Kaca:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/8

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
52
BADOEJSCHE PANTOENVERHALEN

„Adeuh, njai boro ampar koe mawa, dja kasiheun kaka boegang.”

Tidinja dagdag digdig sangkal singkil njai Mananggong nejang sapan koe maneh, diilikan koe nji Mananggong bari njaoer:

„Ti loehoer sarelang kawoeng, ti handap sarelang langkap, ti tengah kĕmbang saoeheun, ti loehoer pamoeloe ratoe, ti handap moen roepa menak, ti tĕngah lain saoereun.”

Djoeng didjoengdjoeng boegang koe njai Mananggong, diboelak, dibalik; raheut didjampe raheut, peupeur didjampe peupeur; didjampe kahoeripan, kijeu pokna:

„Tjoendoekkeun rahajoena ti timoer, datangkeun rahmatna ti barat, ti koedoel noengkoe noengkoe, ti kaler asoep lingga omas, asoep doewa asoep teuloe asoep gĕnĕp ngoerĕn ngoerĕn, asoep toedjoeh noengkoel noengkoel, asoep soekma kakoeroengan, meudjeuh sare ti pojan, meudjeuh geureuh djeung geureung, kapang kapang djeung gaäng, papasinian djeung tjatjing.”

Toeloej didoedoet ramboetna sakoerĕn, dikoerilingkeun teuloe kali. „Euh, njai lilir tanghi hoedang koredjat!”

„Adeuh, njai, ajeuna salin roewa salin kangaran, ngaranna nja diganti njai Tjiliboma Sari Radja Intĕn Sang rimbang rimbang Boewana; adeuh, sijeup teuing basa iboe.”

Bral angkat moelang ngaleut ngaleut ngabandaleut; grĕdoeg soemping damping ka boemi.

„Adeuh, njai, oelah toemangtoeng toenggaling goeroe, grodjog tanpa larapan, bageja soemping tjalik!”

Katjandakna bokor djangkoeng, bokor djangkoeng simbar kantjana, beunang meuli lima joeta, ditorogan djompong doewa, manan beunang diloempatkeun, sok njoesoen beunang ngaloekoen, sok njeksek beunangna nektek, diseureuhan seureuh euleus, tajoeng garoeng salembar bawa tjileungtjang, dipinangan pinang kĕlang, bawa semah datang ngoejang, diapoean apoe hamboer, sesa taboer tawe meureun soegan sangĕt noe ngalĕmar bae.

Adeuh, oelah dek midjoekoet batoe, midjampang tjadas, namijang lesang, palijas teuing saoer saoerna, dja diseureuhan seureuh koenang seureuh koening, seureuh koening tina djeungdjing, seureuh koenang tina moentjang, dipinangan pinang wangi teuloe adi, dipasikoe tjalakĕti, rogodjol djadi dalapan, ngaranna pasi parawan; diapoean apoe soesoeh ti Malajoe apoe karang ti Karawang, dibeuleum di pipir boemi, disoeloehan koe soeloeh garoe, dipantjaran koe tjandana, ditinjoeh koe ajer mawar, dipalar amis, dilĕmarna tjareuh beureum, tinggaloeng tjalakoetikan, sadoe matjoeng darma meutjang,