Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
34

Ari Djasim djeung sobatna teu kira-kira rarăsăpeunana tjampoer djeung noe reja. Sadjalan-djalan rame noe soesoerakan taja eureunna.

Barang datang ka lěmboer, di hareupeun leuit njampak bangkoe diamparan lawon bodas, toeloej eta Iboe ditjalikkeun dina bangkoe bari dikoekoesan, ogelna noeroengtoeng bae taja eureunna.

Barang anoe naranggoeng geus baralik deui ka sawah, ogel teh kakara eureun, sarta Iboe toeloej diasoepkeun ka leuit, diteundeunna di těngah djeung dirijoeng koe tjapit-tjapit teja, toeloej disodoran doewěgan, roedjak tjaoe djeung roedjak kalapa. Geus kitoe kakara noe loba diasoepkeun diělěp di djěro leuit.

Eta noe ngarakoet basana baralik deui ka sawah, pada soekan-soekan hareureuj sakarěp-karěpna. Sanggeus meunang tiloe atawa opat balikan, kakara disoegoeh dahar. Děmi geus wantji lohor disoegoeh ngopi.

Barang geus anggeus, kakara maranehanana baralik, tapi hěnteu, diboeroehan, poetoes koe disoegoehan bae. Sakapeung sok aja oge anoe diboeroehan koe pare, saoerang sageugeus atawa sapotjong.

Eta kitoe atoeranana noe ngakoet teh.


XVIII. PĚPĚTASAN.

Saman nanja ka Si Rabiin, pokna:

„Rek kamana silaing Rabiin, leumpang gagantjangan teuing ?"

„Rek ka pasar euj," wangsoel Si Rabiin, „rek meuli pěpětasan! Hajoe atoeh Saman silaing rek miloe?"

Wangsoel Saman: „Ah, mowal euj, da dewek mah