Kaca:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Bral baralik deui oerang Noesa Bini saĕnggon saĕnggonna. Njĕmproeng noe kasep Koeda Wangi djodjong ngĕlik ngĕlik kamoedina, ngabarabaj lajarna, reup sasarean di manggoeng parahoe noe kasep Koeda Wangi, datang ngareup lĕgok poelo Kantjana, ngalar natag ka Sangijang Gosong Lalar, lilir tanghi, koredjat hoedang.

Tidinja tĕmboeng Sangijang Gosong Larang, dibeberkeun lajar dampal soekoena djĕgoer. Tidinja mantjat ka lĕgon poelo Kantjana. Toeloej asoep ka djĕro nagara lĕgon poelo Kantjana, tidinja masang tabe ka noe geulis Nimbang Kantjana: „Ideuh, girang adi, girang kaka madak widi reudjeung ati hajang miloe eureun.”

„Ideuh, girang kaka, didijeu mah telok njalikkeun semah.” Tidinja bral oendoer deui; ari datang ka djabakoeta, ngĕmbarkeun ikĕmat domas landjaran, ditijoepkeun ka djĕro nagara, salin pikir pindah nijat noe geulis Nimbang Kantjana. Njaoer ka noe kasep Koeda Wangi:

„Ideuh, girang kaka, oelah toemangtoeng toenggaling goeroe, soemĕdja toenggaling gĕna, bageja soemping tjalik ka girang si adi.”

„Ideuh, girang adi, teu kokodoreun teuing.”

Kijai andang semah bagoes meudjeuh poendoeng pamali teuing.

„Ideuh, adi, teu pindo gawe, teu pisan pisan.” „Kalimborot kadiga nongtot, katoentjar parandjang gagang, masang tabe kamoengkoereun, rampes, tjalik ka girang si indji.”

„Ideuh, indji, kamana praboe lantjeuk?”

„Owah, girang kaka, praboe lantjeuk mah eukeur tapa ngabisoe di sangijang tjadas poetih.”

„Ideuh, girang indji, saoemoer si kaka telok manggih noe tapa ngabisoe; girang kaka hajang noeroetan dimana tapana.”

„Aeh, girang adi ngiring toewang pikĕrsaeun.”

Toeloej lemnpang reudjeung djeung girang si indji.

„Ideuh, eukeur naon praboe lantjeuk aja didijeu, tonggoj teu ngawaro waro.”

Garetekeun tjena disintirkeun silana barina nangtang pĕrang: „Seug neukteuk lamoen loedeung, tjek ngadek lamoen daek, ngadoe baloeng pĕrang tandingan kabogoh aing ti boeboedak moela.”

Silih kĕdjoet tjatjangtjoetan, silih banting pĕrang tjentang lalawanan, papijoeh paadoe poejoeh, pageleng paadoe tjeleng, poeng ngapoeng boengkoel toe-oerna; pageleng tjangkengna, roeboeh kakatoehoe golepak kakentja, ngoredjat sadoewana, baloeng asa beusi belengkeran, sagĕdjigan andjing saporentang koeda leupas, poendoeng kajangĕnan, karatjak amarahna noe kasĕp Koeda Wangi, geura ta-