Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/44

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
38

sadoewit, sabab dewek mah teu bisa naek, sok ngadegdeg soekoe.

Wangsoel Asik: „Mangga bae, koering noe naekanana mah.

Tidinja bral arindit ka kěbon; barang datang kana handapeun tangkal ramboetan, Asik kageteun nendjo ramboetan majak di handap, toeloej nanja ka Abdoel, pokna: „Djang, ijeu teh oeroet naon, ramboetan majak di handap, tapi bět ngan kari sikina djeung tjangkangna bae?"

Djawab Abdoel: „Oeroet kalong euj. Bapa dewek ajeuna keur ka pasar meuli obat djeung mimis, ĕngke eta kalong rek dibědilan. Bareto ge dibědilan, loba pisan anoe paraeh, datangka karohok djangdjangna tapak mimis. Tapi ajeuna loba deui bae kalong teh."

Tjek Asik: „Tah, běněr lamoen rek dibědilan mah, da bongan sok ngagalaksak." Tidinja tjat manehna naek ngala ramboetan.

Tjarek Abdoel: „Sing loba bae ngala teh euj, ĕngke silaing koe dewek dibere tambah."


Barang Asik geus toeroen, toeloej diberean sarta doewitna ditampa.

Omong Abdoel: „Naha silaing tatjan njaho paribasa tinggar kalongeun?"

Djawab Asik: „Ih, nja sok ngadenge bae, tapi ari hartina mah teu njaho."

Tjeuk Abdoel: „Geuning sok loba baroedak, anoe minděng diwarah koe kolotna, tapi teu ngagoegoe bae, eta disěboetna „tinggar kalongeun." Geura kalong masih minděng ge dibědilan, aja deui, aja deui bae noe datang."