Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
40

Tjek Si Sapar: „Ĕma, moen meuli kompor keur wadah papakean koering."

Wangsoel indoengna: „Mahal meuli mah, anggoer oerang moeroehkeun njijeun bae, kapan boga kalengna oeroet wadah minjak." Teu lila toeloej baralik.

Barang datang ka imahna, tjek indoengna: „Djang, djig ijeu kengkenkeun ka toekang kaleng, boeroehna mah ěngke bae ari geus anggeus." Toeloej eta kaleng koe Si Sapar didjingdjing dibawa ka toekang kaleng.

Barang datang kadinja, měněran toekang kaleng keur digarawe, rame dokdak sora paloe. Si Sapar kaget loewak-lijeuk barina rek tjeurik, maroekanana aja noe kahoeroean.

Katendjo koe toekang kaleng, toeloej ditjaloekan; Si Sapar njampeurkeun sarta omongna: „Lah, panjana koering eh aja noe kahoeroean, boro koering reuwas."

Barang Si Sapar ngareret ka gigir, nendjo goenting, anoe gědena satampah, manehna ngadegdeg kawas noe moerijang, tina kakara manggih, maroekanana paranti ngagoenting beuheung djělěma.

Toekang kaleng: „Koenaon djang ngadegdeg?"

Sapar: „Eta teh mang paranti naon, mana gěde-gěde teuing? koering mah sijeun," barina noendjoek kana goenting gěde teja.

Toekang kaleng: „Ih, oelah sijeun-sijeun djang, eta mah paranti ngagoentingan kaleng."

Tidinja Si Sapar kakara ngarasa teu sijeun sarta toeloej ngilikan sagala parabot noe aja didinja, omongna: „Leuh, koetan pepek ari parabot toekang kaleng.”

Sapar: „Mang, ari eta naon ngaranna, anoe koneng deukeut timah teh, bět digolerkeun dina batoe?"