Kaca:Baduj.pdf/32

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Kongkorongok hajam sakali, djanari-djanari, sadaja awewe hararudang, teu aja nu ngalulungkut ngararasakeun kangedul, sarta prak mirun seuneu, naheur tjai ladjeng njangu keur njadiakeun tedaeun isuk-isuk.

Lalaki oge tara aja anu hudang kapiheulaan ku panonpoë; sarta parantos mumuluk brul kabeh kana gawe satjabakna-satjabakna.

Papakeanana kenging ninun awewena, teu kaselapan kenging meser sarta mung bodas sareng paul bae. Dupi kana rupa anu sanes mah sumawonna make, dalah njebat oge bujut. Sapertos kana beureum, teu kenging njebat beureum, da bujut, kedah siang. Kana hideung kedah peutjeuk.

Nja kitu deui seueur sato atanapi barang sedjen anu djadi pantrangan, teu kenging disebat ngaranna, tjontona:

Kana meri kedah kotok dempel.
Kana embe kedah mentjek kolong.
Kana beurit kedah sato geulis.
Kana kuda kedah tutumpakan.
Kana munding kedah tjotjooan.
Kana sigung kedah peutjang bau.

Sareng saladjengna. Nanging dina waktos mantun teu aja kapantrang, njebat naon bae kenging.


Tadi parantos ditjarioskeun, jen di unggal para seuneuna aja kussi ngagantung, wadah ujah nahun tea. Eta ujah reh djadi barang pusaka anu turun-tumurun, turun-tumurun, diwariskeun ka anak-intjuna; aja nu parantos teu mangrupi ujah, tina ku heubeul-heubeulna. Ajeuna mah diarampihan dipusti-pusti teh, parantos sanes emut kana gunana, nanging emutna teh kana pusaka tea, tanda tuhu ka karuhun.



32