Kaca:Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde, LI.pdf/137

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
122
BIJGELOOF IN DE PREANGER-REGENTSCHAPPEN.

noe ngeusian oelah bidjil gĕtih, tĕgĕsna meunang tjilaka nĕpi ka bidjil gĕtih.

Ari noe matak dioelas-aleskeun kana tihang, soepaja anoe migawe eta imah oelah bidjil gĕtih.

Geus kitoe eta lombang ditjitjian deui tjibejas noe beunang njadijakeun tadi teja, kasiatna, soepaja noe ngeusian oelah kakoerangan bejas.

Dĕmi sanggeus ngadĕg, pabidähan anoe dianggo nja eta:

1. Bilangan rejana daroeroeng, lamoen dibagi opat koedoe njesa doewa. Anoe matek koedoe dibagi opat, noeroetkeun bingbilangan: soeroeng, sarang, wangke, wangkong.

Eta bingbilangan noe opat pada aja karĕpna.

Soeroeng karĕpna kasoeroeng koe napsoe, tĕgĕsna tatjan lila ditjitjinganana kaboeroe didjoewal atawa ditinggalkeun.

Sarang hartina njarang sagala balahi, nja ijeu bingbilangan anoe hade.

Wangke tĕgĕsna bangke, karĕpna eta imah weuteuh keneh, geus dipake noe hilang.

Wangkong tĕgĕsna ngawangkong atawa ngawadoel, watĕkna eta imah sok dipake ngawangkong.Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi

Ari ngitoengna dina sesana ngabagi koe opat teja:

Oepama sesana hidji ninggang di soeroeng watĕkna goreng, sakoemaha noe geus disĕboet di loehoer.

Lamoen njesa doewa, ninggang di sarang, watĕkna hade djeung satoeloejna.

Eta sababna noe matak sesana ngabagi koedoe doewa teh, soepaja ninggang di sarang.

Bingbilangan bahas hĕpteu aja katangtoeanana, koemaha meudjeuhnana bae, ngan di lĕbah ĕnggon koedoe aja bahas noe ditangkarakkean, kasiatna tara keuna koe sirĕp.