Babad Panjalu

Ti Wikipabukon

Babad Panjalu

Koléksi C. M. Pleyte[1]


Asmarandana[édit]

Kasmaran panganggit gending
Basa Sunda lumayanan
kasar sakalangkung awon
kirang tindak tatakrama
ngarang kirang panalar
ngan bawining tina maksud
medarkeun pusaka rama.

Rama jumeneng bupati
di Panjalu nagarana
lamina jeneng bupatos
ngan dua puluh dalapan
tahun nyepeng Bupatya
dugi sewu dlapan ratus
salapan welas punjulna.

Kenging putusan bisluit
ti Kangjeng Baginda Raja
kenging ganjaran bupatos
éta nugrahan pasihan
pansiun kahurmatan
rapi harta jalma tugur
sanesna dipasih sawah.

Lami nyepengna pangasih
rupi harta sareng sawah
ditambah salawe pancen
dina kalam midanna
nyepeng kapansiunan
tilu puluh tilu tahun
dumugi wapatna pisan.

Tadi keur jumeneng v/éling
miwejang medar piwulang
lampah sae sareng awon
tulad lampah kahadean
nu goreng clisingkahan
poma-poma masing tuhu
regepkeun piwejang rama.

Reujeung ieu Ama titip
ku ujang kudu tampanan
anggep simpen masing hade
hiji buku bab pusaka
tina awal mulana
awitnu ngadamel situ
lengkong buktina gumelar.

Ujang poma sing nastiti
paham ingat salawasna
sabab ama enggeus kolot
malar nular caritana
tah ujang ieu tampa
ditampi jeung sembah sujud
pasihan wewekas rama.

Teu lami waktuna deui
tina antara wuwulang
antawis satahun yaktos
rama ngangluh lajeng wapat
mulih kakalanggengan
sigeg teu panjang dicatur
walastra ka rahmattulah.

Putra nu katilar tadi
harita masih jajaka
ditilar langkung prihatos
taya pisan pangabisa
henteu pisan sakolah
nya ieu nu ujud nangtung
gelar pun Prajadinata.

Watek titis tulis diri
ngan berkahna para cacah
gedé leutik mangkon gawe
kasebat jadi kapala
di sawewengkon desa
meunang pangkat jadi kuwu
di Mawarah nu gumelar.

Sih pangaksa nu ningali
kana ieu seseratan
nuwun pangampunten bae
séwu laksa nuwun maap
pon anu dicarita
séwu nuwun sih samalum
samudaya kalepatan.

Réh simkuring kumaconggih
nyarioskeun nu baheula
ari anu dicarios
manawi wetuk dangdingna
nu kasebat pusaka
tah gelar babad Panjalu
manawi leres dangdingna.

Ari anu jadi kawit
Sangyang Prabu Boros Ngora
mangkon Panjalu karaton
ngalajengkeun ti ramana
éstu tanah pusaka
kasebat dayeuh Panjalu
nelah dumugi ayeuna.

Ti dinya ngabangun deui
damel situ gede pisan
anu dingaranan Lengkong
dikinten eta legana
satus pat puluh bata
étangan nu enggeus tangtu
sakitu anu gumelar.

Sareng aya hiji deui
dina tengah situ eta
nusa basa jawa pulo
nu didamel padaleman
lir kuta saputerna
situ ngawengku kadatun
mungal waas nu ningalan.

Pinggir cai bumi mantri
kalér kidul kulon wétan
bérés parele sakabéh
katampi ku paimahan
para abdi sadaya
katingalna surup payus
tur masih anyar babakan.

Eukeur musim sarwa jadi
pepelakan rupa-rupa
kadu manggu jeruk paseh
dukuh pisitan rambutan
jeruk bali jeung kalar
jeruk manis mipis purut
kadongdong jeung gandaria.

Sanésna henteu kawincik
sigeg enggalkeun carita
nagri anyar langen maher
lawang kawitan ukiran
sarta taya nu jaga
gulang-gulang jadi pamuk
nami pun Otek' geus nelah.

Unggal poe unggal peuting
tara ingkah tina tempat
henteu lian deui gawe
marek sila bari jaga
ngajaga bab drigama
adat luang na karuhun
taki faberi lampahna.

Lawang nu kadua deui
santosa sarta prayoga
tungtung pintu ngujur ngulon
sasak gede sarta panjang
santosa dijarambah
nu katelah Cukang Padung
nelah dungkap ka ayeuna.

Rea abdi balawiri
Wantuning nagara anyar
Beurat beunghar jeung kamukten
Senang taya kakirangan
Sakarsa diluluran
Saniskanten nu dimaksad
Laksana sakarsa harsa.
Kocapna sang Prabu deui
Geus kagungan dua putra
Putra prakosa karasep
Rupi gilig jeung prakasa
Pameget duanana
Raka rai runtut rukun
Sami dedeg pangadegna.
Siang damelna pelesir
Raka rai sasarengan
Ngaheurap di situ Lengkong
Ngubeng muter pinggir nusa
Ari nu ditunggangan
Teu sanes sampan parahu
Bukti dungkap ka ayeuna.
Raina dikocap deui
Gagah sami jeung rakana
Sapertos nu kembar bae
Kuring menak kasamaran
Ningal sami dedegna
Salira sami tur jangkung
Henteu aya papadana.
Nami putra nomor hiji
Raden Arya Kuning nelah
Nomor dua kacarios
Rai nu burey namina
Raden Arya Kancana
Namina enggeus kamashur
Dua putra kacarita.
28
PNRI
Adat perlampahna rai
Tara kersa pelesiran
Jeung raka papisah bae
Kabogohna pepelakan
Di sajroning nagara
Bubuahan cukul mulus
Bray siang ngan pepelakan.
Malah satempatna deui
Ngadamel sahiji nusa
Nu katelah Nusa Pakel
Paragi ameng amengan
Saban siang di dinya
Melak buahna diatur
Diajar sarta dikenca.
Melak mangpelem kaweni
Buah bidang buah bapang
Buah cengkir buah gedong
Salianna teu diserat
Tinangtu kalah papan
Galur catur nu ditutur
Tempat ieu pakebonan.
Mashur nelah ka kiwari
Kacatur pragi amengan
Nu nyarebat Nusa Pakel
Cantikning anu baheula
Asal melak bubuahan
Tumurun kaputra putu
Kitu awal pusakana.
Sigeg nu dicatur deui
Tempat bumi kapatihan
Pernah kulon dina jontor
Di payun aya paseban
29
PNRI
Tempat anu seseban
Ujung winangun geus tangtu
Bareng tatamu nu dungkap.
Direnggi dipancak suri
Dipapaes kaanehan
Wantuning dina patamon
Cantik pinter papalihna
Biraksana laksana
Salir padamelan putus
Unjuk damel saprag'anana.
Sang Prabu nampi beresih
Sadayana padamelan
Teu aya anu dicale
Budi niskara ka manah
Nunjuk ringkat pinterna
Kasmahur patih Panjalu
Dumugi sewu putuna.
Karang palataran resik
Wiar wera titingalan
Henteu meunang pisan kotor
Nu teu nurut dihukuman
Adat lumbrah baheula
Hukumna berok belenggu
Ditempatkeun di paseban.
Sinigeg dikocap deui
Prabu Sangyang Boros Ngora
Aya manah karsa lereh
Pasrah damel kaputrana
Putra nu pangcikalna
Kempel rerempug jeung sepuh
Sarta raden patih pisan.
30
PNRI
Prabu Sangiyang ngalahir
Ka sepuh jeung ka patihna
Menta karempugan maneh
Niat seseren ka anak
Muga pada rempugan
Sakabeh urang Panjalu
Tah sakitu nya pamenta.
Ti dinya lami badami
Patih serta praponggawa
Ku sadaya geus kahartos
Reh urang aya pariksa
Kitu ratu kersana
Kumaha ayeuna batur
Sadaya kudu unjukan.
Unjukan sadaya abdi
Ngiringan sadaya karsa
Teu aya hiji nu menggok
Mangga ngiring karsa raja
Teu sanes rek ngaula
Siang wengi rek dijungjung
Ngaula setya kang putra.
Sang Prabu ngalahir deui
Ka patih para ponggawa
Na ha enggeus rampug kabeh
Patih pra sepah unjukan
Nuwun dawuh paduka
Sareng sewu sembah sujud
Dumeh rek karsa paduka.
Sang Prabu ngalahir manis
Ka sadaya para sepah
Muji sukur ka maraneh
Kadar aing kalaksananan
31
PNRI
Trima dunya aherat
Muji sukur ka Yang Agung
Ka Gusti nu sipat rahman.
Harita keneh ngalahir
Ka patih lajeng nimbalan
Isuk dina poe Senen
Sakabeh kudu timbulan
Abdi pra mantri kabeh
Masing-masing pada kumpul
Isukna urang ngistrenan.
Papakean masing resik
Salianna pahurmatan
Sadiakeun masing rame
Ulah aya kakurangan
Atur nu tumpak kuda
Lampit jampana jeung tandu
Sarta kasinomanana.
Ari prabot anu aing
Sadia di padaleuman
Kumpulkeun bae di jero
Bareng jeung aing kaluar
Sarta jeung pangantenna
Isuk Senen pukul tujuh
Sadiakeun di tempatna.
Patih nyembah geus jung indit
Angkat gasik gagancangan
Nganggo payung seret hejo
Dijalan bari titimbal
Ngatur para ponggawa
Ka dieu batur karumpul
Tua anom didawuhan.

Sinom[édit]

Kinanti[édit]

Pangkur[édit]

Durma[édit]

Dangdanggula[édit]

Mijil[édit]

Magatru[édit]

Sinom[édit]

Dangdanggula[édit]

Asmarandana[édit]

Kinanti[édit]

Pucung[édit]

Magatru[édit]

Mijil[édit]

Sinom[édit]

  1. Pleyte, C. M. 1982. Babad Panjalu. Balai Pustaka, Jakarta.