Kaca:Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde, LI.pdf/127

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
112
BIJGELOOF IN DE PREANGER-REGENTSCHAPPEN.

I. Samemeh djadi imah.

Lamoen oerang rek njijeun imah mimitina koedoe njadijakeun heula kai-kai anoe harade.

Dina hal milihna kai reja pisan pabidahan anoe kaloewangkeun.

Sapĕrkara kai pikeun bahan imah teh koedoe warna, sakoerang-koerangna koedoe aja 7 roepa, noeroetkeun powe toedjoeh, watěkna matak rahajoe ka noe ngeusian.

Kadoewa, imah teh koedoe ditĕrapan kai anoe haseum-haseum boewahna, kajaning, asĕm atawa hoeni, djeung kai noe seungit kĕmbangna, tjara kananga atawa tjampaka.

Noe tiheula watĕkna matak oeroej anoe nendjo, tĕgĕsna matak kabita, lir noe njiram nendjo hoeni atawa asĕm. Noe pandeuri kasiatna kana imah, noengtoen kaseundeuhan koe tatamoe, matak bĕtah anoe ngandjang soemawonna anoe ngeusian.

Sabalikna pirang-pirang kai anoe teu hade dipake dangdanan imah. Sapĕrkara kai anoe tjoetjoekan tangkalna, kaja dadap tjangkring djeung lianna, eta hĕnteu hade dipake, karana matak roengsĕb pikima anoe ngeusian, tĕgĕsna reja kasoesah.

Kadoewa kai roentoeh, ngarangrangan djeung noe poegoer, sabab tiloewanana matak teu awet oemoer atawa hese rĕdjĕki.

Katiloe kai noe oeroet imah kahoeroewan, eta ge teu hade dipake dangdanan imah, sabab matak kahoeroewan deui.

Kai anoe sangĕt, hade oge dipake dangdanap imah, tapi koedoe make sarat, dipakoe koe pakoe ĕmas atawa perak, malar djoerig noe aja dina eta kai njingkah tidinja.