Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
36

Lila-lila Si Rabiin kapokeun, tara daekeun deui meuli pěpětasan. Ana dibere doewit koe indoeng bapana, sok toeloej bae diampihan atawa ditjengtjelengankeun.


XIX. BOEDAK HAWĚK.

Dina hidji powe Si Aslam keur ngadoedoetan hajam, ditanja koe batoerna noe ngaran Si Karim, pokna: „Aslam, keur naon euj meuntjit hajam?"

Wangsoel Si Aslam: „Ih naha silaing teu njaho, kapan bapa dewek isoekan rek mitěmbějan diboewat? Toeh geuning indoeng dewek geus njijeun koepat djeung tangtang-angin keur isoek di sawah njalamětkeun. Djeung deui indoeng dewek geus meuli endog djeung roedjakeun keur ngeusian saoengsanggar."

Omong Si Kasim: „Atoeh dewek miloe Aslam ka sawah, ari ěnja mah bapa silaing isoek mitěmbějanana, ĕngke ari bapa dewek mitěmbějan, silaing dibawa.

Wangsoel Si Aslam: „Hade euj, isoek meureun silaing disampeur koe dewek."

Tjeuk Si Karim: „Oelah bohong atoeh Aslam, isoek koe dewek didagoan, djeung oelah mawa batoer sedjen, soepaja oerang isoek seubeuh ngahakanan koepat djeung tangtang-angin. Saoeng sanggarna oerang totog koe oerang bae, roedjakna oerang doewakeun djeung endogna oerang sapotong sewang."

Isoekna Si Karim disampeur koe Si Aslam dibawa ka sawah, bareng djeung bapa Aslam bari marawa roewas keur wadah lembing.