Kaca:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/6

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
50
BADOEJSCHE PANTOENVERHALEN.

nagarana; toeloej njaoer ka si Lengser: "Koeta langlang sapeuting toedjoeh kali, ti beurang toedjoeh kali, noe tjarangtjang lanat, noe loehoer handapkeun, noe handap loehoerkeun."

Njaritakeun Djompong heula. Djompong matoer hajang ka pasar, ari noe dibawa pasoeng poetih reudjeung laksa dagangkeuneun: "Noen, goesti, koela pamit, hajang masar ka pasar sore."

Barang balik si Djompong ti pasar, papanggih djeung pawarang Praboe Rangga Kantjana, tjalik dina waroe dojong. Si Djompong oendjoekan ka Praboe Rangga Kantjana, jen manebna manggih istri dina waroe dojong, pantes moen toewang pawarang di Padjadjaran, ajana dina waroe dojong. Tjek si Djompong: „Aideuh, pantĕs moen toewang pawarang di Padjadjaran.”

„Owah, tjoba, Djompong, tejangkeun, owah, geura tejangkeun teteh sija kana waroe dojong, aeh, aeh geura ngiring toewang si njai.”

Bral angkat ngaleut ngaleut ngabandaleut si Djompong djeung Mama Loerah, ngiring noe tjalik di waroe dojong; djĕboel soemping damping dongkap datang poen Djompong ka waroe dojong. „Adeuh, adeuh, geuning lain pangawoelaän; baheula eukeur di Padjadjaran mah geulis, ari kiwari mah koesoet ramboet, gentjel kaen, toelang tonggong siga peuteuj, iga siga pangeretan kareo, euh adeuh, mama, bĕnĕr koela, adeuh bet bareto geulis.”

Tina sabab teu diakoe koe Mamah Loerah, ladjoe dipaehan bae nji Tandjoeng Pakoean, toeloej ditoedjahkeun ka tjoeroeg noetoeg Tjipatahoenan, parakan baranang sijang, top boehaja domas pangmadjoehkeun; boehaja domas pada njĕmbah.

Katjaritakeun poen Djompong moelang, leumpangna pageura geura, pagantjang gantjang, roesoeh paboeroe boeroe koe hajang geura hatoeran.

Noe geulis Lenggang Kantjana datang masang tabe mamoengkoereun, kalimborot kadiga nongtot, katoentjar parandjang gagang, masang tabe geus moengkoereun.

„Owah, toemangtoeng toenggaling goeroe, soemĕdja toenggaling gĕna, gorodjog tanpa larapan, bageja soemping tjalik.”

„Owah, ĕnja atawa lain; adeuh, lain si njai dja baheula mah geulis kabina bina.”

„Adeuh, si eten, ajeuna mah geus ditoedjahkeun koe Mama Loerah ka tjoeroeg noetoeg Tjipatahoenan ka parakan baranang sijang.”

Katjaritakeun noe dipalidkeun njorang kana sapan ki Mananggong. Tidinja pawarangna ki Mananggong njiram, hajang roedjak