Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/63

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
61

wawanen, bubar ilang pangawasa, ari nu djadi sabab, pang kitu djalan kasiku, nilar nurasdjati tea.

26. Kapan subajana tadi, Sang Rĕsi Muhamad Kurbah, ka Radjaputra papagon, djimat nurasdjati tea, agĕm sapapaosna, samĕnit ulah dikantun, bok bilih njorang tjotjoba.

27. Kadua pĕrkara deui, wasiat Sang Rĕsi Kurbah, dikĕdahkeun purun bae, nikah ka putri Ambarak, ulah rek teu kĕrĕsa, nja ajeuna ĕnggeus timbul, bahjana Radja Pinutra.

28. Gantjangna anu digurit, teu lami Aria Patya, lĕbĕt kana bui bae, barang braj panto dibuka, kasondong Radjaputra, eukeur ngagĕdoran pintu, djeung ngotjomang sasauran.

29. Ngalirik ka Arja Patih, Pangeran Purnama Alam, nundjuk leber ku wawanen, ngandika aeh Si Kumba, tĕrah bangsa rasĕksa, lampah murka djuru hasud, tjing aing geura tigasan.

30. Sanadjan aing teu mati, dihirupan dipiara, moal kana sadrah hate, kawin ka anak siluman, tĕrah Putiasukma, bibit djurig djuru tĕnung, Si Kaswati kasetanan.

31. Radjaputra hanteu lami, saparantos sasauran, ka Arja Patih ngarontok, djeung bari nibakeun tangan, ka raraj Arja Patya, nu kiwa ngadjěnggut rambut, Patih Kumba teu ngalawan.

32. Anggur gumudjĕng ngagikgik, sarta bari sasauran, ulah sok ngunghak ka kolot, aing ngaran Arja Kumba, senapati Ambarak, anu mashur djuru pupuh, lain patih bapa sia.

38. Pinutra ngalahir deui, tjing atuh ari ĕnja mah, senapatining palugon, aing teh geur paehan, da aing hanteu kĕmba, maksud lĕbur djadi lĕbu, taja geusan panasaran.

34. Ngawalon Aria Patih, sanadjan sia teu menta, kami moal burung bae, nibakeun hukuman sia, dina waktu ajeuna, karana sia nu estu, milampah dua pĕrkara,

35. Hidji sia wani-wani, baha ka nu djadi radja, Sri Maha Ambarak Katong, ari kadua pĕrkara, sia ĕnggeus naruksak, nganiaja putri Ratu, Siti Kaswati nonoman.