Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/43

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
37

Barang datang ka sawah, Si Karim moho teuing njatoena koepat djeung tangtang-angin, datangka beuteungna boengkijang.

Hadena bae Si Karim ngageuwat balik; barang datang ka imahna, manehna goelanggasahan bae, tina sabab kaměrěkaän sarta mindeng njěri beuteung, datangka awakna běgang, igana ragas tjara gambang bae.

Indoengna nanja ka Si Karim, pokna: „Naha njatoe naon sija Karim, noematak njěri beuteung teh?" Toeloej Si Karim njaritakeun lalampahanana.

Tjek indoengna: „Naha atoeh sija teh teu beunang teuing dipapatahan; geuning kamari ijeu ge sija kitoe, datangka njĕri beuteung, ajeuna pek deui bae ěmboeng ngagehan batoer teh. Sing ingět deuleu, ari boedak hawěk teh toengtoengna mowal boga batoer. Lamoen sija sakali-kali deui kitoe, koe aing mowal dioebaran, koesabab aing teu njaäh ka noe hawěk.

„Koemaha baroedak kira-kirana Karim ngagoegoe?"


XX. KALONG.

Asik datang ka lěmboer Abdoel arek meuli ramboetan.

Omong Asik: „Djang Abdoel, tjik koering meuli ramboetan."

Wangsoel Abdoel: „Sabraha euj silaing rek meuli ramboetan teh?"

Tjeak Asik: „Tiloe doewit djang!”

Djawab Abdoel: „Heug euj, tapi koedoe naek sorangan, ěngke koe dewek dibere doewa wělas