Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/45

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
39

Omong Asik: „Eh, koetan kitoe, koering mah kakara njaho, tjing atoeh tjaritakeun: dimana ajana ari kalong, di goenoeng atawa di pasisian, djeung koemaba kalakoeanana, da ari tibeurang mah taraaja ka oerang?”

Djawab Abdoel: „Ari ajana di pasisian dina tangkal kai ngaboeboehan, wani rigil daoenna ge, ngagarantoeng bae barina marojan. Ari roepana hěnteu padjaoeh djeung lalaj, ngan ari kalong mah gěde. Djeung deui ari kalong mah lain bangsa manoek anoe ngěndog, nja eta bangsa sato njoesoean saperti andjing, ngan ijeu mah bisa hiběr djeung diantara soekoena aja koelit saperti lamak.

Dina oesoem boeboewahan kalong djadi satroe gěde ka manoesa, sabab sok malingan boeboewahanana ti keur ngorana keneh. Masih dikokoprakan atawa make lantera oge dina tangkal anoe keur boewahan, henteu sijeuneun bae.

Geura oepama oerang ngaliwat ti peuting kana handapeun tjaringin atawa randoe atawa naon bae, anoe keur boewahan, didengekeunana sora kalong mani patingkorejak, kawas andjing marěboetkeun toelang.

Tjoba maneh njaho, sakoemaha pirasaeunana toekang tani, oepama kalong henteu aja dina waktoe oesoem boeboewahan?"


XXI. TOEKANG KALENG.

Si Sapar dibawa ka pasar koe indoengna. Ari di pasar manggih noe dagang kompor.