Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/48

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
42

dina djoeroe lantera. Děmi ělisan paranti ngalěmpěngkeun djeung ngaratakeun sisi-sisi."

Sapari: „Leuh, atoeh paingan lamoen kitoe mah, sok garantjang digawena, dapěpěk parabotna."

Toekang kaleng: „Naha oedjang hajang djadi toekang kaleng?"

Sapar: „Hajang bae lamoen reja oentoengna mah.”

Toekang kaleng: „Atoeh poegoeb reja mah, kapan lamoen aja noe moeroehkeun, boeroehna satengah harga, soemawonna lamoen ngomean barang Boekarěmen mah, dina sapowe nintjak meunang saringgit."

Sapar: „Tah koering oge daek lamoen kitoe mah, tapi koering arek poepoelih heula ka indoeng, lamoen didjoeroengkeun, isoekan koering balik deui rek miloe digawe djeung ěmang. Bari ijeu tjek ěma pangnjijeunkeun kompor, ari boeroehna mah engke baé ari geus anggeus."

Toekang kaleng: „Hade, tapi mowal anggeus ajeuna, da geus beurang teuing, isoekan bae kadijeu tejang deui,"

Si Sapar toeloej balik; barang datang njarita ka indoengna, jen manehna hajang djadi toekang kaleng. Tjek indoengna: „Soekoer ari boga pikir kitoe mah, tjig bae, keur pikeun běkěl maneh hiroep."

Isoekna Si Sapar balik deui ka toekang kaleng, sědjana rek miloe digawe, bari mawa doewit keur boeroehan njijeun kompor teja. Barang datang kadinja kasampak komporna geus anggeus.

Tidinja toeloej bae Si Sapar miloe digawe didinja. Oenggal powe soehoed pisan digawena, datangka lila-lila bisa matjakal sorangan.