Kaca:Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde, LI.pdf/135

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
120
BIJGELOOF IN DE PREANGER-REGENTSCHAPPEN.

ngoedjoer ngaler oge.

II. Ti ngadĕgkeun nĕpi ka anggeusna.

Oepama geus diatoer pitĕmpateunana djeung pinjanghareupeunana kitoe deui toembal-toembalna sadija, teu aja noe kaliwat, toeloej milih powe anoe hade pikeun ngadĕgkeun.

Dĕmi powe anoe hade teja pikeun ngadĕgkeun imah, nja eta powe Ahad, sabab goesti Allah oge ngadamĕlna boemi langit mimitina powe eta. Tatapi kitoe oge koedoe milih Ahad anoe aloes.

Piisoekaneun ngadĕgkeun, di tĕngah-tĕngah lahan anoe rek diimahan teja didjijeunan lombang.

Ti peutingna diseungeutan damar, singsimna toedjoeh, diteundeun di djĕro lombang teja.

Etĕ damar koedoe dikanjahokeun dĕlĕs mana anoe pangheulana pareum.

Oepama anoe pangheulana pareum teh, dĕlĕs noe njanghareup ngaler, djadi sabeulah ti kaler koedoe diroewangan deui rĕrĕmĕkan toedjoeh roepa, tjara noe ĕnggeus, sabab maksoedna eta damar noedoehkeun beulah ti mana anoe aja keneh dĕdĕmitna.

Isoekna, dina waktoe rek ngadĕgkeun teja, damar ditjokot diganti dipĕlakan anak tjaoe manggala djeung djawer kotok.

Démi kasiatna boros tjaoe manggala matak awet djaja noe ngeusian, djawer kotok, watĕkna tara roentag.

Kadjaba ti boros tjaoe manggala djeung djawer kotok, deukeut lombang teh koedoe disadijaän tjibejas dina djadjambaran, Barang rek prak ngadĕgkeun, koedoe adan heula djeung matja doä salamĕt.

Sanggeus ngadĕg koedoe meuntjit hajam, gĕtihna dikoetjoerkeun kana lombang teja, djeung gĕtih noe aja keneh dina beuheungna koedoe dioelas-aleskeun kana tihang. Eta hajam minangka parepeh, maksoedna noe matak gĕtihna dikoetjoerkeun kana lombang , soepaja