Kaca:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/45

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Pasir Batang Karang Tĕngah. Groedag soemping kana batoe woeloeng. Toeloej haok sĕntor nangtang pĕrang: Lamoen aja lĕmboe beunang ngoengkoeng, badak beunang njangtjang, soegan aja lalanang di kolong djagat lalaki di poesĕr boemi, hajoe pĕrang tandingan!”

Tidinja djĕboel noeroenan ponggawa doewa patih Koeda Djajang Sari reudjeung patih Koeda Landjar Sari. Djĕgoer pĕrang tandingan, ditjĕkĕl poendoekna, diadoekeun babatokna; prok babatokna, prek tangkorekna, ditoedjahkeun langgosar.

Toeloej nangtang deui noe kasep Kidang Panandri; djĕmpling euweuh noe noeroenan; tina euweuh deui lalanangna, ditoeroenan koe noe geulis Dewi Toelis, bari njaoer asoep oeloen koemawoela, bari moendoet dipanghiroepankeun girang rakana. Toeloej dihiroepan deui koe noe kasep Kidang Panandri.

Toeloej taloek asoep oeloen koemawoela ka noe kasep Kidang Panandri; ladjoe di bawa pindah indit sirib ejar sadjadjagat ngagoeroeh, salĕlĕmboer ngiring ngaleut ngeungkeuj ngabandaleut ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Hilir.

Tidinja angkat karija dek ngareremokeun Dewi Toelis djeung ponggawa Praboe Rangga Malati. Praboe Koeda Landjar Sari adĕg papatih dalĕm: „Adeuh, Lengser, ajeuna toeloes arotan, ngadadak njijeun karija; koempoelkeun sakabeh gĕlangan parahijangan; ari panasaran kami, hajang meunang goöng toedjoeh bangoenan angkloeng salawe tatapan, misti dipapadonkeun.”

„Adeuh, girang goesti, geus datang hidak hijangan paragĕlangan.” Loer noe sadjamang boeloedroe, lar noe sadjamang sangsang, noe loba djamang sakĕlat; djamang hideung diga reueuk, korosok sadjamang pendjo.

„Adeuh, Lengser, moending sabraha lobana?”

„Haideuh, girang goesti, moending geus aja salawe pakandangan, eusina pada njalawe, di loewar salawe deui.” „Adeuh, Lengser, angkat tatabeuhan, poekoel bĕnde kaboejoetan beunang ngoenoen toedjoeh tahoen, beunang ngagarang dalapan boelan.”

Doek, doek, tjengengeng. Si Lengser leungit sa peuting, katoeroeban tjeuli moending; si Djompong leungit sapotong, katoeroeban kokorompong. Ngĕnang, ngĕning goöngna koening Asmara djeung Singadjaja; sok, ngoeng si Sĕkar Gadoeng; goöng Pelog sasorogan, goöng Koembang pangrampogan noe ngelehkeun goöng deungeun.

„Adeuh, Lengser, patjoewan koerang dahar, patjoewan koerang arot; sapeuting toedjoeh kali ti beurang toedjoeh kali berean sasangon ngarijoeng, mangka ngarani antjak opat djĕlĕma hidji; meuntjit moending di boentoetna kĕrĕdan kahoeloenakeun.”