Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
41

Toekang kaleng: „Eta anoe koneng ngaranna arpoes, nja eta anoe disěboet patri teh, paranti mageuhan atawa něpoeng-něpoengkeun."

Sapar: „Ari něpoeng-něpoengkeunana make naon?"

Toekang kaleng: „Make ijeu noe siga peso, ngaranna sodiran, tapi koedoe dibeuleum heula dina ijeu anglo, sing datangka beureum. Ari geus kitoe ditjoletkeun kana timah djeung kana arpoes, toeloej dioelaskeun kana noe rek ditěpoengkeun teja."

Sapar: „Ari eta anoe siga pamatoek bango teh naon ngaranna djeung paranti naon?"

Toekang kaleng: „Eta ngaranna djangka, paranti njijeun boeleud atawa pasagi djeung beunang oge dipake kana sagala oekoeran."


Geus kitoe Si Sapar nendjo deui parabot-parabot. Koesabab manehna hajang njaho mětakeunana, toeloej nanja, pokna: „Tjing emang, koering bedjaän, naon ngaranna hidji-hidjina parabot, anoe sok dipake koe emang, djeung koemaha mětakeunana?"

Toekang kaleng: „Geura ijeu regěpkeun: tahanan, anglo, sodiran, goenting, paloe, djangka, tjapit, paloe kai, tatahkoeroeng, tatahkoekoe, ereg, ělisan djeung sadjaba ti eta; kabeh pada aja rangkepanana, tah, djeung jeu pirang-pirang roepa parabot, noe didjijeun tina kai."

Sapar: „Ari eta tatahkoeroeng, tatahkoekoe, ereg djeung ělisan paranti naon?"

Toekang kaleng: „Ari tatahkoeroeng paranti ngalijangan anoe boelend, saperti dina lantera. Tatahkoekoe paranti ngarantjang boboko atawa wadah seupaheun. Ereg paranti njijeun solobong leutik, sapěrti