Babad Limbangan

Ti Wikipabukon

Babad Limbangan[1]


Bismillahirrahmanirrahim

Jaman baheula Kangjeng Parbu Siliwangi, Nagara Pajajaran, kagungan hiji rencang ari jenenganana Aki Haruman. Damelna saban dinten ngan susumpit. Ari pakarangna hiji sumpit jeung dua jamparing. Bedil mariem jaman harita tacan aya.

Kangjeng Parbu Pajajaran lajeng nimbalan rencangna, "Coba Aki Haruman ayeuna susumpit deui." Sanggeus ditimbalan Aki Haruman lajeng leumpang cepet ngetan pernahna ti nagara Pajajaran; mapay ka unggal gunung jeung ka unggal pasir, tapi susumpit henteu meunang bae. Barang datang ka gunung Haruman lajeng anjeunna nanjak ka puncak gunung. Barang datang ka puncak, p(u)lung p(o)long anjeunna ningali ngetan, ngidul, ngulon. Barang ningali ka kaler, ka sisi walungan, bet aya nu hurung ngempur lir bokor kencana ka sorot srangenge. Lajeng Aki Haruman turun ti gunung bari di awas-awas. Barang datang ka sisi Cipancar, bet nu siram istri. Carek pikir Aki Haruman, "Aeh geuning istri geulis pisan. Tayohna widadari karek sumping ti sawarga loka, salira anu sakitu alusna. Ti dinya Aki Haruman tuluy nyampeurkeun ka Nyi Putri nu parantos siram, bari cacalukan pokna, "Aeh agan, pun aki antosan sakedap bade tumaros. "Huleng bae nyi putri jeung nyaur jeroning manah yen aya sepuh menta diantosan. Barang geus deukeut Aki Haruman ka Nyi Putri, pok bae Nyi Putri sasauran "Arek naon menta diantosan ka kuring?" Pok bae Aki Haruman sasauran, "Kieu agan, anu matak menta diantosan teh rehing pun aki anyar patepang. Ari agan putra saha? Saha nya tuang jenengan? Ti mana nya bumi banjar karang panglayungan?" "Euh jadi kitu menta diantosan teh. Lamun aki hayang uninga, nya didieu lembur kuring imah kuring sarta kuring putra Sunan Rumenggong, nu ngageugeuh nagara Limbangan." Balik naros deui ka aki, "Ari Aki ti mana bumi?" "Ari lembur Aki mah ti nagara Pajajaran, rencangna Kangjeng Prabu Siliwangi." "Kumaha nu matak naroskeun lembur kuring Aki?" "Henteu, bilih Aki tepang di jalan di pasampangan bae jeung aki." nyi Putri lajeng naros deui ka Aki Haruman, "Ari aki ti nagara Pajajaran tadi wayah kumaha nya indit? Aki mun jaman ayeuna pukul genep isuk-isuk tapi ayeuna ieu lebah dieu geus pukul 12. Ah, jangan tujuh jam aki." carek Nyi Putri. "Sumuhun gan, tapi Aki meunang susuinpit sajalan-jalan eureun-eureunan." Nyi Putri naros deui ka Aki Haruman, "Ari Aki pidatangeun deui ka nagara Pajajaran engke, kira-kira wayah kumaha?" "Ah engke oge Asar Aki geus di Pajajaran deui; jadi, ka Gunung Haruman mah Aki pulang poe bae." Ari sanggeus cacariosan, teu lami deui ti harita lajeng bae papisah, Nyi Putri ngaler, Aki Haruman ngulon. Ngan ieu nu ngarang carita, ka jenengan Nyi Putri hanteu terang, lantaran ku para sepuh baheula hanteu dicarioskeun jenenganana, ngan disebut nyi putri bae. Ti dinya Aki Haruman henteu kacaturkeun lami, geus datang ka nagara Pajajaran sarta tuluy bae ngadeuheusan ka Kangjeng Prabu Siliwangi sarta ku raja geus katingali lajeng bae dipariksa, "Kumaha aki susumpit teh meunang?" Aya barkah Gusti. Manuk meunang dua, geus disanggakeun ka jero; ngan jisim abdi aya piunjuk. "Dina hiji waktu leumpang teh cepet ngetan, dongkap ka Cihaurmananggal, wates Timbanganten. Di dinya aya gunung, 26 PNRI meujeuhna gedena. Jisim abdi tuluy nanjak ka gunung, seja susumpit. Barang datang ka puncak abdi ningali ka tebeh kaler bet aya nu mancur hurung cahayana dina sisi Cipancar. (Barang) ti dinya abdi turun ti gunung, diteang sarta di awas-awas. Barang geus deukeut bet istri geulis eukeur siram, tuluy ku abdi ditaros ari geus parantosan siram, ari poknya Nyi Putri, "Nya di dieu imah kuring, lembur kuring sarta kuring putra Sunan Rumenggong, nu ngageugeuh nagara Limbangan," kitu kasauranana Nyi Putri. Aeh aki, lamun kitu eta gunung menta jenengan ka urang. Ayeuna urang sebut gunung Haruman sabab asal Aki Haruman. Nu matak tepi ka ayeuna nelah gunung Haruman, asal ti Kangjeng Prabu Siliwangi Pajajaran. Barang geus ngajenengan gunung, Kangjeng Prabu Pajajaran ngadawuh deui ka Aki Haruman, "Jeung deui eta perkara putri, bener sacarita aki? Lamun enya, ku kaula buat dianggap geureuha sarta ayeuna rek miwarang para mantri, para ponggawa buat nanyaan sarta tepi kahasilna." Lajeng Aki Haruman ngawalon, "Jisim abdi henteu pindo gawe ka Dampal Gusti; piunjuk anu sabenerna; isin abdi lamun ngabohong ka Gusti sareng henteu kumawantun lamun jijieunan. Malahan jisim abdi atoh pisan, pantes didamel pawarang; pawarang pamilang tihang nu pantes calik di girang, nu nitih karaton alus, nu ngageugeuh dunya loba." "Sukur aki lamun kitu mah, malahan aki oge kudu indit ti dieu nanyaan bareng jeung para ponggawa." Lajeng Kangjeng Prabu Siliwangi nyaur para ponggawa. Gajah Manggala sareng Arya Gajah, kapetengan bisi teu hasil sareng sawadya balad. Ari geus kumpul lajeng ditimbalan ku Kangjeng Prabu Pajajaran, "Aeh para mantri sakabeh ayeuna kudu arindit ka nagara Limbangan nanyaan Nyai Putri, putrana Sunan Rumenggong, sarta kudu hasil pisan. Lamun tacan hasil, ulah waka marulang bareng deui jeung Aki Haruman. Ti dinya henteu lami deui ti harita, sanggeus ditimbalan b(u)rul bae sadayana indit ti nagara Pajajaran. Sakur nu geus didawuhkeun tadi sareng henteu kacaturkeun lami di jalanna, para ponggawa geus dongkap ka nagara Limbangan sawadya 27 PNRI balad, pareng Kangjeng Sunan Rumenggong nuju linggih di bumina. Lajeng Gajah Manggala asup ka bumi Sunan Rumenggong, ari para rencang di luar sadayana. lajeng Sunan Rumenggong mariksa ka tatamu nu dongkap; gancang diwalon ku Gajah manggala, jeung Arya Gajah, "Ieu jisim kuring diutus ku Kangjeng Prabu Pajajaran ngalamar putra gamparan buat dianggo garwa sarta ieu nyanggakeun suratna dina buku haur." Lajeng disanggakeun harita sarta geus katampi ku Kangjeng Sunan Rumenggong sarta geus kahartos unggeling tulis yen mundut nyi putri buat dianggo garwa. Ari saparantos kitu, lajeng Kangjeng Sunan Rumenggong badami sareng garwana, yen Nyi Putri buat dianggo garwa ku Kangjeng Prabu Pajajaran sareng jinisna oge, Nyi Putri, aya. Ngan harita Nyi Putri dipariksa ku ibu ramana henteu kersa. Ari pang henteu kersa, lain nampik kanu jadi ratu ngan ku seueur teuing garwana. Ceuk hiji carios mah leuwih ti saratus garwa; kitu pang henteu kersa soteh. Lajeng leungit tanpa lebih ilang tanpa karana, nyi putri les leungit teu puguh-puguh ti payuneun ramana. Lajeng gendongan diteangan teu kapendak, ngan seungitna nu ka angseu ku sadayana. Ari putrina hanteu aya. Anu matak di bawahan Limbangan aya ngaran kampung nu katelah "Buniwangi". Ari putrina buni wangina nu nyambuang kaangseu ku sadayana. Nu matak nelah "Buniwangi" nepi ka jaman ayeuna. Ari sanggeus lami-lami anu seungit tea henteu aya ku lantaran Nyai Putri hanteu aya di Buniwangi, nyumput ka hiji tempat. Malah urang dinya oge pada kaget yen ngangseu seungit lir kasturi nepi ka dua dinten. Lajeng anu nareangan nepi ka kampung nu seungit tea. Malah ibu ramana oge kantos dongkap ka eta kampung. Barang dina hiji waktu, Nyi Putri nembongan, kulantaran ningali ibu ramana anu sakitu prihatina. Lajeng Nyi Putri asup ka hiji imah sempil, kapendak ku ibu ramana. Eta kampung nepi ka jaman ayeuna nelah kampung Sempil, bawahan Limbangan keneh. Ari geus parantos kapendak lajeng dicandak ka bumina sarta diwurukan ku nasehat nu sae. Sangeus dongkap ka burni, lajeng diwurukan deui ku ramana "aeh Nyai, (po)ma ulah hanteu nurut kana kersana Kangjeng 28 PNRI Raja Pajajaran, karana sing nyaah ka ibu-rama. Lantaran itu teh raja, tangtos maksa mirusa ka ama, ka sadayana, sabab ratu murba wisesa." Lajeng Nyai Putri ngawalon ka ramanya, "Ngan satadina tacan tepi kana milik abdi, kadar abdi." Ramana ngajawab, "Puguh geus tepi kana kadar si nyai, milik si nyai. Jeung perkara nu jadi awewe ulah sok gede pangharepan; ngudag-ngudag nu acan puguh; nampik ka nu geus bukti; tungtungna jadi awewe kalangsu. Jeung deui piwuruk ama, geura regepkeun ku nyai." Anu wajib disembah teh lima perkara, nyaeta guru ratu wong atua karo. Kahiji guru anu wajib disembah sabab guru teh nu maparin harti-pangarti. Kadua ratu anu wajib disembah sabab ratu teh anu murba wisesa. Katilu indung-bapa nu wajib disembah sabab lantaran bijilna ti indung bapa. Kaopat mitoha nu wajib disembah sabab nu maparin kangeunahan teh bijilna ti mitoha. Kalima dulur panggedena nu wajib disembah sabab eta nu mimiti ngabedah lawang. Ari si nyai sup kana nomer dua, nyaeta Ratu murbawisesa. Ayeuna mah geura iring ama jeung geura jawab sabab ditunggu ku para mantri, Gajah Manggala, Arya Gajah, Aki Haruman, jeung saponggawana. Jeung deui, sugan dikersakeun ku Maha Suci boga anak pikeun ngarah turunan ti Kangjeng Prabu Pajajaran. Ti waktu .harita Nyai Putri hanteu lami deui gancang nyumanggakeun bae ka ibu ramana. Ari geus kamanah, tidinya Kangjeng Sunan Rumenggong lajeng rerempagan sareng Gajah Manggala, Arya Gajah, jeung Aki Haruman, yen Nyi Putri ayeuna parantos nyumanggakeun, seja ngiringan sakersana. Ti dinya rama ibu sasadiaaan pangganggo adat-adat biasa; mahanan ka Nyi Putri sareng geus sadia tandu joli atawa kaderah jeung parabot jaman harita. Jeung sadia sapuluh kuda anu beunang ngararangkenan ku torn jeung kadali borongsong perak nu ditabur ku inten jumanten. Sareng sadia dudukuy pelentung nu diermas wayang buat anggoeun istri-istri anu ngarencangan Nyi Putri. Jeung sadia lalaki buat ngajaga sajalan-jalan. Sabab jalan jaman baheula ngan ukur dua kaki gedena, lobana mah jalan torobosan bae anu kahalangan ku areuv-areuy jeung ku kakaian anu sakitu banggana. Ari geus parantos beres lajeng mangkat bae ti nagara Lim- 29 PNRI bangan istri pameget ngaleut ngeungkeuy. Nyi putri dina jero kaderah; istri-istri tarunggang kuda; ibu rama jajap dongkap ka luar kota. Nyi Putri geus mungkur ti nagara Limbangan, nyorang gunung lebak, pasir; sareng teu kacatur lamina di jalan sabab jauh moal burung cunduk, anggang moal burung datang. Kakocapkeun Nyi Putri geus sumping ka saketeng nagri Pajajaran lajeng ka lebet harita serta geus kauninga ku Kangjeng Prabu Pajajaran. Hanteu kacarios kitu kieuna, ngan diselehkeun ka ngajaga jero puri. Jisim kuring nu ngarang ieu carita hanteu tiasa nyarioskeun, duka kumaha dina jaman harita, ngan geus tetap salawasna dina jero karaton, henteu di carioskeun nikahna. Ari enggeus lami, dikira aya sapuluh taunna, nyi Putri kagungan putra ti Prabu Pajajaran lobana dua. Anu hiji jenengan Basu Desa, ari anu hiji deui Liman Sanjaya. Ari enggeus arageung, lajeng dicandak ka Limbangan ku Sunan Rumenggong sarta di jangjian ku rama Kangjeng Prabu Pajajaran yen ieu putu kudu dijieun parbu di Limbangan, lamun geus sampe yuswana. Ti harita hanteu lami deui lajeng dijenengkeun. Anu hiji, rakana, jeneng di Limbangan sarta geus kamashur jenengan Parbu Basudewa; ari raina dijenengkeun di Dayeuhluhur, nyaeta nu pernahna ti dayeuh Limbangan rada ngidul bae saeutik, kahalangan ku legok. Di Dayeuhluhur teh Parbu Limansanjaya geus kamashur. Ari sanggeus jeneng parbu duanana, lajeng dipaparin garwa ku rama Kangjeng Parbu Pajajaran, dikirim dua putri. Ari nu hiji nyaeta putri tanduan atawa kaderah anu dialus-alus pisan nganggo perhiasan anu hurung herang, tapi putrina di jero ngan ukur sedengan bae, henteu sakumaha geulisna. Ari anu kaderah hiji deui awon pisan sarta henteu nganggo perhiasan, tapi putrina di jero langkung-langkungnya geulisna, koneng semu hejo carulang, lucu limit hanteu aya babandingannana. Barang geus dongkap ka alun-alun lajeng dipariksa ku Kangjeng Parbu Basudewa "Ieu kaderah ti mana?" Dua kaderah sarta nganggo perhiasan jeung naon di jerona?" Lajeng walon anu mawa kaderah ka Parbu Basu Dewa, "Ieu kaderah di jerona dieusi ku putri, nyaeta buat gareuha gamparan hiji, ari anu hiji deui buat gareuha rai gusti, Parbu Limansanjaya, pasihan atawa 30 PNRI kiriman ti rama Gamparan, Kangjeng Parbu Pajajaran. Kedah pada nyandak hiji sewang." Lajeng bae ngadawuhan Kangjeng Parbu "Basudewa ka anu ngiringkeun kaderah, "Jadi kitu pangdongkap kadieu teh? Nuhun ka rama gusti dipasihan buat garwa. Tapi ieu anu alus kaderahna ajang kaula; bawa kajero gedong kaula. Ari ieu anu goreng kaderahna gancang bawa ka Dayeuliluhur." Ti harita teu loba pariksa deui, lajeng bae dibantun ka Dayeuhluhur sarta geus katampi ku Kangjeng Parbu Liman Sanjaya sareng geus manetep raka rai kagungan garwa hiji sewang. Barang geus lami-lami sok aya abdi-abdi anu nganjang ti nagara Limbangan ka Dayeuhluhur. Ti Dayeuhluhur deui sok aya anu dongkap ka Limbangan. Pok bae nyarita ka Parbu Basudewa yen rai mah garwana teuing ku leuwih geulis, mancur alus. Di nagara Limbangan mah tacan manggih anu geulis kawas garwa rai Gusti Parbu Liman Sanjaya. Kitu bae caritana anu sakur ngaranjang. Atuh Kangjeng Parbu Basu dewa rada mindel manahna, kaduhung hanteu dibuka heula kaderahna, reh ngupingkeun kasauran nu darongkap. Kitu bae caritana sakur nu sami nepangan. Lajeng bae Kangjeng Parbu Basu Dewa ngamanah siang wengi tina kaduhungna '"Naha urang penta bae, rebut ka kang rai," atawa urang tukeur bae. Ari direbut nyaeta ulah aya kagorengan, wantu urang jeung dulur. Cek paribasa jeung dulur mah buruk-buruk papan jati, goreng-goreng ge moal goreng teuing. Kitu bae siang wengi anu dimanah ku kersa anjeunna. Ari rek dongkap bae ka Dayeuhluhur ku maneh, sieun kawiwirangan. Tungtungna Kangjeng Parbu Basu Dewa kaedanan ku carios anu ngaranjang. Ari sanggeus lami-lami kamanah ku anjeunna jeung etangetang ngalilipur bae, ulah katara ku kang rai yen pimaksudeun awak, lajeng bae ngumpulkeun para ponggawa jeung para mantri sarawuh balad-balad. Maksud anjeunna bade ngalasan uncal, mencek, kidang ka gunung Haruman. Lajeng sadia tukang moro, pamatang, anjing, porog sarta geus ditimbalan kudu iang ka Gunung Haruman sadaya. Jeung miwarang ngiangkeun surat buat ka kang rai Parbu Liman Sanjaya di nagara Dayeuhluhur. Kocap piwarangan geus dongkap ka Dayeuhluhur. 31 PNRI Hanteu lami lajeng disanggakeun surat ka Parbu Liman Sanjaya. Barang diilo kamaphum unggeling tulis yen dina dinten enjing urang iang ka Gunung Haruman ngalasan mencek jeung uncal, kudu indit-sirib sarawuh jeung garwa karana ti Limbangan oge indit sirib. Sepi di jero nagara sami budal ka gunung. Barang geus isukna deui burudul bae Kangjeng Parbu Basu Dewa ti nagara Limbangan geus nanjak ka Gunung Haruman, ti Dayeuhluhur nyakitu deui Parbu Liman Sanjaya geus sami nanjak ka gunung. Barang geus dongkap ka gunung nyampak sadia papanggungan jeung pangcalikan buat Parbu Basu Dewa, Parbu Liman Sanjaya, para ponggawa, para mantri. Lajeng, sadayana arasup kana papanggungan sareng pangcalikan anu pernahna di Ciawi, sirah Cidahu. Eta pasir nelah nepi ka jaman ayeuna Pasir Pangcalikan. Kacaturkeun dina dinten harita loba pisan beubeunanganana, mencek nu keuna ku jiret, uncal ku gorogol. Para mantri, para ponggawa sareng sawadia baladna anu ngeprak ti kulon jeung ti kidul munggah geus ayeuh-ayeuhan. Ti Pasir sumawonna bar mawa kohkol hiji sewang. Langkung rame dina jero leuweung kai, pamatang paheula-heula bari tarumpak kuda. Kacaturkeun geus arasup kana jero porog anu datang beunang nyedekeun tea. Ari porog caket oge kana papanggungan tempat pangcalikan tea. Jalma-jalma pada cekcok langkung-langkung sarukaeunana tina marga loba untungna. Uncal sapirang-pirang anu asup kana porog sisi papanggungan, tapi abdi-abdi para ponggawa pada heran manahna, ngamanahan pangawulaan Kangjeng Parbu Basu Dewa atawa Kangjeng Parbu Liman Sanjaya, henteu aya manah kaget atawa suka ningali uncal, lembu anu sakitu bung-bengna. Sadayana pada heran, kumaha margana jeung teu aya dawuhan sugan kudu kitu kudu kieu. Sok ditunda para ponggawa, para mantri anu heran manahna, sareng wadya balad anu suka-suka meuncitan lembu uncal dina jero porog sarawuh gorogol. Kacaturkeun Kangjeng Parbu Basu Dewa eukeur satadi kaedanan ku carios yen putri sakitu alusna jeung sakitu lucuna. Waktu harita kempel di luhur papanggungan Kangjeng Parbu 32 PNRI Basu Dewa ningali kana buktina. Kangjeng Parbu Basu Dewa per ngadegdeg, lesu salirana, ngarasa hanjakal sarta kaduhung hanteu kamilik ku anjeunna eta Nyai Putri. Tungtungna mah hookeun ningali bae ka Nyi Putri, henteu beda sacariosan tea. Ningali panon Nyai Putri siga ningali permata sapasang; ningali panangan siga gondewa; ningali ramo-ramo lalencop marecut sareng pinuh ku cincin berlian. Carek babasan tea mah, ditilik ti gigir lenggik, ti hareup sieup, geus hanteu aya cawadeunana. Dina waktu harita Kangjeng Parbu Basu Dewa leungit karisi ilang nya wiwirang, pok bae carios ka raina, Prabu Liman Senjaya, "aeh Adi, rasiahna mah Akang teh kieu pang diondang soteh ka gunung. Kang Rai urang nyarioskeun perkara garwa tina waktu tadi salah nyokot, istri pikeun Rai dicokot ku Akang, ari pikeun Akang kabikeun ka Rai. Ayeuna mah suka teu suka, rido teu rido, ku akang baris ditukeurkeun bae. Garwa Akang ku Rai, garwa Rai ku Akang. Salah merekna waktu tadi; ayeuna baris dirawat bae sarta kalawan maksa ka Kang Rai." Walon Prabu Liman Sanjaya ka Kangjeng prabu Basu Dewa, "Euh jadi kitu carios Kang Raka ka Kang Rai. Ari eta mah perkawis pun bojo dipundut baris dilironkeun sareng garwa pun Akang, eta mah henteu naon-naon; boro-boro sariga awak pun bojo, hingga badan Kang Rai dipundut eta mah seja pasrah pisan sareng henteu dek nambag kana kersa Kang Raka. Barang eukeur sasauran lami kitu Kangjeng Parbu Basu Dewa sareng Parbu Liman Sanjaya, Nyai Putri lungsur tina papanggungan, api-api kahampangan, lajeng minggat asup ka leuweung nu bala, ngapruk sajalan-jalan, ngatohkeun pati jeung raga, geus teu inget ka salira, tina sakalangkung sedihna ngupingkeun saur Prabu Basu Dewa. Putri geus turun ti gunung mapay wahangan Cipicung terus ka Cilengkrang; henteu mulih deui ka bumi; angkatna kalunta-lunta; dongkap ka sisi wahangan Cimanuk, rada ngetan ti Dayeuhluhur. Di dinya aya batu di sisi Cimanuk; lajeng anjeunna linggih dina eta batu sarta buni pisan jeung neneda ka kersa MahaSuci hayang (di)ditepangkeun deui sareng rakana; kitu paneda Nyi Putri. Lajeng mujasmedi dina batu. Eta batu nepi ka jaman ayeuna katelah Batu Putri, 33 PNRI disarebutna ku nu ayeuna. Sok ditunda carios putri nu keur mujasmedi. Kacarioskeun anu di pungkur, nu eukeur aya dina papanggungan tea pada cekcok yen Nyi Putri, garwa Prabu Liman Sanjaya, henteu aya sarta pang hanteu ayana euweuh nu nganyahoankeun. Lajeng bae guyur; Parbu Liman Sanjaya sareng Parbu Basu Dewa marentali neangan ka para mantri rawuh para ponggawa sareng ka balad-balad kabeh; pada ditimbalan kudu neangan Nyi Putri. Lajeng bung-beng anu ngulon, anu ngidul, anu ngetan, anu ngaier disaksrak kana unggal leuweung, unggal rungkun hanteu aya nu kaliwat. Di jero leuweung weleh Nyi Putri hanteu kapendak, malah kangjeng Parbu Liman Sanjaya neangan dongkap ka Dayeuhluhur, ka bumina Nyi Putri, tapi weleh hanteu aya bae, nepi ka tilu poe tilu peuting. Sakalangkung guyurna di nagara Dayeuhluhur sareng nagara Limbangan; tungtungna mah sadaya pada cape pada weleh neangan. Kangjeng Parbu Liman Sanjaya tina sakalangkung teu raos manahna ka tinggal ku garwa jeung melang sakalangkung. Ngubek di jero leuweung mah weleh bae teu kapendak. palangsiang Nyi Putri malidkeun maneh ka wahangan Cimanuk atawa sakalunta- lunta, tangtu kapegat ku wahangan Cimanuk. Lajeng lungsur ti bumina di Dayeuhluhur, teras mapay-mapay wahangan Cimanuk sakumaha luka-lekona wahangan di tuturkeun bae, boh ngetan atawa ngaier. Barang dina hiji waktu anjeunna dongkap ka Batu Putri; barang dongkap ka dinya bet aya nu ngajerit; pokna, "Geuwat ieu engkang abdi nyumput teh di dieu." Barang awas rakana, Kangjeng Parbu Liman Sanjaya teu samar yen eta teh garwana lajeng diburu gancang. Barang geus datang gabrug Nyi Putri ngarontok bari nangis jerit-jumerit; malah rakana oge samisami nangis duanana. Barang salse tina narangis, lajeng lalinggih dina eta batu. Lajeng rereinpagan raka rai. "Ayeuna urang kumaha ari geus kieu; upama urang mulang deui ka iinah urang, kapan ayeuna Nyi Putri masih keneh diteangan ku baladna Parbu Basu Dewa." Lajeng dijawab ku Nyi Putri, "Ari ayeuna mah kumaha kersa Engkang bae, abdi mah ngan rek ngiringan seja gumela lahir batin, hanteu rek incah balilahan deui. Malahan nunuhun ka kersa Maha Suci sareng salaki teh hayang ngahiji bae ti dunya dugi ka aherat; dibelaan uprak-apruk ka nu bala hayang sakulit sadaging rek tumutur ka kersa Engkang, ka mana anu rek diseja. Najan cicing dina tempat kasangsaraan abdi mah rek tumut bae. Jeung deui lamun Engkang tilar ti dunya abdi mah moal boga salaki deui. Ari anu dipamrih, supaya ditepangkeun deui jaga di alam akherat, kitu anu dipandang." Carek Prabu Liman Sanjaya, "Nuhun Nyi Putri lamun kitu manah Nyai, ka Engkang rek bela tumutur. Jadi, lamun kitu mah kasebut istri sejati satia ka salaki. Keur geulis teh terus eujeung manahna, kukuh pengkuh taya kaawonana "Ari ayeuna mah ku timbangan engkang sugan urang sakaparanparan bae; urang meuntas bae ieu kawahangan Cimanuk." Hanteu lami deui ti harita, lajeng neangan peupeuntasan Lajeng saparantosna mendak harita, tuluy bae mareuntas, terus jalan ka Pasirlaja; malah harita geus dongkap ka Cisalak. Ti dinya terus bae ngidul hanteu eureun-eureun. Barang geus tepi ka walungan leutik aya nu ngorosak-ngeresek malah Nyi Putri ngoceak jeung ngarontok ka rakana, sugan teh jalma anu maregat piwarang Prabu Basu Dewa. Barang diilik-ilik bet sasatoan eukeur garuyang sabab jaman harita lebah dinya masih luwang-liwung. Eta leuweung lebah dinya teh disebutna Kampung Keresek ku jaman ayeuna. Ti dinya maju deui rada ngulon saeutik tuluy eureun dina pasir leutik; di luhurna monc(o) lot jeung aya tangkal kai ngaranggunuk, dihandapna lenglang kawas beunang nyapuan, lajeng lalinggih di dinya bari ngasokeun cape. Malah arebog heula dina eta pasir. Hanteu lami lajeng tanghi bari ningali ka Dayeuhluhur. Awas jeung langkung waraas kagagas jeroning manah ningali urut anjeunna apruk-aprukan dina jero leuweung. Eta pasir disebutna Gunung Limbangan ku jaman ayeuna, nyaeta pasir nu aya di hareupeun halteu Cibatu pernahna. Ti Gunung Limbangan harita lajeng angkat deui, mapay-mapay sisi gunung terus ngidul ngetan. Barang dongkap ka hiji tempat mendak cai panas, reh kakara mendak cai panas, lajeng sariram. Kangjeng Parbu Liman Sanjaya, nyai Putri lajeng sariram Cipanas bari silih ruruan salira sareng harita kabujeng ku wengi. Ari parantos siram lajeng bae neangan pakeun kulem. Harita geus mendak, lajeng kulem bari sosonoan, Sawewengi hanteu karulem pisan tina langkung sono reh nyarioskeun lampah anjeunna tadi. Eta kampung ku jaman ayeuna disebutna Eureunsono. Ari parantos siang lajeng angkat deui Kangjeng Parbu Liman Sanjaya sareng Nyi Putri cepet ngidul ti Eureunsono, pernahna kira-kira dua dinten lamina di jalan. Lajeng dongkap ka hiji tempat leuweung anu sakitu alusna.

Sanajan pasir sakitu resikna, tapi eta leuweung aya nu nungguan anu baheulana dipiwarang ku dewa kudu pangnungguankeun eta leuweung. Gawena ngan ngebon bae, sarta salawasna eta aki-aki tea langkung-langkung panjang umurna, nyaeta ti jaman dewa nepi ka jaman harita geus leuwih ti saratus tahun lamina. Dina hiji waktu aki-aki pangebonan lajeng kaluar bari rurat-reret, bet ningali kadu geus buahan, manggu geus buahan, muncang sumawonna. Kabeh nu di jangjian ku dewa geus buahan kabeh; lajeng aki pangebonan pilar. Carek pikirna; "Ayeuna di ieu tanah enggeus sumping anu boga milikna, sabao panungguanana kabeh geus buahan." Barang aki pangebonan eukeur mikir kitu, sumping Kangjeng Parbu Liman Sanjaya sareng Nyi Putri.

Ceuk aki pangebonan, "Tuh da enya." Lajeng bae ku aki pangebonan disambat da geus nyaho rasiahna tadi. Pok naros aki pengebonan, "Ari gamparan ti mana asal sareng gamparan putra saha, Abdi hayang terang."

"Euh aki hayang terang ka kaula, Ari kula putra Kangjeng Parbu Siliwangi ti nagara Pajajaran, Ari dayeuh ti Dayeuhluhur." Lajeng ngawalon deui Kangjeng Parbu Liman Sanjaya, "Na kumaha aki mana nanyakeun lembur kaula jeung turunan kaula?"

"Euh kieu gusti anumawi naroskeun teh. Cek pitutur jaman baheula ieu nu kagungan milik tanah teh putra Kangjeng Parbu Siliwangi ti nagara Pajajaran anu mangkena bakal di darnel nagara. Ti jaman baheula ieu tanah manggung bae, hanteu aya nu ngeusian. Malah engke dina jaman akhir ieu tanah kasebutna Dayeuhmanggung Nya gusti anu ngayasana. Pun Aki anu tungguna ti jaman para dewa nepi ka ayeuna. Tah ayeuna enggeus sumping ka Dayeuhmanggung; ayeuna pun Aki nyelehkeun ka Gusti, geura damel nagara. Ari Aki ayeuna rek pulang ka kasirnaan. Lajeng bae aki pangebonan harita sakarat. Cek babasan baheula mah "ngahiyang" taya banusanana. Les leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana. Nu matak aya babasan "tatangga parahiyangan datang, tatangga sejen ngahiyang. Hartina di tanah Parhiyangan jalma-jalma baheula atawa menak-menak baheula ana paeh sok ngahiang.

Barang enggeus lami-lami, lajeng dijieun nagara ku Kangjeng Parbu Liman Sanjaya. Nagara gegek tur rame, ti nagara sejen oge sok sarumping, nyaeta ti Sangiyangmayak, ti Timbanganten, Mandalapuntang reh kamashur Dayeuhmanggung, Nagara gede ti tanah Kidul saperti Karangpamijahan, Kandangwesi, Cilaut Eureun, Batarakarang, jeung loba istri-istri turunan widadari ti tanah kidul anu sumping. Tanduran nyacas, Nawang Wulan, Indra Wulan, Ratna Kancana, loba deui para istri sajaba ti dinya. Ari anu di pirempag ku menak-menak sareng para istri nyaeta hal ninun; nyieun kanteh terus didamel sarung tinun buat baju totopong, sabuk, emplog, boeh larang. Malah jalma-jalma ti manamana darongkap ka Dayeuhmanggung, bade guguru ninun. Menak-menak sareng dalem-dalem harita damelna ngebon kapas. Jaman harita sunan Dayeuhmanggung disarebut Sunan Ranggalawe oge. Basa lawe teh nyaeta kanteh. Nu matak Dayeuhmanggung terus nepi ka ayeuna eta parabot ninun teh nepi ka ayeuna masih aya, tapi ayeuna mah mangrupa batu. Barerana kira-kira satumpak panjangna, tapi ayeuna batu buktina. Barang eukeur ninun rame, sumping Nyai Raden Kembang Arum, ibuna Kangjeng Parbu Liman Sanjaya ti nagara Pajajaran Anjeunna entas ngalayad ramana, Kangjeng Sunan Rumenggong, geus pupus di Buniwangi. Ngan sakitu anu dicarioskeun ku ieu babad.

  1. Ekadjati, E. 1982. Sejarah Limbangan dan Bandung I. kac. 25-37. Balai Pustaka, Jakarta.