Wawatjan Katrangan Miara Laoek Tjai/Poepoeh Sinom
Pidangan
[ 2 ]
- Moen di paké ngarah oentoeng, tina asal boga bibit, anak laoek ĕnggés réja, koelah sitoe gěs di ěsi, sĕg mělakan tjiwaloeñgan, tangtoe měrěn tambah hasil.
- Ngaréjaān oenggal taoen, rédjéng aja noe paralid, tina sitoe-sitoe bědah, tangtoe ngotjorna ka hilir, nja tětěp di tjiwaloeñgan, aranakan tambah děi.
- Lila-lila djadi pinoeh, dina oenggal-oenggal tjai, hantě hésé barang-ala, noe asal tě boga bibit, ngala di tjai waloeñgan, hantě maké modal doewit.
- Tangtoe rěsěp ngala laoek, réhna djalma pada běki, tapi tě bějak di ala, tina ěnggěs réja bibit, di harakan di djoewalan, hantě soesah ngala doewit.
- Tina ngadjoewalan laoek, pikěn balandjana mahi, sanggěs mahi kĕr balandja, moengpoeloengkěn něnděn doewit, pikěn měli papakéjan, lila-lila djadi soegih.
- Mana hadé mělak laoek, láin tjara sapi moending, matak hésé ka djělěma, koedoe ngañgon koedoe ngarit, djěng koedoe aja kandangna, ngadjagana bĕrang pěting.
- Laoek mah tě koedoe kitoe, tě hésé tě matak poesing, djĕng babari ngabibitna, měnang koe modal saětik, hantě djadi kasoesahan, těmbang sinom noe ngaganti.
II
POEPOEH SINOM.
2.
BAB SITOE DJENG BALONG.
- Noe matak hadé néjañgan, akal soepajana djadi, anoe tě djadi sorañgan, těgěsna akal pamilih, njijěn ĕnggon sahidji, nja éta kěr mělak laoek, ari mělakañana, bibit anoe benang milih, djěng mělina hantě pati réja modal.
- Hantě djadi kasoesahan, měnang koe doewit saětik, kitoe děi mijarana, moenggoeh mělak laoek tjai, nja gampang hantě poesing, tapi réja anoe oentoeng, djalma anoe marělak, hantě pisan djadi roegi, tina adat anoe ĕnggés kapilampah.
- Kitoe děi djalma-djalma, sakabéh value="16">Hantě djadi kasoesahan, měnang koe doewit saětik, kitoe děi mijarana, moenggoeh mělak laoek tjai, nja gampang hantě poesing, tapi réja anoe oentoeng, djalma anoe marělak, hantě pisan djadi roegi, tina adat anoe ĕnggěs kapilampah.
- Kitoe děi djalma-djalma, sakabéh pada barěki, kana laoek ngadalahar, tambah koewat kana diri, djaba ti laoek tjai, daging sapi moending kitoe, di dahar di djaroewal, tapi moenggoeh di noe lětik, hantě wěrat mělina koe sabab mahal.
- Anoe mangka tjatjah-tjatjah, koedoe mělak laoek tjại, tina sawab rada moerah, soemawoña lamoen mibit, anggoeřan měnang doewit, ngadjoewal ka batoer-batoer, atawa ka noe lijan, tina dahařĕn gěs lěwih, dina sitoe dina koelah ĕnggěs réja.
- Nja éta noe di djoewalan, děmi kaoentoeñgan doewit, noe tina sahidji koelah, moen djěrona opat kaki, oekoerañana něpi, kana lahan lima ratoes, toembak ka pasagina, nja éta sabaoe mandjing, bisa djadi sratoes lima poeloeh roepijah.
- Atawa sok radjěn tambah, doewa ratoes radjen něpi, djěng děi dina hasilna, taja pisan anoe nanding, ngéléhkěn djalma tani, gědé tina anoe nanding, ngéléhkěn hasil laoek, mana hadé milampah, sagala djalma tě pilih , lamoen tina aja tjai aja lahạn.
- Ngoblog taja pěpělakan, sarta katinggang koe tjai, éta noe di kira-kira, sarta djeng di pilih-pilih, gěs djadi pisan boekti, di Tarogong tanah Bandoeng, asal noe kaoeroeğan, pipir goenoeng di noe lamping, lělěgokna di běndoeng di djijěn koelah.
- Réja sitoe běnang měngkat, anoe gědé anoe lětik, toeloej sĕg di parělakan, koe laoek gěs djadi bibit, sitoe sawaréh děi, di pělakan laoek lěmboet, gěs djadi kaoentoeñgan, ka djalma noe děkět tjitjing, noe milampah njijěn sitoe njijěn koelah.
- Malah djadi kamahijan, saréwoe roepijah lěwih, měnang doewit sataoeña, ajěna noe ěnggěs boekti, gěs pada mararahi, djalma anoe pipir goenoeng, sarta di paké kasab, tina hantě matak poesing, kahiroepan oenggal taoen tambah-tambah.
- Rědjěng dina sawah-sawah, saěnggěsna roempak-djami, di bĕndoeñgan di pělakan, koe laoek ĕmas laletik, sawab gěs pada ngarti, réja anoe matak oentoeng, djaba ti laoek pělak, běntěr lélé miloe tjitjing, éta asoep djadi tambah kaoentoeñgan .
- Dina mangsa sěsělana, méméh mělak paré děi, nja éta mělakañana, koe laoek-laoek lalětik, gěs něpi kana moesim, sawahna rék di woeloekoe, laoekna sěg di ala, di djoewal di paké bibit, di dalahar sabatoer-batoer walatra.
- Djěng děi djaba tidinja, sitoe-sitoe aja děi, gawéna hasil katjida, nja éta měgatan tjai, lamoen kĕr oesoem ngidjih, waktoe tjaäh tjai pinoeh, éta tě matak roeksak, kana sawah noe di hilir, tina sawab koe sitoe gěs katandéjan.
- Anggoer ngaplak tjai ngemplang, ngotjorna tě pati tarik, palidna hantě ngagěntak, sawabna aja pipinding, ngadjaga ka noe hilir, njaéta tambakan sitoe, anoe měgatan inja, sangkan tě ngagĕntak palid, moen ngagěntak paréna hamo kaäla.
- Rědjĕng děi noe mijara, éta laoek-laoek tjai, hantě djadi kasoesahan, soemawoña matak poesing, sarta tě matak roegi, anggoer tambah djadi oentoeng, ka sagala djělěma, noe mijara laoek tjai, lila-lila měrěn tambah djadi banda.
- Ngadjěmbarkěn ka djělěma, ka ménak ka koering- koering, ka tjatjah tě kabalangsak, moenggoeh di djělěma lětik, noe sok mijara bibit, ngadjoewalan anak laock, lěwih tina hakaña, réja tjatjah djadi soegih, asal mibit djadi kamahijañana.
- Enggés réja noe milampah, tina sawab matak mahi, kana kahiroeрañana, anoe miskin djadi soegih, djalma anoe ges soegih, katambahan woewoeh oentoeng, ges nambah-nambah banda, tina mělak laoek tjai, ganti těmbang poepoehna asmarandana.
III
POEPOEH ASMARANDANA
- Bab noe kadoewa prakawis, dina tjai rědjéng lahan,