Kaca:Baduj.pdf/14

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ajeuna kantun nalungtik, makam saha eta teh, naha karuhun urang Baduj bae, atanapi nja di dinja makamna Perebu Siliwangi sareng eusi karaton anu lolos ti Padjadjaran tea?

Urang Badujna mung nerangkeun, jen eta tempat teh pangantjikan para Hijang sareng njawa anu parantos sah ti dunja anu aja dina rahmatna Batara Tunggal. Dupi eta kuburan-kuburan teh, makamna luluhur Baduj anu djenenganana teu meunang diomongkeun. Nanging ningal raratan sareng katerangan anu sanes, moal lepat kawasna Perebu Siliwangi anu panutup sareng sabaladna (eusi karaton) anu lolos ti Padjadjaran tea, mung teu kenging disebat djenenganana, ari ku urang Baduj mah.

Artja-Domas teh ari ku urang dinjana mah sok disebat sasaka para pusaka deui.

Numutkeun katerangan Prof. Veth, Artja-Domas teh hartosna: kumpulan 800 artja.


Urang Baduj teu aral sumaba kaluar ti lemburna, saumur-umur ulu kutek di wewengkonna bae. Nia radjeun aja anu kapaksa liar, upami katjida perluna; sapertos balandja ka pasar (kana ondangan Pangawulaan Serang atanapi Rangkas).

Dupi awewe sareng barudak mah henteu pisan kenging liar, dalah ingkah ti lembur njaba ka papada Baduj deui, upami ngendong mah teu kenging.

Djadi tjindekna urang Baduj mah ngahadja misah ngadjauhan dunja, ngahadja tatapa misahkeun maneh ti anu seueur, ngurungan atanapi ngubur maneh hirup-hirup teh sajaktosna.

Eta patempatan keuna pisan upami disebat patapan,

atanapi ningal sareatna, keuna pisan upami dibasakeun kuburan djelema hirup. Dupi margina, teu benten ti makam, saurilingna dikubeng ku tatangkalan anu biasa kapendak ku urang di padjaratan, ieu teh minangka bentengna,

14