Kaca:Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde, LI.pdf/129

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
114
BIJGELOOF IN DE PREANGER-REGENTSCHAPPEN.

Ari ngamimitianana migawe, poepoes papas atawa koedak kadek, hĕnteu meunang sagawajah atawa salamangsa, koedoe dina wĕwĕdalan anoe rek boga niat, sapĕrti wĕwĕdalanana dina powe Djoemaäh, eta koedoe di Djoemaäh deui.

Tatapi sakitoe deui hĕnteu meunang singsing Djoemaäh koedoe milih noe hĕnteu mĕnĕran naäs atawa rarangan boelan.

Lĕmah anoe bakal diimahan, tangtoe beunang milih anoe hade, sakoerang-koerangna oelah anoe goreng teuing bae.

Dĕmi sĕpoeh-sĕpoeh nganggona lahan piimaheun, anoe kasebat sae, ijeu dihandap dipĕrtelakeun sawareh-wareheun.

1. Tanah anoe bahe ngetan ngaler, watĕkna ka noe tani matak moekti, ka noe dagang matak beunghar, djaoeh ti bantjang pakewoeh.

2. Tanah anoe bahe ngetan woengkoel, disĕboet "anggon-anggon anoe tani", sabab watĕkna noengtoen rĕsĕp pĕpĕlakan, toer hade djadina.

3. Tanah anoe bahe ngoelon disĕboet "anggon-anggon pandita", sabab watĕkna mawa bageur ka noe ngeusian, ĕmboeng latjoer, djĕleh maen djeung salianna ti eta sakoer lampah kagorengan.

4. Tanah noe kalioeng koe tjai, watĕkna "tiis", teu aja panjerewedan.

5. Ari noe paoghade-hadena tanah pilĕmboereun atawa pinagaraean, nja eta lĕmah "ngagaloedra ngoepoek", tĕgĕsna tjai tina tiloe madhab tjampoer ngotjor katĕngah, toeloej palid kamadhab anoe kaopat, tjontona sapĕrti padataran tanah Bandoeng disĕboet "ngagaloedra ngoepoek", sabab tjai ti kaler, wetan djeung kidoel, ngotjor katĕngah, tjampoer di Tjitaroem, ari mitjeunna kasabeulah koelon.

Dĕmi tanah anoe goreng dilĕmboeranaua nja eta:

1. Tanah noe kaoengkoelan koe djalan, ari peuntaseunana papak