi kĕr balandja, moengpoeloengkěn něnděn doewit, pikěn měli papakéjan, lila-lila djadi soegih.
  6. Mana hadé mělak laoek, láin tjara sapi moending, matak hésé ka djělěma, koedoe ngañgon koedoe ngarit, djěng koedoe aja kandangna, ngadjagana bĕrang pěting.
  7. Laoek mah tě koedoe kitoe, tě hésé tě matak poesing, djĕng babari ngabibitna, měnang koe modal saětik, hantě djadi kasoesahan, těmbang sinom noe ngaganti.

II

POEPOEH SINOM.

2.

BAB SITOE DJENG BALONG.

  1. Noe matak hadé néjañgan, akal soepajana djadi, anoe tě djadi sorañgan, těgěsna akal pamilih, njijěn ĕnggon sahidji, nja éta kěr mělak laoek, ari mělakañana, bibit anoe benang milih, djěng mělina hantě pati réja modal.
[ 3 ]
  1. Hantě djadi kasoesahan, měnang koe doewit saětik, kitoe děi mijarana, moenggoeh mělak laoek tjai, nja gampang hantě poesing, tapi réja anoe oentoeng, djalma anoe marělak, hantě pisan djadi roegi, tina adat anoe ĕnggés kapilampah.
  2. Kitoe děi djalma-djalma, sakabéh value="16">Hantě djadi kasoesahan, měnang koe doewit saětik, kitoe děi mijarana, moenggoeh mělak laoek tjai, nja gampang hantě poesing, tapi réja anoe oentoeng, djalma anoe marělak, hantě pisan djadi roegi, tina adat anoe ĕnggěs kapilampah.
  3. Kitoe děi djalma-djalma, sakabéh pada barěki, kana laoek ngadalahar, tambah koewat kana diri, djaba ti laoek tjai, daging sapi moending kitoe, di dahar di djaroewal, tapi moenggoeh di noe lětik, hantě wěrat mělina koe sabab mahal.
  4. Anoe mangka tjatjah-tjatjah, koedoe mělak laoek tjại, tina sawab rada moerah, soemawoña lamoen mibit, anggoeřan měnang doewit, ngadjoewal ka batoer-batoer, atawa ka noe lijan, tina dahařĕn gěs lěwih, dina sitoe dina koelah ĕnggěs réja.
  5. Nja éta noe di djoewalan, děmi kaoentoeñgan doewit, noe tina sahidji koelah, moen djěrona opat kaki, oekoerañana něpi, kana lahan lima ratoes, toembak ka pasagina, nja éta sabaoe mandjing, bisa djadi sratoes lima poeloeh roepijah.
  6. Atawa sok radjěn tambah, doewa ratoes radjen něpi, djěng děi dina hasilna, taja pisan anoe nanding, ngéléhkěn djalma tani, gědé tina anoe nanding, ngéléhkěn hasil laoek, mana hadé milampah, sagala djalma tě pilih , lamoen tina aja tjai aja lahạn.
  7. Ngoblog taja pěpělakan, sarta katinggang koe tjai, éta noe di kira-kira, sarta djeng di pilih-pilih, gěs djadi pisan boekti, di Tarogong tanah Bandoeng, asal noe kaoeroeğan, pipir goenoeng di noe lamping, lělěgokna di běndoeng di djijěn koelah.
  8. Réja sitoe běnang měngkat, anoe gědé anoe lětik, toeloej sĕg di parělakan, koe laoek gěs djadi bibit, sitoe sawaréh děi, di pělakan laoek lěmboet, gěs djadi kaoentoeñgan, ka djalma noe děkět tjitjing, noe milampah njijěn sitoe njijěn koelah.
  9. Malah djadi kamahijan, saréwoe roepijah lěwih, měnang doewit sataoeña, ajěna noe ěnggěs boekti, gěs pada mararahi, djalma anoe pipir goenoeng, sarta di paké kasab, tina hantě matak poesing, kahiroepan oenggal taoen tambah-tambah.
[ 4 ]
  1. Rědjěng dina sawah-sawah, saěnggěsna roempak-djami, di bĕndoeñgan di pělakan, koe laoek ĕmas laletik, sawab gěs pada ngarti, réja anoe matak oentoeng, djaba ti laoek pělak, běntěr lélé miloe tjitjing, éta asoep djadi tambah kaoentoeñgan .
  2. Dina mangsa sěsělana, méméh mělak paré děi, nja éta mělakañana, koe laoek-laoek lalětik, gěs něpi kana moesim, sawahna rék di woeloekoe, laoekna sěg di ala, di djoewal di paké bibit, di dalahar sabatoer-batoer walatra.
  3. Djěng děi djaba tidinja, sitoe-sitoe aja děi, gawéna hasil katjida, nja éta měgatan tjai, lamoen kĕr oesoem ngidjih, waktoe tjaäh tjai pinoeh, éta tě matak roeksak, kana sawah noe di hilir, tina sawab koe sitoe gěs katandéjan.
  4. Anggoer ngaplak tjai ngemplang, ngotjorna tě pati tarik, palidna hantě ngagěntak, sawabna aja pipinding, ngadjaga ka noe hilir, njaéta tambakan sitoe, anoe měgatan inja, sangkan tě ngagĕntak palid, moen ngagěntak paréna hamo kaäla.
  5. Rědjĕng děi noe mijara, éta laoek-laoek tjai, hantě djadi kasoesahan, soemawoña matak poesing, sarta tě matak roegi, anggoer tambah djadi oentoeng, ka sagala djělěma, noe mijara laoek tjai, lila-lila měrěn tambah djadi banda.
  6. Ngadjěmbarkěn ka djělěma, ka ménak ka koering- koering, ka tjatjah tě kabalangsak, moenggoeh di djělěma lětik, noe sok mijara bibit, ngadjoewalan anak laock, lěwih tina hakaña, réja tjatjah djadi soegih, asal mibit djadi kamahijañana.
  7. Enggés réja noe milampah, tina sawab matak mahi, kana kahiroeрañana, anoe miskin djadi soegih, djalma anoe ges soegih, katambahan woewoeh oentoeng, ges nambah-nambah banda, tina mělak laoek tjai, ganti těmbang poepoehna asmarandana.

III

POEPOEH ASMARANDANA

  1. Bab noe kadoewa prakawis, dina tjai rědjéng lahan,
  2. [ 5 ]oepama rék njijěn enggon, dina pipěrnahĕñana, toeroetkěn kasoekana, moenggoehing karěsěp laoek, tě saroewa kasoekana.
  3. Aja laoek soeka tjitjing, dina tjai anoe hérang, tjampoer kěsik batoe gědé, aja laoek karěsěpna, tjitjing di noe tě hérang, dina tjai anoe kiroeh, noe patjampoer rědjěng lětak.
  4. Aja laoek soeka tjitjing, di tjai-tjai-waloeñgan, di noe noe njéjot, aja laoek kasoekana, dinoe lijoeh noe tarik di bala, di handapĕn djoekoet-djoekoet, atawa handapěn roengga.
  5. Bab noe ka doewa prakawis, njijěn pienggoñěñana, děmi ari njijěn ĕnggon, benang koe doewa prakara, sahidji noe di tambak, ka doewa anoe gěs oemoem, di kali djĕng di toegaran.
  6. Ngaraña gé sédjén děi, ari ěnggon noe di tambak, sitoe lamoen anoe gědé, noe rada lětik bendoeñgan, ari noe di toegaran, djěng noe di kali di seboet, balong atawana koelah.
  7. Balong djěng koelah sadjinis, ngan djadi doewa ngaraña, tapi kitoe kénéh baé, lamoen ménak noe kagoengan, sok di sarěboet émpang, djĕng ari anoe di sitoe, atawa di bĕndoeng téja.
  8. Njaéta waloeñgan tjai, noe rada lětik ngotjorna, djěng pětana nambakna téh, koedoe milih pangsingětna, dina lěbah djontorna, moen aja tjai 8 tiloehoer, di goegoentoer di saĕran.
  9. Taněhna di mangka palid, di paké njaĕr tambakan, tjara noe ĕngěs kalakon, bédana katjida pisan, rědjěng nambak di tjikrak, pagěh anoe di goegoentoer, taněhna rékép tě anggang.
  10. Tina galo djadi hidji, rědjěng děi tambah gampang, téréh sarta matak hadé, manana koedoe néjangan, tjai noe baris ninggang, anoe pikěn ngagoegoentoer, soemawoña moen tohaga.
  11. Soesah lamoen ninggal tjai, tanggěl pinjaĕrĕñana, ngan lamoen ngabĕndoeng baé, njijěn tambakan loemajan, di saĕr ogé gampang, hantě sarat di goegoentoer, di tjikrak ogé tě soesah.
  12. Aja děi saprakawis, di ngarañan sitoe hijang, dina lĕwěng-
  13. [ 6 ]lewěng baé, asalna noe matak aja, lain bĕnang na djalma, nja éta wahangan boentoe, tina sawab kaoeroeğan.
  14. Kasaěran taněh palid, dina mangsa ěkěr hoedjan, ninggangna kana gěgĕnténg, dina lěbah pangsinggětna, kabawa koe tjilěngtjang, lila-lila djadi loehoer, tjara sitoe běnang nambak.
  15. Aja děi saprakawis, tina asal kaoeroeğan, ninggangna kana gěgěnténg, tjara noe tadi pětana, pangdjadina. tambakan, aja goenoeng anoe oeroeg, mana réja sitoe hijang.
  16. Ari pangajana tjai, éta dina sitoe hijang, aja lijang tjai ngotjor, saméméhna kaoeroegan, tina bendoeñgañana, sanggěs wahangan kaběndoeng, tjai ngotjor djadi njoembang.
  17. Noe tě aja sirah tjai, wahañgan noe kaoeroegan, datang tina hoedjan baé, bawaning koe kalilaan, tjai pinoeh tě saat, réja noe mělakan laoek, dina sitoe-sitoe hijang.
  18. ljě nétélakĕn děi, élmoe njijěn sitoe téja, soepaja pagěh djěng hadé, sarta matak djadi gampang, éta ěnggěs kalampah, handapěn ijě di seboet, soepaja pada paraham.
  19. Asalna barang mimiti, oekoer piloehoereñana, dina palěbah gěgĕntóng, noe singgět baris tambakan, lamoen gěs kaoeninga, loehoerna djijěn loeloegoe, bakoe noe djadi toeladan.
  20. Doewa djoengkět tjonto tadi, pikěn rantjak panghandapna, kaloehoerna ngésér-ngésér, njijën roetjoek hambal-hambal, loehoerna hidji hambal, opat kaki oelah langkoeng, saperti ijě tjontona.

TJONTO

[ 7 ]
  1. Oelah koerang dĕmpét tali , sarta djěng tali-pitikna, djěng baris roetjoekna kabéh, kai hiroep taloetoegna, noe babari djadina, atawa koe kaso hiroep, soepaja tambakan koewat.
  2. Ari koelah noe gěs djadi, noe asalna benang noegar, běnang ngalijan gěs djero, moen réja batoe di handap, seg goendoeken di tengah, djadi paimahan laoek, mangsana ges di pělakan.
  3. Asalna saméméh djadi, kěr waktoena di kalijan, taněhna palidken kabéh, goegoentoer montong di angkat, sing mon-téng ka hilirna, palidna masing ngagoeloeng, njéjot kabawa taněhna.
  4. Rědjěng dei saprakawis, lamoen njitoe di noe bala, rėja toenggoel kai gědé, atawa haoer tjoetjoekan, palebah lělěgokna, tjatjar masing ngabaloengboeng, rěngkědna pitjěn ka darat.
  5. Sarta sagala kakait, singkahken kan oelah matak hésé, taran, oelah sarta pitjeñan, sang-kan oelah matak hésé, dina pidjagačñana, mangsana di lin-taran, oelah aja tjoetjoek-tjoetjoek, noe ngaroeksak kan liěrap.
  6. Lamoeña engges běrěsih, sarta gěs anggěs nambakna, tjaina mangkana ngotjor, di běněrkěn masing ninggang, ka noe di bendoeng téja, tapi ti hilirěn sitoe, sing sadija palajangngan.
  7. Kira piäsoepen tjai, dina mangsa ĕker tjaäh, tjai oelah koengsi lébér, oetamana njijěn doewa, noe hidji tjai djalan, ker sapopowéna ladjoe, ngotjor kana palajangan.
  8. Noe hidji děi kěr tjawis, dina mangsa tjatjaähan, lamoen kěr lětik tě ngotjor, loehoer měĕšan tidinja, tě pati katjaijan, djadi palajangan gantoeng, tambakan woewoeh santosa.
  9. Moen kitoe taja kainggis, saoepama datang tjaäh, tjai mowal koengsi lébér, sawab moen limpas ngaroeksak, kana tambakañana, limpas, sok reja tambakan boeboel, tina sawab tjai limpas.
  10. [ 8 ]
  11. Dina koelah kitoe děi, lamoen ěnggěs di tjaijan, ti hilirna masing hadé, ngotjorna kana pantjoeran, mowal limpas tjaina, hantě béda tina sitoe, lamoen limpas matak roeksak.
  12. Toeloej pělakan sakali, koe djoekoet pikěn parabna, lamběta kangkoeng gé saé, kajoe apoe djěng saladah, laoek soekaěn pisan, rědjěng bari matak lintoeh , sarta djĕng téréh gědéna.
  13. Tě koengsi maraban děi, pikěn parab gěs di pělak, dina oenggal-oenggal ĕnggon, dina sitoe dina koelah, kabéh enggě ssadija, laoek tě soesahěn njatoe, parab ěnggěs sadija.

3

BAB MELAK LAOEK

  1. Bab noe katiloe prakawis, moenggoehing dina laoekna, ngan tinggal mělakan baé, lamoen gěs boga sitoena, atawa boga koelah, oepama rék ngarah oentoeng, měrěn boga doewit réja.
  2. Djěng koedoe ngajaken bibit, éta anoe djadi modal, laoek anoe galalědé, sawab téréh pisan djěngkar, gantjang réja anakna, ngarĕndog di sitoe-sitoe, atawa di koelah-koelah.
  3. Nja mijara koedoe milih, laoek noe babari anoe téréh gědé, oelah laoek noe sok galak, réja, sarta ngahakan ka batoerna, noe parabna laoek lěmboet, koedoe pisahkěn ĕnggoña.
  4. Noe goréng ka laoek lětik, oelah tjampoer di tĕndĕña, méjakěn ka laoek sédjén, něpi ka béjak ratoešan, malah kana réwoean, toengtoengna tě djadi oentoeng, djadi éléh koe roegina.
  5. Manana koedoe di pilih, éta montong di pijara, sapĕrti djěng bogo, soemawoña lamoen hampal, laoek noe

[ 9 ] panggoréngna, éta noe saroewa kitoe, anoe goréng ka batoerna.

  1. Rědjéng děi saprakawis, mélak laoek oelah loba, sahidji sabalong, réhna lamoen lila-lila, dinal koerang tangtoe parabna, djadina laoek karoeroe, lila ngagědéjañana.
  2. Di timbang enggoña tjitjing, mědjěhnana di pělakan, oepama sahidji balong, noe mandjing dina lahaña, pandjangna doewa toembak, djěng roebakna benang ngoekoer, mandjing kana doewa toembak.
  3. Noe djěrona opat kaki, mědjěhnana di pělakan, ngan doewa ratoes salawé, laoek noe haradé téja, nepi ka pangrėjana, doewa ratoes lima poeloeh, oelah lewih nja-mělakan.
  4. Moenggoeh lamoen dina tjai, anoe katjida hérangna, hantě pati téréh gědé, sawab tě mahi parabna, sato tjai tě réja, pihakanen éta laoek, parab noe sédjén tě aja.
  5. Djĕng mělaken atawa ngěsijan laoek tjai, moenggoeh kana sitoe téja, balong, éta ngan doewa prakara, koe laoek pabibitan, atawa koe noe lalěmboet, benang měli tinoe lijan.
  6. Noe mijara laoek tjai, sědja piken kaoentoeñgan, hedé boga bibit baé, ngan koedoe apik katjida, moenggoehing miJarana, tangtoe anakna.
  7. Sanggés mělak ěkěr bibit, oentoeng, lamoen gěs rěkah halongna gès di ĕsijan, sa-sésana djoewal kabéh, koe manéh te soesah mělak, milih noe panghadéna, éta oentoengna sakitoe, noe mijara bibit téja.

4

BAB BIBIT.

  1. Bab kalima lampah bibit, ari laoek awéwéna, dina endogañana téh, lain sabab gěs lakijan, endog djadi sorangan, éta tabéatna kitoe, tě tjara sato noe loba.

[ 10 ]

  1. Tapi laoek ogé sami, koedoe aja lalakina, ngan sédjén polahna baé, rědjeng sato anoe rája, kijě laoek pětana, samagsana enggěs oesoem , awéwéna arendoğan.
  2. Toeloej koe laoek lalaki, di siram koe mamanisna, éta endog awéwétéh, kakara daékén megar, lamoen hantě di siram, koe mamanis toeloej boeroeng, taja kadjadijañana.
  3. Éta kitoe noe ges boekti, tjatoer noe engges nitéñan, éwéjananan laoektéh, ngan njiram koe mamanisna, kana endog éwéna, di gentos koe tembang pangkoer, anoe noeloejkěn tjarita.

IV

POEPOEH PANGKOER.

  1. Lain laoek awéwéna, anoe njijěn sajang laoek lalaki, atawa néjangan djoekoet, enggon anoe prajoga, pikěn něnděn endong di noe aloes-aloes, di anoe hadé perñahna, nja éta laoek lalaki.
  2. Anoe sok ngoeroeskěn inja, djěng bikangna di bawa koe lalaki, kana énggon noe ges tangtoe, noe benang njijěn téja, djeng manéhna néjangan enggon noe singkoer, lalakina, di djaga sarta di banding.
  3. Oelah koengsi di hakañan, koe indoengna djěng koe noe sédjén dei, noematak éta di toenggoe, di děkětan sangkan ĕndong djadi koe laoek moeloes, djadi lalakina, sakitoe apikna, tě djaoeh enggoña tjitjing.
  4. Lamoen aja roentah-roentah, ngaděkětan kaombakěn koe tjai, seg di singkahken koe boentoet, bisi roeksak endogna, lamoen engges měgar, běki hadé di toenggoe, anakna seg di paraban, bari di djaga sakali.
  5. Oepama aja noe datang, laoek běrik, rědjeng éta endong laoek, sédjén di sampěrkěn di wak toena méméh měgar, di tĕndĕña éta ĕndog di noe singkoer , děkět ka koelit tjaina, sangkan hanet hanteě tiis,
  6. [ 11 ]
  7. Rědjĕng laoek téh midjahna, aja moesim maridjah ka sa-risi, pangmindengna midjah tangtoe, kěr ngidjih réja hoedjan, tina sawab gědé tjai pararinoeh, ngěndoğan tě sakalijan, aja hělětna tě pasti.
  8. Dina wates popowéjan, hělět doewa tiloe powéna děi, malah radjen ogé langkoeng, opat powé lilana, anoe mangka lamoen rék ngabibit laoek, di léwihan dĕi.
  9. Lamoen hidji lalakina, bikangnamah tiloe noe rada lětik, lamoen gedé doewa tjoekoep, djěng oelah di tjampoeran, koe noe laoek lain bibit oelah baoeran, bisi endog di hakanñan, koe laoek éta di paling.
  10. Rědjěng děi éta koelah, noe di paké ker nĕndĕn laoek bibit, tjaina oelah noe kiroeh, anoe běrsih noe hérang, sarta koelah noe di paké bibit laoek, saméméhna di tjaijan, koelahna koedoe běrěsih.
  11. Koedoe di saätken demi éta bibit laoek, koelah gědé hěla, něpi kana lětak těäs sakali, bérok di sédjén koelah, ngadagowan méméh toehoer, gěs kitoe toeloej tjaijan, di palarna djadi sengit.
  12. Sačnggěsna di tjaijan, laoek bibit seg kěntjarkěn sakali, sawab tjaina ges pinoeh, laoek soekačn pisan, ngodjaina ngoeriling patingkětjěwoek, sẽmoe ĕnggěs boga rasa, hajang ngĕndog tatjan pěting.
  13. Djĕng tjai anoe di koelah, oelah pisan menang tjitjing tě palid, bisi goréng matak boeroek, endog tě djadi anak, rědjĕng tjawis parabot kěr endog laoek, kalampah, kapiadat ti sasari.
  14. Indjoekna seg di tĕndĕñan, di terapkěn di koelah toeroet sisi, kira opat dim kalapoet, lima dim pangdjĕrona, sahan-dapen koelit tjai éta indjoek, sawaréh aja noe soeka, maraké djoekoet di djepit.
  15. Djoekoet dina sasag-sasag, tapi éta aja tjatjad saětik,
  16. [ 12 ]tina sawab éta djoekoet, sok babari boeroekna, sarta toeloej tépa kana endog endog moebadir.
  17. Lewih hadé indjoek téja, noe kalampah ges adat ti sasari, montong maké djoekoet-djoekoet, sawab djadi ngaroeksak, gampang ogé ari hantě djadi aloes, wajahna noe rada soesah, soepaja tě djadi roegi.
  18. Endog téh aja tjirina, anoe haradé tjětjěk hiděng létik, tanda endog éta aloes, pindahkěn gěwat-gěwat, masing gantjang kana balong-balong lěmboet, bisi indoengna ngahakan, éta kana endog tadi.
  19. Bari toeloej sakalijan, koelah gědé tĕndĕñan sasag dĕi, těpi ka mangsana toetoep, bibit ĕren ngendoğan, anoe dina balong lemboet, sing oelah ngotjorna kahilir.
  20. Djeng tjaina koedoe hérang, sarta hiroep djĕng indjoek noe di djěpit, noe di ěsi endog laoek, koedoe toeloej pagehan anoe běněr ĕndogna, masingna koekoeb, kana awi noe boelědan, anoe ngambang dina tjai.
  21. Masingna pagěh katjida, oelah pisan rék měnang galar-gilir, malah tindihan koe batoe, sangkan tetep tjaina, éta endog simběhan bisina boeroek, sangkan oelah koeloemoedan, tembang doerma noe ngaganti.

V

POEPOEH DOERMA.

  1. Noe di palar éta indjoek tjiting, sakitoe djěrona, hantě obah, tětěp ĕnggoña opat lima dim téja, di handapěn koelit tjai, kira lilana, sapoeloeh powé lěwih.
  2. Něpi kana lima wělas powé didinja, endog megar di tjai, sasagna ges hěnang, di singkahkěn ka darat, tapi masing ati-ati, oelah gagabah, ambrih réja noe djadi.
  3. [ 13 ]
  4. Bareng mĕgar oelah pěting, didinja kakara, wara di paraban, ges tiloe opat mimiti di paraban, koe bakatoel hoeoet lětik, soepaja éta laoek tě lila lětik.
  5. Rědjeng laoek lemboet lamoeña gès aja, sadim satĕngngah mandjing, moenggoeh ka pandjangna, éta laoek ges běnang, di pindahkěn gasik-gasik, ka koelah-koelah, ka sitoe noe palagi.
  6. Děmi ari laoek ĕmas sasarina, midjahna tiloe kali, dina sataoeña, tapi laoek pijara, ĕndoğan, éta akal gěs boekti.
  7. Gěs kalampah di Tarogong di Limbangan, noe ngiōgoe laoek bibit, sok di bérok hěla, di pindahkěn ĕnggoña, di noe singgět koelah lětik, sabot mandjara, koedoe ĕnggés tjatjawis.
  8. Hidji koelah benang garing, ges toehoer njaätan lětakna, tjaina, di powé toeloej děi singna tjaijan, di palar lětakna sengit, toeloej pělakan, nja éta laoek bibit.
  9. Tangtoe baé pada harita endoğan , sababna soeka ati, tina asal soesah, mangsa di bérok téja, gěs kitoe manggih noe sengit, kitoe sababna, lantaran soeka ati.
  10. Éta akal bénang mikir tina loewang, sababna noe ges boekti, laoek di waloengan, atawa dina émpang, di sitoenja-kitoe děi, měntas katiga, gěs kitoe manggih ngidjih .
  11. Laoek-laoek harita pada maridjah, sengit, taněh toehoer téja, ana tjoer sababna manggih kahoedjañan, kaämbě sengit téh těing, éta tidinja, manggihna akal radjin,
  12. Lamoen djalma anoe hantě daék soesah, ngarah hajang babari, měli ogé moerah, laoek noe lětik téja, kitoe ogé tangtoe hasil, nikěl oentoengna, oepama sangěk mibit.
  13. Rědjeng aja atoeran oerang Éropa, ngěndogkén laoek tjai, lain dina koêlah, di hadja di oeroetan, réja pisan anoe djádi, sok tara gagal, akal hadé téh těing.
  14. Děmi atoeranaña kijě pětana, lamoen kěr dina moesim,
  15. [ 14 ]laoek ěkĕr midjah, koedoe toeloej néjangan, laoek gědé noe lalaki, djěng hidji bikang, noe gěs djadi bibit.
  16. Toeloej njokot djahas sarta di ěsijan, koe tjai herang běrsih, djĕng bibit laoekna, di tjěkelan hoeloena, soepaja nangloeng di tjai , seg di oeroetan, bětěngna laoek bibit.
  17. Ngan ngoeroetna éta koedoe lalaoeñan, sangkan endogna bidjil, sarta maroerağan, kana djahas tjaian, sakalijan djěng mamanis, ngoeroetañana, tina laoek lalaki.
  18. Noe saoerang ngoeroetan laoek bikangna , anoe saoerang děi, ngoeroet lalakina, moen ges hésé měĕsan, endogna hantě baridjil, koedoe ĕrěñan, oelah di paksa těing.
  19. Koedoe toeloej bibit pělakěn ka koelah, noe tadi, wadah endog téja, děmi djahas gědagkěn lalaoeñan, kira- kira lima měnit, Iilana dongkap, kana sapoeloeh měnit.
  20. Noe di arah endog laoek lalaki, sarta gĕwat-gěwat, kahéh kěna, koe mamanis tjitjikěn kana sasag, noe ĕnggés kasěboet tadi, dina prakara, noe tiloe wělas tadi.
  21. Tapi indjoekna koedoe mébér pisan, endogna koedoe ipis, serta masing rata, ngampar dina indjoekna, bisina boeroek te djadi, hantě malěgar, endog djadi moebadir.
  22. Měrěn roegi sawab hantě djadi anak , baroeroek toeloej lĕngit, taja anoe měgar, djaradi katjingtjalang, mana koedoe ati-ati, di gentos těmbang , ajena sinom děi.

VI

POEPOEH SINOM.

  1. Děmi koe ijě atoeran, menang akal hidji děi, njijěn laoek paranakan, tapi oelah béda těing, laoek noe di pakě bibit, lamoen dék matjěkěn laoek, laoek anoe sisitan, pada noe sisitan děi, oepamana tawés rědjěng laoek ĕmas.
  2. Rědjeng dei saoepama, djalma noe rék maké bibit, nja éta koedoe milihan, oelah noe ngora noe lětik, koedoe
  3. [ 15 ]

sing ati-ati, milih noe gědé noe lintoeh, noe gěs kolot oemoerna, lamoen maké bibit lětik, hantě hadé sok goréng anakañana.

  1. Enja ogé djadi anak, tatapi sok djadi lětik, hésé ngagědéjañana, manana koedoe di pilih, soepaja oelah roegi, moen kitoe te djadi oentoeng, sawab tina lilana, éta adat noe paranti , sasarina anoe ĕngges kapilampah.
  2. Rědjeng děi saprakara, moen rék mawa laoek tjai, ka noe djaoch-djaoeh pisan, di tjarangkaän koe awi, di tilaman sakali, koe ponggolan daoen tjaoe, djěng koedoe di toeroeban, njiroe maké sasag awi, djěng tjaina masing mindĕng di gantína.
  3. Oepama měting di djalan, tjarangka tĕndĕn di tjai, masingna kakĕěm pisan, oelah rék di djait-djait, koedoe sing ati-ati, tindihan hela koe batoe, njiroe toeroeb jarangka, masing pagěh oelah palid, sangkan tětěp saboewat měting di djalan.

5

BAB NGABEDAHKEN.

  1. Bab noe kagěněp prakara, sitoe masing tětěp di pijara, oelah tjara sitoe noe gědéna lětik, gěs lewih, di paké palagi, di bědahkěn oenggal taoen, sitoe gědémah oelah, ingkěn baé masing kari, tina sawab gědé těing karoegijan.
  2. Soesah ngarawat̃añana, ngabĕngkatna kagědéjañana, hésé děi, sawab njoesahkěn ka noe ti hilir, lila ngadago tjai, sabotna těatjan pinoch, palajañgan saraät, sawah toehoer noe di hilir, djĕng hasilna ka noe boga měrěn koerang.
  3. Orot kaoentoeñgañana, tina sawab lila děi, něpi karéja laoekna, anggoer ala berang pěting, koe hěrap ganti-ganti, koe oesep atawa boeboe, atawa lijan tidinja, koe parabot noe palagi, ngala laoek noe aja di sitoe téja.
  4. [ 16 ]123a Sitoe-sitoe noe mědjěhna, djĕng bĕndoengan anoe lětik, soemawona koelah-koelah, anoe hantě gedé těing, nja éta anoe sasari, di bědahken oenggal taoen, ngan koedoe di tinggalan, laoek-laoek piken bibit, tapi oelah melak laoek goréng téja.

123b Noe sok njatoewan batoerna, kana laoek-laoek lětik, tjara délég bogo loebang, djongdjolong hadé di basmi, di béaken sakali, éta laoek anoe kitoe, montong sok di parě-lak, sawab tangtoe matak roegi, tina sawab laoek lětik di hakanan.
123c Ari balong-balong téja, benang doewa tiloe kali, dina sadjro sataoeña, ngabědahkěñana tjai, tara di toegar dei, sok maké koeloewoeng kawoeng, maké got di handapna, dina dasar pisan tjai, sangkan gampang ngabědahkěn rědjéng měngkat.
123d Dina laoekna noe běnang, moen masih kénéh lalětik, hadé ingken hělaäñan, masingna gědé sakali, montong ngala noe letik, anggoer pindahkěn ka-sitoe, masingna gědé hěla, réhna ari laoek letik, moen di dahar roengseb di djoewalna moerah.

6

BAB MIARA LAOEK DI SAWAH.

  1. Bab noe katoedjoeh prakara, noe mijara laoek tjai, moeggoeh dina sawah-sawah, djaba tisitoe noe hasil, atawa koelah lětik, noe ges matoeh enggon laoek, aja děi lamoen mělak laoek tjai, ngan te lila témpona atoeran, sakěděng pisan.
  2. Mijara di sawah-sawah, sangges di boewat seg děi, galengan sawah loehoeran, sakaki atawa lěwih, něpi ka doewa kaki, di tjaijan masing pinoeh, toeloej seg di pělakan, koe
  3. [ 17 ]kangkoeng di toeroet sisi, ker parabna seg mělak laoek anakna.
  4. Oesoem ngawoeloekoe sawah, laoekna di ala děi, harga sadoewit asalna, djadina sapoeloeh doewit, malah lewih saětik, lima welas doewit pajoe, pajoe noe dina sawah, téréh gědé lintoch boentjir, ganti tembang gendingna asmarandana.

VII

POEPOEH ASMARANDANA.

  1. Moen mijara laoek tjai, di sawah angar taněhna, saětik běnangna paré, sanggěs sawah di laoekan, djadi lintoeh taněhna, hasil paré djadi woewoeh, tambah kaoentoengañana.
  2. Oepama sawahtéh tadi, saméméhna di laoekan, bĕnang-na ngan doewa tjaéng, ari sanggés di laoekan, ngala katiloe měnang, malah rědjen djědjeg tiloe, djěng paré hadé běnĕrna.
  3. Lamoen sawah koerang tjai, noe koedoe ngadago hoedjan, éta tangtoe lewih hadé, di pělakan laoek hěla, soepaja hantě sarang, koe tjai saětik tjoekoep, sabab ges rékép ta-něhna.
  4. Djěng děi tambah babari, hantě hésé ngabaladah, sabab taněhna gěs léndo, ngan kari saětik pisan, pigawéjen noe njawah, tétéla pisan jén oentoeng, sawah di laoekan téja.
  5. Hělět doewa taoen děi, tiloe taoen panglilana, koedoe di ĕreñan baé, pindah ka sédjén kotakan, seg toeoesken hělaän, bisina goréng tě aloes, sok matak hasěm taněhna.

7.

BAB WARNANING LAOEK.

  1. Bab kadalapan prakawis , tina laoek warna roepa, ĕngké

2 k

[ 18 ]di sěboetkěn kabéh, laoek noe hadé di pělak, rědjĕng noe panggoréngna, hidji-hidji roepa laoek, sarta djěng katranganana.

8.

BAB MELAK LAOEK DINA TJAI WALOENGAN ATAWA RANTJA.

  1. Bab kasalapan prakawis, ajena ganti tjarita, tinggal anoe di tjarijos, mělak laoek dina rantja, atawa di waloengan, gés tétéla lewih oentoeng, manana hadé marělak.
  2. Noe mangka hadéna lewih, ti batan mělak di koelah, Iamoen koelahna tě gědé, hadé mělak dina rantja, sawab téréh gědéna, raosna ngenah kalangkoeng, saroewa djěnig di waloengan.
  3. Sabab laoektéh gěs boekti, noeroet koemaha enggona, lamoen singget enggonatéh, laoekna lila gédéna, lamoen lega ĕnggoña, téréh gědé sarta lintoch, tina sabab réja parab.
  4. Kitoe dei di noe tarik, laoekna sok pělém pisan, sarta pěngkĕr haptě bějé, ari laoek dina koelah, saratna di paraban, nja daékén ogé lintoch, djěng pělěm. dina rasana.
  5. Hadé měla laoek bibit, atawa mělak anakna, lamoen réja lewih hade, benang di paké sidekah, oepama réja djalma, noe marělak tjara kitoe, lila-lila ngaréjaan.
  6. Dina oenggal-oenggal tjai, parinoeh réja laoekna, sarta koe laoek haradé, djěng noe lalintar marěnang, mo loepoet panglintarna, tina sawab réja laoek, oenggal ngaroengkoep tě gagal.
  7. Ngan koedoe pada aréling, satěñgah koedoe di djaga, oelah di Béjaken kabéh, masing aja kakareña, oelah sok
  8. [ 19 ]maké toewa, karana toewa gěs tangtoe, kana laoek matak roeksak.
  9. Djadi toempoer laoek lětik, ari noe gědémah linghas, anggoer anakna paraéh, něpi ka béjakna pisan, sok héraněn djělěma, noe matak tě réja laoek, tě rosa tjara bahěla.
  10. Tatapi lamoen di pikir, laoek noe paéh koe toewa, koe sakali noewa gé, tangtoe mowal matak héran, sing boga ras kadjaga, ari ĕnggěs taja laoek, soesah ari barang ala.
  11. Rědjĕng tě hadéna děi, ngaroeksakěn satohéwan, noe tě karana sawab téh, ongkohmah éta di larang, kasěboet dina kitab, oelah maéhan noe hiroep, kabéh dadamělan Alah.
  12. Sawab sato mana djadi, pangajana panghiroepna, toenggal kěrsa Alah kénéh, tě bisa aja sorangan, kari-kari koe djalma, di paéhan hantě poegoeh, laoek tě aja dosana.
  13. Djadi ngahadja di basmi, sědjana nijat maéhan, nja éta larangan gědé, di alamah tě di larang, poegoeh hakaněn djalma, oelah di roeksak di gěmpoer, di toewaan di paéhan.
  14. Kětjrik ogé goréng děi, tina sawab měrěn béjak, anakna noe lětik kénéh, koe kětjrik měrěn barěnang, toengtoengna matak béjak, moen di ala soré isoek, gěs tangtoe ĕwěh laoekna.
  15. Djĕng moenggoeh di laoek tjai, pang-tě-hadéna di ala, laoek ěkěr midjah kénéh, di lintaran di roengkoepan, ĕnja gampang ngalana, tapi mowal aja laoek, lamoen di ala kěr midjah.
  16. Sawab noe di ala bibit, magsana ěkěr ěndogan, djadi ĕrěn hantě ngěndog, soemawoña noe barěnang, éta djadi karoeksak, tangtoe mowal aja laoek, sawab tě kaoer ěndogan.
  17. Mowal aja laoek bibit, ěndogna gé di arala, matak roegi ka sakabéh, lamoen di béjakěn pisan, tě aja kakaréña, saroepa lamoeña kitoe, djěng noe méjakěn paréna. [ 20 ]
  18. Gěs tě boga pikěn binih, lamoen tě ngarikěn pisan, pělakěn mangké nahaon, djaga moesimna di boewat, nahaon, no di ala, roegina saoemoer-oemoer, naon noe di piboewatan.
  19. Kapikirna ti panděri, měrěn karasa handjakal, djadi poegag nja lalakon, sapěrti djalma noe dagang, ngabéjakěn modalna, toengtoengna moeloentoe, djinis modal gĕs tě aja.
  20. Aja tjonto noe gěs boekti, hadé pisan di toeroetan, éta di sitoe Tjidjambé, radén Arija Bandjañan, éta ngalarang pisan, sarta di anggo loeloegoe, njěgah ngala laoek midjah.
  21. Sakoer djalma toeroet sisi, anoe darěkět lěmboerna, ka éta sitoe Tjidjambé, di oewaran di paréntah, tě měnang di arala, témpo ěkěr midjah laoek, dongkap ka mangsa ајěna.
  22. Manana ajěna boekti, tě atjan soeda laoekna, masih réja kénéh baé, djadi kasoekaan ménak, djĕng kaoentoeñgan tjatjah, sabab ngalana di oeroes, tě měnang ngala kěr midjah.
  23. Ganti tjaritana déi, laoek goréng ka batoerna, kana laoek-laoek sédjén, éta montong di pijara, sawabna sok ngaroeksak, kana laoek-laoek lěmboet, hadé di lengitken pisan.
  24. Nja éta goréngna lěwih, laoek dělěg laoek hampal, montong mělak noe kitoe téh, sawab galak ka batoerna, laoek lěmboet di hakañan, béjak ratoes malah réwoe, ngahakan taja ěrěña.
  25. Mowal aja anoe kari, lila-lila béjak pisan, měrěn di hakañan kabéh, mana montong di pijara, laoek dělěg djěng hampal, noe ngaroeksak laoek lěmboet, oentoeng éléh koe roegiña.
  26. Noe matak hadé di basmi, masing lěñgit oelah aja, ngarikěn laoek haradé, anoe tara ngahakañan, kana laoek noe lijan, ajěna di ganti poepoeh, ijě těmbang dangdanggoela.
[ 21 ]

VIII

POEPOEH DANGDANGGOELA.

9.

BAB WARNA NING LAOEK.

  1. Nétélakěn dina laoek tjai, anoe ĕnggěs loembrah di pijara, di émpang djĕng dina balong, djĕng dina sitoe-sitoe, di waloeñgan tjai noe tarik, sarta di rantja-rantja, djěng děi disěboet, téréh gědé djěng hantěna, hidji- hidji laoek di tjatoerkěn děi, sarta di pasal-pasal.

GOERAMÉ.

  1. Ijě pasal noe barang mimiti, nétélakěn goeramé pětana, ti awit lětikna kénéh, něpi oemoer sataoen, pandjangnatéh ngan dalapan dim, ti lětik něpi kana, doewa tiloe taoen, mandjing sakaki satěngah, radjěn tambah moen lěga ěnggona tjitjing, tina satadi téja.
  2. Téréh ogé djěngkar lamoen mibit, tapi koedoe apik ngadjagana, sok njijěn sajang koe manéh, karěsěp éta laoek, tjitjing dina tjai běrěsih, dina tjai noe hérang, kěsik tjampoer batoe, djěng dina tjai waloeñgan, lěbah loekoet karěsěpna matoeh tjitjing, ěndoḡan aranakan.
  3. Djĕng parabna loekoet-loekoet-tjai, daoen gědang dangděr djěng gégémpa, djoekoet rinjoeh hoeoet kédjo, hilěd djĕng daoen-daoen, moen gěs gědé radjěn kapanggih, ngahakan ka batoerna, kana laoek lěmboet, kana běntěr kana sěpat, kana hoerang sakoer laoek anoe lětik, sok aja noe manggihan.
  4. Děmi raosna ngěnah nja lěwih, tjarang-tjarang noe nandiñgan inja, anoe matak lěwih hadé, mijara éta laoek,
[ 22 ]njiar anak anoe lalětik, kira sagědé sěpat, pělak dina sitoe, doewa tiloe taoen rěkah, gěs réjamah soegan nijat amal batin, mělak ka tjai waloengan.

KANTJRA.

  1. Pasal anoe kadoewa prakawis, laoek kantjra anoe katjarita, réja pisan ngaraña téh, sawaréh noe njarěboet, kantjra dadap djěng hikě děi, kěr lětikna anakan, djěng sawaréh njěboet, boerajak moen lětik pisan, rada gědé sorodjontor toenggal djinis, hidjí kénéh djěng kantjra.
  2. Karěsěpna di waloengan tarik, anoe oemoer sataoen pandjangna, toedjoeh dalapan dim baé, moen oemoer tilbe taoen, opat taoen lěwih saětik, doewa kaki pandjangna, tapi moen di sitoe, soemawon lamoen di koelah, gěněp taoen ngan oekoer sagědé bitis, lila pisan gědéna.
  3. Lewih téréh djěngkarna babari, di waloengan sarta di nòe lěga, dina, tjai anoe gědé, moen mijara di sitoe, dina koelah ngotjorna lětik, nja běnang di pijara, tapi noe gěs tangtoe, kasoekana laoek kantjra, dina tjai waloeñgan gědé noe tarik, réja batoe djěng tjadas.
  4. Sawab tara ngĕndog oenggal tjai, lamoen lain di tjai waloengan, kasoekana di noe njéjot, moen di émpang di sitoe, saoemoerna tě djadi bibit, tě daékén ĕndoğan, badjir béjak oemoer, hantě ngěndog tě anakan, tapi radjěn dina bětěngna sok manggih, kantjra aja ěndogna.
  5. Tapi tatjan aja djalma hidji, anoe mikir njijěn akalna, sangkan sina bidjil ěndog, saperti noe kasěboet, pasal lima wělas prakawis, gěs aja di Éropa, noe ngěndogkěn laoek, dina djahas tjai hérang, ěndog éta di tjampoerkěn djěng mamanis, bidjil ti lalakina.
  6. Kira-kira bowa daékěn djadi, ngan tě atjan aja noe
[ 23 ]milampah, tapi noe enggěs kalakon, ěndogna éta laoek, dina tjai-tjai noe tarik, ĕndoģná paralidan, kahilir gěs djaoeh, malěgar di djalan-djalan, sanggés měgar éta anak moelang děi, ngarěj madjoe ka girang.
  1. Anoe mangka réja laoek lětik, anak kantjra djalma ngadjoewalan, ka Tjijandjoer moro-moro, harga laoek saratoes, měnang měli ngan tiloe doewit, opat doewit mahalna, djadi moen saréwoe, tiloe baroe pangmoerahna, sěg mahalna opat baroe kantjra lětik, réja pisan noe dagang.
  2. Ngan waktoena sataoen sakali, dina mangsa kĕr katiga pisan, moesimna ěkěr halodo, réjá noe mawa laoek, anak kantjra noe lalětik, ngarala ka Tjisokan, di djoewal ka Tjiandjoer, něpi ka Bandoeng djaoehna ka koelóña ka Bögör rėja noe měli, hargana djadi oendak.
  3. Sawab djaoeh sarta rada roegi, tiloe pěting lalampahhañana, di djalan koedoe marondok, noe ka Bogor ka Bandoeng, di djoewalan salikoer doéwit saratoesna tě koerang, anggoer radjěn lakoe, doewa poeloeh sén di djoewal, satanggoengan toedjoeh réwoe djalma hidji, noe sok radjěn marawa.
  4. Djĕng parabna kantjra kitoe děi, sagoeramé njatoewañana, laoekna moetoeh koe raos, noempang ti sédjén laoek, bari pělěm nja hantě hanjir, roepana pangāloesna, taja anoe njoesoel, noe pantěsna tjara kantjra, tapi linghas koewat dina tjai tarik, di tjai njéjot bisa."

MÉLANG.

  1. Ijé pasal katiloe prakawis, laoek mélang éta tjara kantjra, gědéna sed rada pondok ngan sédjén ana njatoe, noe di hakan di tjai-tjai, koeloemoed batoe téja tjára loekoet lěmboet, di tjroktjrokan di sontrolan, koeloemoedna dina ĕmbĕk-ĕmběk tjai, wantoening labek njaksab.
[ 24 ]

ARĚÑGAN.

  1. Ijě pasal kaopat prakawis, laoek arěngěn anoe katjarita, éta tjara mělang baé, ngan gědéna tě njoesoel, tina mělang koerang saětik, lampahna hantě bėda, ngěnahna tě njoesoel, ngěnah kénéh laoek mělang, kasoekana arĕñgan arina tjitjing, dina lětak loekoetan.

BIBRIH.

  1. Pasal noe kalima laoek bibrih, hantě béda tina laoek kántjra, ngan bédama bibṛih gĕpéng, gèdéna hantě njoesoel, djěng ngěnahna tě pati něpi, nja ngěnah kénéh kantjra, kasoekana njatoe, sakahakañan djěng kantjra, hantě béda, ari kasoekana tjitjing, di noe lijoeh noe bala.

LAOEK ĚMAS.

  1. ljě pasal kagěněp prakawis, njaritakěn moenggoehing laoek ĕmas, anoe běrěm anoe hédjo, warna roepana laoek, anoe bodas tarotol lětik, anoe hiděng noe bělang, tapi éta laoek, di sěboet noe panghadéna, doewa roepa anoe hédjo sapěrkawis, doewa noe běrěm pisan.
  2. Anoe běrěm handjakal sa ětik, tina sawab babari tétéla, di tjai hérang katéndjo, katingali ti loehoer, laoek běrěm di djĕro tjai, koe séro kanjahowan, koe bañgo tiloehoer, koe djělěma ĕwah-ĕwah, noe mikarep boga nijat arék maling, laoek běrěm tétéla.
  3. Anoe matak hadé njijěn bibit, anoe hédjo éta panghadéna, batan laoek ĕmas sédjén, anoe bodas njakitoe, hantě pati hadé kěr bibit, koerang dina raosna, djěng awas ti loehoer, tě tjara noe hédjo téja, djěng děi ngagédéjañana babari, poepoeh sinom gantina.
[ 25 ]

IX

POEPOEH SINOM.

  1. Lamoen oemoer gěněp boelan, pandjangna sok radjěn něpi, kana gěněp dim satěñgah, oemoer sataoen sok mandjing, sakaki lěwih sadim, moen gěs kolot éta laoek, tiloe kaki pandjangna, gampang téréh loba bibit, djěng midjahna tiloe kali sataoeña.
  2. Tatapi dina koelahna, anoe pikěn ĕnggon bibit, toehoerkën hěla lětakna, djěng daékěn baé djadi, dina sagala tjai, anoe hérang sarta hiroep, laoekna tangtos ngěnah, batan ti noe goréng tjai, djěng parabna loekoet djoekoet djĕng gégémpa.
  3. Kédjo hoeoet hilěd béjas; koetoekoeja noe di tjai, rědjěng éta laoek ĕmas, koewat ti běrang ti pěting, nadjan tjai saětik, lamoen mawa ka noe djaoeh, rědjěng hasil katjida, mijarana gé babari, hadé mělak di rantja di tjiwaloengan.

TAWÉS.

  1. Pasal katoedjoeh prakara, laoek tawés gampang děi, djěng bari téréh gědéna, oemoer sataoen sok něpi, salapan sapoeloeh dim, pandjangna nja éta laoek, djěng téréh pisan réja, tjara laoek ĕmas děi, djěng parabna tjara parab laoek ĕmas.
  2. Hasil ogé di pijara, ngan rada hésé saětik, moen di bawa ka djaoehna, tě koewat koe panas těing, soekana koedoe tiis, pĕré pisan éta laoek, tapi lamoen rék mawa, aja měěsan noe lětik, tapi oelah réja těing sawadahna.
  3. Sarta tjai dina wadah, sing mindeng di ganti-ganti, djěng oelah kěna koe panas, toeroeban masingna boeni, sok laloentjatan bidjil, kitoe adat éta laoek, djěng dina koelah-koelah, dina sitoe noe palagi, adat tawés sok babari pisan minggat.
[ 26 ]

LALAWAK.

  1. Ijě pasal kadalapan, lalawak nja kitoe děi, tjara tawés laoek roebak, pandjangna ngan dalapan dim, gědéna hantě něpi, djĕng roebakna hantě njoesoel, rědjéng běrĕm matana ari tawés bodas bĕrsih, djĕng lalawak běrĕm dina tjétjépétna.
  2. Éta laoek téréh loba, nja gěs tjara tawés děi, moenggoeh dina kasoekana, taja bédana saětik, parabna kitoe dĕi, moen mijara éta laoek, poegoeh hasil katjida, téréh djĕngkar réja bibit, dina koelah dina sitoe aranakan.

TJORENGTJANG.

  1. Pasal salapan prakara, tjoréngtjang pandjang gěněp dim, tjara tawés laoek roebak, karěsěpna kitoe děi, parabna hantě pilih, éta haṣil moen di ingoe, moenggoehing kasoekana, nja dina tjai noe palid, di noe tarik pipir batoe pipir tjadas.

NILĔM.

  1. Pasal sapoeloeh prakara, laoek nilěm kitoe děi, moenggoeh dina kasoekana, palagina ěnggon tjitjing, dina waloengan tjai, dina émpang dina sitoe, dina tjai noe hérang, di noe kiroeh ogé tjitjing, baranañan sok babari pisan djěngkar.
  2. Djěng téréh pisan gědéna, tjara laoek ěmas děi, lamoen gěs kolot oemoerna, pandjangna ngan dalapan dim, aja anoe sakaki, nilěm, kolotok di sěboet, béda gědé pandjangna, tina nilěm noe sasari, sarta éta, laoek téréh pisan loba.

SORO.

  1. Pasal sawělas prakara, laoek soro sédjén děi, ngan dalapan dim pandjangna, sakaki sok radjěn něpi, kasoekana
[ 27 ]njatjitjing, di noe tarik reja batoe, waloeñgan pigoenoengan, dina tjai anoe tiis, anoe hérang noe běrěsih réja lijang.
  1. Moenggoehing dina parabna, éta tjara kantjra děi, ngan hantě njoesoel gědéna, ari soro rada lětik, ngan roepana rék nanding, rědjëng kantjra rék sapatoėt, taja pisan bédana, ngan hoeloe pondok saětik, ari kantjra rada lodor dina sirah.

LÉJAT.

  1. Pasal noe kadoewawělas, léjat mandjing sapoeloeh dim, sakaki noe pangpandjangna, karěsěpañana tjitjing, nja tjara mělang děi, laoek njaksrak njatoe loekoet, koeloemoed batoe téja, dina ěmběk-ěmběk tjai, di hakañan koema adat tjara mělang.
  2. Di tjai-tjai waloeñgan, dina paroeng anoe tarik, di noe galědé batoena, njalindoeng di pipir-pipir, oepama lamoen mibit, mělak di émpang di sitoe, běnang ogé di pĕlak, tapi hantě djadi bibit, tina sawab tara anakan di koelah.

DJÉDJÉD.

  1. Pasal noe katiloewělas, laoek djédjéd rada lětik, ngan opat dim pangpandjangna, éta djédjéd kitoe děi, tjara léjat noe tadi, noe gěs kasěboet di loehoer, ngan boelěd pangawakan, moenggoeh kasoekana tjitjing, djěng njatoena nja gěs tě béda djĕng léjat.
  2. Pasal noe kaopatwělas, laoek noe ngaraña rěgis, kira gěněp dim pandjangna, karĕsĕpañana tjitjing, nja tjara kantjra děi, noe gěs kasěboet di loehoer, dina pasal kadoewa, parabna nja kitoe děí, gěs tě aja bédana ti laoek kantjra.

DJAMBAL.

  1. Pasal noe kalimawělas, laoek djambal lain dĕi, éta
[ 28 ]laoek tě sisitan, djěng déi boga pamatil, pandjangna opat kaki, gědéna tě pati djaoeh, rék saroewa djěng kantjra, éta laoek goréng děi, sok ngahakan kana laoek anoe lijau.
  1. Poegoeh lamoen ka batoerna, kana laoek-laoek lětik, goréng batan laoek hampal, lamoen di pijara roegi, ngaroeksak laoek lětik, matak hantě réja laoek, lamoen djambal di pělak, ari kasoekana tjitjing, dina tjai waloengan dina lijoehna.

LIKA.

  1. Pasal noe kagěnapwělas, laoek lika kitoe děi, alah batan laoek djambal, pandjang radjěn lima kaki, panggědéna sasari, di tanding koe djambal tiloe, anoe ges gědé pisan, sarta goréng hantě rapih, kana laoek anoe sédjén ngahakanan.
  2. Gěs poegoeh sok ngahakañan, monjét loetoeng moen ka tjai, měri hajam di hakañan, naon noe njaba ka tjai, djĕng kasoekana tjitjing, dina lijoeh-lijoeh batoe, dina lěwi noe lěga, bisa dina tjai tarik, noe taroegtoeg réja batoe réja lijang.
  3. Éta montong di pijara, sok méjakěn laoek lětik, noe gědé ogé di hakan, sagala anoe kapanggih, bari boga pamatil, tjara djambal boga tandoek, laoek hantě sisitan, koewat dina tjai tarik, wani ngoedag kana laoek anoe lijan.

LÉLÉ.

  1. Pasal noe katoedjoehwělas, laoek lélé rědjěng lěndi, téréh gědé laoek éta, pandjang nepi ka sakaki, djëng téréh loba bibit, karěsěpna dina sitoe, djěng dina rantja-rantja djĕng dina waloengan tjai, di noe loeloek tjai patjampoer djéng lěţak. [ 29 ]
  2. Djěng parabna noe di hakan, koetoekoeja hilěd tjai, loekoet hoeoet djěng gégémpa, rinjoeh kédjo rědjěng tjatjing, laoekna ngěnah děí, éta hadé moen di ingoe, di pijara di koelah, gampang hantě hésé děi, djěng babari loba lamoen di pijara.

BĚTOK

  1. Pasal kadalapan wělas, laoek bětok téréh děi, satěngah kaki pandjangna, atawa koerang saětik, téréh loba kĕr bibit, babari djĕngkar di sitoe, djěng dina rantja-rantja, soeka dina lětak tjitjing, djěng parabna tjara lélé hantě béda.

SĚPAT.

  1. Pasal kasalapan wělas, laoek sěpat rada lětik, téréh gědé, téréh réja, karěsěpna ĕnggon tjitjing, nja tjara bĕtok děi, parabna gës tjara kitoe, taja pisan bédana, ngan sĕpat rada lalětik, panggědéna hantě tjara bĕtok téja.

SÉNGGAL.

  1. Pasal kadoewa poeloehna, laoek sénggal kitoe dĕi, dalapan dim pangpandjangna, éta téréh loba bibit, karěsěpna sok tjitjing, di tjiwaloeñgan noe lijoeh, rědjěng dina parabna, éta tjara kantjra děi, běnang ogé di pijara dina koelah.

KANAJAPAN.

  1. Pasal salikoer prakara, kanajapan lain děi, salapan dim pangpandjangna, éta kasoekana tjitjing, dina waloengan tjai, noe hérang noe réja batoe, ari dina parabna, koetoekoeja hilĕd tjai, rědjěng loekoet dina batoe dina tjadas.
[ 30 ]
  1. 2Éta laoek ngěnah pisan, hadé moen di djijěn bibit, di pělaken dina koelah, noe hérang noe réja késik, réja batoe di sisi, sangkan soeka éta laoek, réhna noe di hakañan, koeloemoed batoe di tjai, noe narapěl kana batoe kana tjadas.

MÉÑGA.

  1. Pasal kadoewa likoerna, laoek méñga kitoe děí, ngan lima dim pangpandjangna, noe réja di Tjimandiri, nja éta ngěnah děi, laoek sisi laoet kidoel, di moewara-moewara, noe réja batoe di sisi, tina sawab loekoet anoe di hakanan.
  2. Nja éta gé téréh loba, rědjěng karěsěpna tjitjing, nja dina tjai waloengan, noe hérang noe réja kěsik, réja tjadas di sisi, sok narapěl kana batoe, napělkěn tjětjěpatna, mana pagěh bisa tjitjing, dina batoe dina pipir lijang-lijang.

BALANAK.

  1. Pasal katiloe likoerna, nja laoek sisi basisir, ngaraña laoek balanak di moewara tjai-tjai, pandjangna sapoeloeh dim, aja noe sakaki langkoeng, sarta djěng téréh loba, hadé lamoen njijĕn bibit, lamoen mělak dina sitoe dina émpang.

DĚLÉG.

  1. Pasal kaopat likoerna, njaritakěn laoek děi, dělěg anoe katjarita, djĕng gaboes ngaran sahidji, pandjangna radjěn mandjing, doewa kaki malah langkoeng, laoek di rantja-rantja, djěng téréh djĕngkarna lěwih, ganti těmbang poepoehna asmarandana.

X

POEPOEH ASMARANDANA.

  1. Djĕng dina waloeñgan tjai, soeka dina lětak-lětak, éta
[ 31 ]laoek téréh gědé, tapi goréng ka batoerna, galak sok ngahakañan, kana laoek-laoek lěmboet, roegi lamoen di pijara.
  1. Moen tjampoer djěng sédjén děi, sapěrti ngingoe di koelah, dělěg djadi hama gědé, tapi lamoen ngawoengkoelmah, tjara di rantja-rantja, nja hadé ogé di ingoe, ngoentoengkěn kabina-bina.

BOGO.

  1. Pasal salawé prakawis, laoek bogo katjarita, di ngaranan hédjo gado, téréh gědé laoek éta, sarta djĕng téréh loba, karěsěpna tjara gaboes, roegi lamoen di pijara.

DJONGDJOLONG.

  1. Ije pasal lain dĕi, djědjég kagěněp likoerna, laoek noe ngaran djongdjolong, nja éta noe ngaran hamapal, pandjangua kira-kira, sakaki satěngah langkoéng, bari téréh pisan loba.
  2. Karěsěpna ĕnggon tjitjing, dina sitoe dina koelah, dina waloengan ngotjor, laoek goréng ka batoerna, sok běki ngahakañan, kana laoek-laoek lěmboet, roegi lamoen dipijara

LOEBANG.

  1. Ijě pasal lain děi, anoe katoedjoeh likoerna, laoek loebang téréh gědé, lima kaki pangpandjangna, rěsěp di tjai waloeñgan, dina lijang-lijang batoe, moen ěnggěs gědé katjida.
  2. Daék njatoe kana měri, atawa sok njatoe hajam, poegoeh moen ka laoek sédjén, hésé pisan mijarana, sawab babari minggat, di koelah atawa sitoe, bisa pisán pangminggatna.

PARAJ,

  1. Ijě pasal lain dĕi, dalapan likoer prakara, laoek paraj
[ 32 ]katjarijos, kira tiloe dim pandjangna, djěng bari téréh loba, karěsěpna éta laoek, dina oenggal tjiwaloengan.
  1. Di sagala tjai-tjai, djěng děi dina parabna, loekoet koetoekoeja kédjo, hilěd béjas kaběkina, hoeoet rědjĕng gégémpa, éta hasil moen di ingoe, sok babari pisan djèngkar.

BĚNTĚR.

  1. Njaritakěn pasal děi, salapan likoer prakara, laoek běntěr téréh gědé, ngan tiloe dim pangpandjangna, aja noe panggědéna, ngaraña běntěr tjangkihkoel, satengah kaki pandjangna.
  2. Éta tjara paraj đěi, di sagala tjai aja, parabna saparaj baé, énggěs sakaběki pisan, hantě aja bédana, téréh djěngkar éta laoek, hadé lamoen di pijara.

TAMPÉLÉ.

  1. Katiloe poeloeh prakawis, tampélé noe panggědéna, pangpandjangna ĕnggěs néndjo, ngan sadim tiloe parapat, étatéh karěsěpna, di tjiwaloengan di sitoe, rědjĕng dina, rantja-rantja.

DJOELOENG-DJOELOENG.

  1. Pasal tiloe poeloeh hidji, djoeloeng-djoeloeng laoek ngambang, éta laoek tara ngěndog, ngadjoeroe toeloej anakan, ari noe pangpandjangna, sadim satengah tě langkoeng, rědjĕng téréh pisan loba.
  2. Djěng parabna hilĕd lětik, hoeoet rédjéng hilěd béjas, éta tjara paraj baẻ, ngan ari paraj di handap, djoeloeng-djoeloeng mah ngambang, lain tjara sédjén laoek, gës kitoe salalawasna.
[ 33 ]

HOERANG.

  1. Ijě pasal lain dĕi, anoe katjarijos, éta téh anoe tiloe poeloch doewa, hoerang réja gawéna, di lilakën gé běnang, di powé mangkana toehoer, ngĕnah pisan di daharna.
  2. Ajana di tjai lětik, dina sitoe dina koelah, di sagala tjai baé, djĕng parabna tjara paraj, éta hasil katjida téréh loba éta lacek, hadé lamoen di pijara.

RARONG.

  1. ljě njaritakěn děi, tiloe poeloeh tiloe pasal, ĕnja éta laoek rarong, dina moewara-moewara, dina sitoe gé aja, téréh loba éta laoek, hasil lamoen di pijara.

KOEOEL.

  1. Ijé pasal lain déi, anoe tiloe poeloeh opat, ajěna noe katjarijos, tina sawab réja-réja, djalma noe malijara, nja éta noe ngaran koeoel, éta téréh pisan loba.
  2. Ari karěsěpna tjitjing, di sitoe di tjiwaloeñgan, rědjěng dina balong-balong, aréndoğan aranakan, babari pisan réja, hantě matak hésé ngoeroes, sarta linděk hantě giras.

KÉJONG.

  1. Ijě pasal lain dĕi, anoe tiloe poeloeh lima, éta njaritakěn kéjong, tjara koeoel hantě béda, sarta téréh pisan loba, hantě soesah anoe ngiñgoe, hantě koengsi di paraban.

TOETOET.

  1. ljě njaritakěn děi, tiloe poeloeh gěněp pasal, toetoet anoe katjarijos, tjara kéjong hantě béda, lampah baranghakana, ngan sédjén roepana toetoet, béda rědjěng kéjong téja. [ 34 ]

10.

BAB NGADEENG,

  1. ljě njaritakěn děi, lampah ngoméjan laoekna, soepaja toehoerna hadé, benang di lilakěn pisan, di bawa ka djaoehna, laoek tě boeboek tě boeroek, djěng hantě leñgit pělěmna.
  2. Malah-malah tambah sari, djěng lěngit baoe hanjirna, kijě pětana ngadééng, mimitina koedoe koembah, djěng pitjěñan pĕdjitna, sanggės kitoe singna toeoes, toeloej di oejah asěman.
  3. Masing galo djadi hidji, oejahna di réndos hěla, soepaja njěrěp ka djēro, asémna koedoe galējan, wadahan dina djahas, gěs kitoe koedoe di oenoen, di wadahan dina sasag.
  4. Darajkěn oelah patindih, boelak balik masing rata, bisina goréng sawaréh, djěng koedoe majëng sěněna, lamoen kěr oesoem hoedjan, koerang oenoen tangtoe boeroek, detjoetan djéng bilatoeñgan.
  5. Moen kĕr halodo bahari, di taněh njijěn palanggar,laoek téh darajkěn powé, lamoeña méngrét pisan, gantjang pisan toehoerna, éta lakoe éngges mashoer, kapilampah koe sadaja.
  6. Soemawon oenang basisir, Děrmajoe djěng Pamanoekan, kitoe ngoméjan Iapek téh, tina gampang hantě soesah, djěng hampang di bawana, di dagangkěn ka noe djaoeh, népi ka Bandoeng Soeměĕdang.
  7. Malah ka Garoet gé něpi, laoek tagih rědjĕng kakap, lajoer pěda djěng pépéték, tapi ari pépáték mah, tě di pědjitan hěla, koe sabab ipis djěng lěmboet, toehoer koe di daraj-daraj.

[ 35 ]

  1. Impoen gé njakitoe děi, hantě maké di pedjitan, toeloej di powékén baé, tapi di oejahan hěla, éta mah pĕrloe pisan, hantě měnang pisan kantoen, malah djadi paribasa.
  2. Tarasi panghoedang sari, oejah téh panghoedang rasa, kadaharan tiis baé, lamoen hantě maké oejah, aja dina paribasa, djalma anoe sok tjoelañgoeng, di sěboet koerang oejahna.
  3. Rědjěng saprakara déi, lamoeña gědé laoekna, tjara kantjra djěng goeramé, koedoe kĕrětan potañgan, sarta toeloej oejahan, di tjampoeran rědjěng sañgoe, galějan rědjěnglaoekna.
  4. Di tĕndĕña masing apik, wadahan di djěro tahang, dina parijoek gé hadé, toeroeban sing rékép pisan, di lampat ti gigirna, oelah měnang añgin asoep, soepaja tě bilatoeñgan.
  5. Rědjĕng saprakara děi, maké pějěm rědjěng oejah, něnděña nja kitoe kénéh, dina tahang kai téja, toeroeban ti loehoerna, rapět koe sangoe djěng apoe, oelah pisan kaāñgiñan.
  6. Di Eropa kitoe děi, tapi tě réja sambara, woengkoel di oejahan baé, di wadahan dina pipah, di rapět hadé pisan, di bawa ka noe djaoeh, di djoewal ka poelo Djawa.
  7. Oerang Soenda moen di pikir, réja mitjěn kaoentoeñgan, satěměña bodo kénéh, réja rarong réja hoerang, hantě di akal-akal, hoerang di mangkána toehoer, di djoewal mahal hargana.
  8. Oepama hoerangna lětik, njaéta rarong ngaraña, di djiěn tarasi hadé, di oejahan di goelaān, di raměs di toetoewan, tarasina běrěm aloes, tangtoe laris di djoewalna.
  9. Něda ka raboel alamin, moega-moega ijě těmbang, djadi mangpaät sakabéh, ka noe tani ka noe dagang, kitoe děi ka ménak, sabab moen gěs réja laoek, gěs tangtoe réja toeloengna.

[ 36 ]

  1. Sato-sato sapi moending, mowal rěměn di pěntjitna, gěs tangtoe katalang baé, nja éta koe laoek téja, moending sapi djaléngkar, mowal téréh-téréh toehoer, lila-lila tambah loba.
  2. Ari ajena gěs boekti, sapi moending djadi koerang, tina di pěntjitan baé, soemawon sapi méh taja, pilihan anoe boga, tě tjara djaman kapoengkoer, méh oenggal djalma maijra.
  3. Koe kaoela noe di pambrih, soepaja sakabéh djalma, dañgan ngalakonan gawé, tina tě réja kakoerang, tonggoj nja koemawoela, ngadjoengdjoeng ka kěrsa ratoe, njaéta Radja Néděrlan.
  4. Koela ti bĕrang ti pěting, ngadoedoeñga hantě pěgat, nja moehoen ka Goepěrněmén, noe karsa ngĕrtakěn djaman, tě ngétang karoegijan, soepaja abdina loeloes, salamět tjoekoep hiroepna.

TAMAT.