Kaca:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/18

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

lalaki di poeser boemi lalanang di kolong djagat!” Ditoeroenan koe Gagak Larang; dĕr pĕrang diadoe pĕrang tandingan, moepoes maoer nganggoer tea djoegala ka noe kasep Langga Sari. Paeh deui bae Gagak Larang.

Tidinja nangtang deui ka djĕro nagara. Toeloej ditoeroenan koe noe kasep Lingga Larang; gĕr pĕrang papijoeh paädoe adĕgan,leuleus langsĕt noe tandingan; bloek ĕngkoek ĕngkoekan, blak nangkarak, pĕrang pada saroewa djajana saroewa anomna, rengkebeng lir mĕrak ngibing, boeloe bitis pipitjisan, boeloe dada moelĕt moesĕr, mantjorong pĕndok di ganggong, golojoh eleh deui Pangeran Lingga Larang koe noe kasep Langga Sari, wantoening seuweu ratoe ti Pakoean menak ti Padjadjaran, asak tapa ti boeboedak, asak sakti ti leuleutik.

Tidinja dibiroepan deui koe noe kasep Langga Sari, didjampe koe tjidoeh mashoer kalimbeureuh tajoeng geureung: „Adi, geura hoedang”. Koredjat haroedang deui, taloek asoep oeloen koemawoela ka noe kasep Langga Sari.

„Ideuh, girang adi, koemaha dek lĕmboer matoeh dajeuh maneuh bae di dijeu atawa hĕnteu?”

„Ideuh, girang kaka, mohal ngalĕmboer matoeh ngadajeuh maneuh di dijeu mĕlang ka nagara Pasir Batang.” „Owah, lamoen kitoe mah, alamat moeroed salĕlĕmboer, mintar sanagar ngiring noe kasep Langga Sari.” Bral angkat pajoeng toedjoeh noengkoe noengkoe, pajoeng dalapan ngadjadjar, ngaleut ngaleut ngabandaleut, majakpak para santana.

Soemping damping dongkap datang, goeroedag ka nagara Pasir Batang, datang ka djaba koeta; dĕr ngadĕgkeun deui papanggoengan, gek tjaralik di papanggoengan, ngabaris para pawistri, ngadjadjar para ponggawa. Noe kasep Langga Sari ladjoe kana babatoe woeloeng, nangtang pĕrang ka djĕro nagara Pasir Batang ponggawa Praboe Bagoes Ratoe Djaja: „Beut soegan aja lalak di poeser boemi, lalanang di kolong djagat, pimoesoeheun noe kasep Langga Sari!”

Ngoengkoeng sorana ka manggoeng noe nangtang pĕrang, laj keupatna Ratoe Djaja noeroenan pĕrang ka noe kasep Langga Sari. Der pĕrang papijoeh poejoeh, pasentak taktak, pabeulit bitis, pakoel tjangkeng; bloek nangkoeb silih soeroeng, blak nangkarak silih doepak noe kasep Langa Sari djeung Ratoe Djaja, ponggawa di Pasir Batang Lĕmboer Girang, pada soesoek ratoe bangsa menak, asak tapa ti boeboedak, sakti ti leuleutik, seuweu ratoe ti Pakoean menak Padjadjaran; digoeloeng digeleng Ratoe Djaja koe noe kasep Langga Sari, babar karahajoeanana, langgosar, paeh deui bae.