Kaca:Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde, LI.pdf/131

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
116
BIJGELOOP IN DE PREANGER-REGENTSCHAPPEN.

djeung eta djalan, eta watĕkna matak kaoengkoelan koe noe ti tonggoh. Oepama djĕlĕma anoe ngimahan tanah kitoe teh geus beunghar, tidinja dipeuntaseanana djalan teh aja noe ngimahan deui paeunteung-eunteung djeung noe di lĕgok teja, eta anoe di lĕgok teh sok djadi malarat atawa hilang, nja eta kaoengkoelan koe noe ti tonggoh.

2. "Lĕmah goenting", nja eta tanah noe katjapit koe djalan tjagak atawa koe tjai, watĕkna sangar.

3. Tanah noe bahe ngetan ngidoel sabab ĕnja oge watĕkna mawa daek kana pĕpĕlakan, tapi tara djadi.

4. Tanah anoe bahe ngoelon ngaler, disĕboetna "anggon-anggon djaksa", watĕkna loba panjerewedan.

5. Tanah anoe bahe ngoelon ngidoel, disĕboet "anggon-anggon doerdjana", watĕkna sok kalindeukan bangsat.

6. Lĕmah "talaga ngĕmbĕng", tĕgĕsna tanah lĕgok, tjai ti madhab papat ngotjorna koempoel ka tĕngah, tapi taja pamitjeunanana, ngĕmbĕng bae, eta pĕrbawana, tara djadi djoewal meuli.

7. Lĕmah "kantjah nangkoeb", nja eta anoe tjara kantjah ditangkoebkeun, eta watĕkna panas, teu bisa ngampihan rĕdjĕki. Ijeu anoe doewa pangpandeurina disĕboet panggoreng-gorengna, meh tara aja noe ngeusian.

Tanah piimaheun teja hĕnteu kalis koe beunang milih, koedoe bae make ditoembal deui. Babakoena pisan anoe sarat koedoe ditoembal heula teh, nja eta tanah anoe kakara diimahanana. Dĕmi sarat-saratna panoembal teja, nja ijeu:

1. Di oenggal djoeroe, dihandapeun tatapakan, koedoe diroewangan tai beusi, bawang bodas djeung rĕrĕmĕkan 7 roepa, kajaning: rĕrĕmĕkan botol, piring, kĕndi, talawengkar, kĕnteng, bata, gotji atawa lian ti eta. Tai beusi watĕkna matak teuas kana taneuh, teu daekeun neundeut, bawang bodas panjinglar kana