Kaca:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/17

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

ngapoeng ngoewoeng ngoewoeng ka saoeng serang loemajoeng, gek tjalik gigireun doenoenganana.

Katjaritakeun si Lengser di saoeng gĕde loempat siheuneun, goeroedag ka padalĕmanana di nagara Goenoeng Larang, ponggawana Pangeran Gagak Larang. Toeloej mikono, lamoen Djamang Hadji, Djamang Koening geus paeh dipĕrangan koe noe kasep Langga Sari. Gagak Larang matoer ka Pangeran Lingga Larang, ponggawa di saoeng gĕde geus euweuh, dongeng ka adina noe geulis Lenggang Larang, Lenggang Wajang.

„Ideuh, Lengser, koempoelkeun ijangan para gĕlangan baris toembak opat poeloeh.”

Toeloej pĕpĕk di nagara Goenoeng Larang.

Katjaritakeun noe kasep Langga Sari ngoesir kalajoean, toeloej dihiroepan deui; noe raheut didjampe raheut, noe peupeur didjampe peupeur; hĕnteu lelet, hĕnteu tjotjeng, hĕnteu tjeda tjeda atjan; aja ĕntik angin leutik, aja renghap angin tjarang.

Toeloej didoedoet ramboetna sakoerĕn, dikoelilingkeun teuloe kali; toeloej nirag lĕmah, lilir tanghi, hoedang koredjat. Toeloej asoep oeloen koemawoela ka noe kasep Langga Sari.

Toeloej tjalik ka saoeng serang loemajoeng, oelah indit sanjari, leumpang sadjangkah. Tidinja Praboe Langga Sari angkat djeung doenoenganana ka djĕro nagara Goenoeng Larang.

Datang ka djabakoeta, toeloej ngadĕgkeun papanggoengan noe kasep Langga Sari; gek tjalik doenoenganana Lenggang Manik ka papanggoengan. Toeloej matoer ka doenoenganana dek nangtang Praboe Gagak Larang, noe tjalik di padalĕman. Noe kasep Langga Sari geus aja di babatoe woeloeng si kalang padjoeritan: „Soegan aja lalaki di poesĕr boemi, lalanang di kolong djagat, geura lawan kadijeu noe kasep Langga Sari!”

Kadenge koe adina, koe noe geulis Lenggang Wajang.

„Owah, praboe lantjeuk, eta noe nangtang pĕrang djoeritan, tjoemĕloek lain wawangkoe, ngotjejak lain heulang pakan koendang, nja eta noe kasep Langga Sari nangtang pĕrang.” „Ideuh, baris toembak opat poeloeh, geura lawanan, geura toeroenan ka babatoe woeloeng si kalang paradjoeritan.”

Dĕr pĕrang, pada noembak ka noe kasep Langga Sari. Tjalikna di toengtoeng toembak, ngaloentjat ti toengtoeng toembak, ambĕk kejang kasĕngĕnan, moendoet doehoengna kaboejoetan Pangrajam, ditjatjar tjareuwoehkeun bejak bebas baris toembak opat poeloeh. Tidinja noe kasep Langgasari nangtang ka djĕro nagara: „Soegan aja