Kaca:Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde, LI.pdf/143

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
128
BIJGELOOF IN DE PREANGER-REGENTSCHAPPEN.

Kadjaba ti dinja eta lĕboe aja deui kasiatna, nja eta mawa pangabĕtah anoe pindah tina imah atawa ririboeg anoe ditinggalkeun ka imah noe dipindahan, soepaja oelah ngarasa teu bĕtah dina imah weuteuh.

Sanggeus boes asoep ka djĕro eta imah, lĕbe atawa doekoen koedoe matja doa di oenggal djoeroe, njingkahkeun djoerig noe njoempoet di dinja, djeung njinglar, soepaja oelah kadatangan djoerig ti tĕmpat sedjen.

Ti dinja toeloej njalamĕtkeun.

Njijeunna ĕnggon oge aja atoeranana tjara njanghareupkeun imah teja, noeroetkeun wĕwĕdalan anoe bogana.

1. Anoe wĕwĕdalan di Ahad lamoen ngora keneh, njijeunna ĕnggon koedoe ti wetan modjok ngidoel; oepama geus kolot, ti koelon modjok ngidoel.

2. Lamoen wĕwĕdalan di Sĕnen, ĕnggonna koedoe ti koelon modjok ngidoel.

3. Oepama di Salasa, tjara di Ahad, ngan modjokna koedoe ngaler.

4. Anoe wĕwĕdalan di Rĕbo ĕnggonna koedoe ti wetan, modjok ngaler.

5. Ari noe di Kĕmis koedoe ti koelon.

6. Noe di Djoemaäh ti wetan.

7. Anoe di Saptoe koedoe ti koelon.

IV. Bab pabidähan dina pĕrkara imah-imah.

Moenggoeh bangsa Soenda anoe katjida pisan pĕrtjajana kana adat adat karoehoen, nĕpi ka djadi koelit djadi daging salawasna imah-imah, hĕnteu pisan aja kĕndatna mĕtakeun pamake noe ĕnggeus ditĕtĕpkeun koe karoehoenna, anoe dipalar taja lian kadjaba ti hajang loeloes rahajoe, adoh balahi, parĕk rĕdjĕki.