Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/36

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
30
  1. Nini-nini ragrag soerak.
  2. Sisitan lain kantjra, koekoentjoengan lain měrak.
  3. Aja awak euweuh soekoe, aja beuheung euweuh hoeloe, aja leungeun euweuh ramo.
  4. Ngaberes kawas pěrdjoerit, beunang diadjakan ngomong, tapi henteu njawaän.



XVI. BOEDAK TJOELIKA.

Aja hidji toekang sapatoe boga hidji anak lalaki, ngaranna Si Tahir, teuing koe tjoelika. Ari karěsěpna ngaheureujan anoe ngaliwat. Dimana reup peuting, toeloej manehna ngala tangkal taleus, pek ditjoletan koe apoe diroepakeun oraj-wělang. Toeloej digolerkeun ditengah djalan sarta ditalian koe běnang hideung. Děmi talina ditjěkělan koe manehna bari njoempoet di noe boeni. Oepama aja noe ngaliwat, toeloej talina dikěnjang, soepaja dinjanaän oraj ěnja.

Teu koengsi lila djol noe nganggoeng pare ngaliwat kadinja, katintjak oörajan teh. Toeloej tangoenganana ditinggangkeun sarta rantjatanana dipaoet, dipake neunggeulan oraj, datangka sapat oörajan teh. Tidinja pek ditjoeran koe rokrak, ana ditěgěs-těgěs bět lain oraj, toeloej bae manehna balik.

Si Tahir bidjil tina panjoempoetanana sarta bari seuseurian tjatjalakatakan, boga rasa, jen kadjadian ngaheureujanana teh. Atoeh beuki deudeuieun bae nijatna goreng teh.

Tatapi Si Tahir aja deui karěsěpna, nja eta toetoelisan dina gěbjog koe areng. Dina hidji powe Si Tahir dititah barangbeuli ka pasar. Ari di djalan gok papanggih djeung noe nanggoeng areng.