Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/41

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
35

teu boga doewit, djeung tjoemah bae dipake meuli pěpětasan mah, anggoer dipake meuli katjang goreng atawa tjaoe radja matak seubeuh. Djeung eta euj sok ditjarekan koe Eteh, oelah sok meuli pěpětasan matak tjilaka.

Si Rabiin ngawangsoel bari toeloej, pokna:

„Kadjeun teuing mowal meuli mah, da dewek mah rěsěp.” Tidinja toeloej bae Si Rabiin meuli pěpětasan sagěpok anoe beureum sapotong, sarta dibawa balik.

Barang datang ka imahna, pek njokot seuneu, bari njaloekan adina awewe ngaranna Langking, pokna: „Langking! Langking! kadijeu oerang njeungeut pěpětasan!”

Si Langking loempat njampeurkeun bari nanja, pokna: „Mana pěpětasanana teh?"

Wangsoel Si Rabiin: „ljeu!" Tidinja pek pěpětasan teh diseungeutan tjorotjos! tjorotjos! dor! dor! „Hoerseh! hoerseh!" tjek Si Rabiin. Ari adina mah ngan peupeureudeujan bae bari njotjokan tjeuli.

Omong Si Rabiin: „Ah, naha sija mah borangan teuing, bět njotjokan bae tjeuli!"

Wangsoel adina: „Da sok sijeun kabědil." Omong Si Rabiin: „Hih mowal ěnja, geura ijeu aing mah wanian, rek ditjěkělan bae." Tjek adina: „Oelah akang, bisi bitoe kana leungeun!" Tapi Si Rabiin henteu ngagoegoe kana omong adina, toeloej bae diseungeut. Barang pěpětasanana bitoe, Si Rabiin ngagowak, leungeunna toetoeng sarta seuneuna metel kana pipina. Koetina eta pěpětasan gěde, datangka geuneuk; manehna tjeurik gěgěroan.

Adina njampeurkeun bari moewas-moewas, omongna: „Poewas! poewas! bongan sok wawanianan, hajoewa bae henteu botjos oge."