Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/35

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
29

geus euweuh, geus dipaehan, djeung geus meuntjit hajam, geus ngangeun djeung geus disadijaän bakakak."

Eta baroedak noe loba sina njaroempoet, soepaja oelah katendjo koe Indoeng teja. Toeloej Indoengna njampeurkeun. Barang datang, baroedak anoe njaroempoet teja njalampeurkeun bari ngagogogan ka Indoengna.

Indoengna loempat, toeloej diaroedag bari didjěmbelan, ditjiwitan, datangka tjetjerewetan.

Geus kitoe disampeurkeun koe Aki sarta ditanja, pokna: Mana anoe njeri?" Indoeng nembal bari noedoehkeun: „Ijeu leungeun anoe njeri teh."

Tjek Aki: „Koe saha?" Toeloej koe Indoeng ditoedoehkeun. Tidinja koe Aki dipangmalěskeun diteunggeul lalaoenan. Kitoe bae aroelinna baroedak teh.

Ari geus toetoep, ririjoengan deui bari ngaromong. Henteu koengsi lila indoeng Saběnah njaloekan, pokna: Saběnah! geura ka imah sareupna.

Tjek Saběnah bari indit: „Eh, batoer-batoer! isoekan bae oerang aroelin deui, andjang-andjangan." Tidinja toeloej baralik asoep ka saimah-saimahna.




XV. TOETOEROETJINGAN.

  1. Hiroep lain koe njawa, leumpang lain koe soekoe.
  2. Kadenge karasa, tapi teu katendjo.
  3. Tangkalna ke, boewahna ko.
  4. Ana nangkoeban pinoeh, ana nangkarak kosong.
  5. Tiloehoer padoeng, ti handap padoeng, di těngah gegelentjengan.
  6. Soekoena tiloe, matana opat.