Kaca:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/52

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

djang; kitoe oge ari tĕmĕn mah kĕntjĕng karep, gĕde tineung, hajang ka girang adi, rampes, tapi koedoe kĕrsa noenggoe datangna kaka koela balik ti patapaän. Djeung oelah tjitjing didijeu; koedoe njijeun bae pasanggrahan di sisi nagara, geusan tjitjing sakĕbĕl ngadagoan kaka Raden Lambang Sari, datang ti patapaän. Ari barang dahar mah, kadjeun, koe koela isoek sore dianteuran.”

Geus kitoe, bral Bima Wajang djeung pandakawan arangkat ka sisi nagara njijeun pasanggrahan. Toeloej Bima Wajang djeung pandakawan tjaritjing di pasanggrahan.

Katjaritakeun Ratoe Manik Nanding Leuwi oenggal isoek oenggal sore sok nganteuran ka pasanggrahan Bima Wajang, diiring koe ĕmban ĕmban.

Barang dina hidji poë Ratoe Manik Nanding Leuwi siram di tampijan, kataradjang tjaäh gĕde, laoer palid kabawa koe tjaäh. Toeloej ĕmban geuwat geuwat poepoelih ka Bima Wajang, jen Ratoe Manik Nanding Leuwi palid katjaähan.

Tidinja Bima Wajang njoesoel mapaj mapaj walangan; oenggal leuwi diteuleuman koe Bima Wajang djeung pandakawanana.

Barang datang ka leuwi Talaga Ĕmas, aja noe katendjo hoeroeng di djĕro leuwi; diteuleuman koe Bima Wajang. Ari tjĕg ditjĕkĕl, bĕnĕr Ratoe Manik Nanding Leuwi, tapi geus paeh. Toeloej didjampe bari didoedoet ramboetna sakoerĕn, dibeulitkeun kana indoeng soekoena; koredjat hoedang. Geus kitoe koe Bima Wajang Ratoe Manik Nanding Leuwi hĕnteu dibawa balik ka Pasir Batang Lĕmboer Girang, tapi dibawana ka patapaan kakana di toetoegan Goenoeng Poentang Simadjoengdjang. Bima Wajang matoer ka Raden Lambang Sari; pokna: „Owah, girang kaka, ijeu girang adi njerenkeun toewang saderek Ratoe Manik Nanding Leuwi. Ari noe mantak dibawa kadijeu, asalna palid ti tampijan, kataradjang tjaah, koe girang adi kapanggih ti leuwi Talaga Emas.”

Tjik Raden Lambang Sari: „Owah, girang adi, atoeh soekoer ari dipanjandakkeun mah.” Toeloej Ratoe Manik Nanding Leuwi, Bima Wajang djeung pandakawanana miloe tapa bae djeung Raden Lambang Sari.

Toenda heula njaritakeun noe keur tapa; njaritakeun radja di nagara Djadjar Wajang, djĕnĕngan Praboe Sakti Koesoemah, eukeur kasoesahan dipĕrangan koe radja ti nagara Madjapaït noe djĕnĕngan Raden Paksi Boemi.

Praboe Sakti Koesoemah meunang bedja, jen di toetoegan Goenoeng Poentang Simadjoengdjang aja noe keur tapa.