Kaca:Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde, LI.pdf/139

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
124
BIJGELOOF IN DE PREANGER-REGENTSCHAPPEN

Alam ajeuna mah djangkoengna imah, gĕdena panto, geus beda pisan djeung djaman baheula, da baheula mah kabeh oge aja bingbilanganana. Ari oekoeranana mah kaki atawa dim bae, ngan bilanganana aja atoeranana, sapĕrti bilangan pandjangna tihang koedoe tjiplĕs dibagi gĕnĕp, nja eta noeroetkeun bingbilangan Sĕri katampeujan, roh kala, katiban kala, oendang lajoean, soegih moekti, beurat beunghar. Ari ngitoengna tjara tadi bae, noeroetkeun sesana ngabagi.

Lamoen tjiplĕs ninggang dina bingbilangan beurat beunghar, nja eta noe pangaloesna, sabab bingbilangan noe bijeu teh gĕnĕpanana pada mawa karĕp sapĕrti: lamoen njesa hidji, ninggang dina sĕri katampeujan, watĕkna sok kadjongdjonan,Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi sanadjan teu boga bejas atawa balandja oge, ngeunah-ngeunah bae, hĕnteu daek balangsijar.

Njesa doewa ninggang dina roh kala, watĕkna gĕringan.

Njesa tiloe ninggang dina bingbilangan katiban kala,Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi pĕrbawana sok oenggah bale watangan.Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi Lamoen njesa lima eta hade.Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi

Nja kitoe deui roebakna panto koedoe noeroetkeun bingbilangan noe bijeu, ngan djangkoengna geus pasti koedoe sahibas tjeuli, sabab pĕrbawana lamoen aja bangsat asoep, tangtoe lĕbah panto kadenge rĕketna koe noe boga imah, masih keur heës oge.

Oerang dijeu mah ana njijeun imah, powejan ngadĕgkeun oge sok nĕpi ka tĕrap soehoenan. Oepama geus tĕrap eta, koedoe maen rĕboetan, atoeranana kijeu.

Eta imah dikoebĕng koe rara atawa tali lian ti eta, digantoengan