Kaca:Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde, LI.pdf/133

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
118
BIJGELOOF IN DE PREANGER-REGENTSCHAPPEN

panjakit; ari rĕrĕmĕkan, toembal njingkirkeun dĕdĕmit noe aja didinja.

2. Lamoen tanahna katjida tiisna, eta koedoe diroewangan boengboe, ambeh djadi haneut. Mĕrĕnahkeunana imah oge koedoe diatoer; sabeunang-beunang toekangeun imah koedoe leuwih pandjang tibatan boeroewan, watĕkna soepaja bisa ngampihan rĕdjĕki, hartina reja anoe diampihan tinimbang anoe dikaloewarkeun.

Samemeh imah diadĕgkeun oge, pinjanghareupeunana geus diatoer, karana njanghareupna imah teh aja atoeranana, noeroetkeun wĕwĕdalan anoe bogana; noe dipambrih, soepaja loeloes rahajoe, adoh balahi parĕk rĕdjĕki, sapĕrti:

1. Anoe wĕwĕdalan di Ahad, koedoe njanghareup ngidoel, pantona ditĕngah-tĕngah.

2. Anoe di Sĕnen wĕwĕdalanana, njanghareupna koedoe ngaler, pantona sabeulah ti wetan.

3. Lamoen wĕwĕdalan di Salasa imahna koedoe njanghareup ngaler, pantona di tĕngah-tĕngah.

4. Anoe dilahirkeun di Rĕbo, njanghareupna koedoe ngidoel, pantona ditĕngah-tĕngah.

5. Dĕmi anoe di Kĕmis didjoeroekeunana, imahna koedoe njanghareup ngetan, pantona ti kidoel atawa ti kaler. Atawa njanghareupna mah ka kaler hade, ka kidoel hade, ngan pantona koedoe ti wetan.

6. Ari anoe wĕwĕdalan di Djoemaäh njanghareupna koedoe ngoelon, pantona ti kaler atawa ti kidoel.

Lamoen imahna disanghareupkeun ngaler atawa ngidoel, pantona koedoe ti sabeulah koelon.

7. Oepama wĕwĕdalan di Saptoe, imahna koedoe njanghareup ngidoel, pantona sabeulah ti wetan.

Alam ajeuna geus meh bijasa njanghareupkeun imah ka koelon atawa ka wetan soemawonna lamoen njanghareup ka djalan.

Ari baheula mah tara pisan aja imah njanghareup ngetan atawa ngoelon teh, sabab watĕkna panas gĕringan; njanghareupna teh ngan ngaler djeung ngidoel bae, sanadjan di sisi djalan anoe