Kaca:Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde, LI.pdf/145

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
130
BIJGELOOF IN DE PREANGER-REGENTSCHAPPEN.

Oepama aja boedak anoe ngalampahkeun salah sahidjina tjĕgahna karoehoen teja, teu kira-kira digeunggeureuhkeunana djeung ditjaritakeun pitĕmaheunana, noe matak baroedak ajeuna bisa njaho kana eta tjĕgahan sawareh-wareheun.

Ijeu di handap ditjaritakeun hidji doewa panganggo sĕpoeh dina pĕrkara imah-imah anoe meh sarereja pada tĕrang.

1. Oelah sasapoe ti peuting soemawonna malĕm Djoemaäh djeung Salasa, hade oge sasapoe lamoen katjida pĕrloena, tapi roentahna koedoe digoendoekkeun didinja bae, sababna sok kaloewar rĕdjĕki tanpa poerwa.

2. Oelah mitjeun roentah powe Djoemaäh atawa Salasa, sababna tjara noe bijeu.

3. Oelah ngala tjai magrib (sareupna) sabab sok ditoetoerkeun bontjeret.Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi

Ari bontjeret teja nja eta keujeup bodas. Anoe matak noetoerkeun, njoesoel anakna leungit, soegan kabawa koe noe ngala tjai.

Ari anakna nja eta keujeup lĕmboet anoe beureum.

Eta bontjeret tjitjing bae dina bilik atawa dina panto, bari disada. Lamoen kadenge koe noe boga imah, toeloej moerakeun tjai ka panto bari diparantjahan kijeu: „Hih, aing mah teu ka tjai ti peuting, teu mamawa anak sija! Toeh di ditoe di imah kaler anoe ngala tjai teh!” Eta djĕlĕma noedoehkeunana ka tĕmpat noe teu aja imahan. Lamoen noe taja imahan teh sabeulah kidoel, noedoehkeunana ka kidoel, djeung satoeloejna.

Eta bontjeret ana geus diparantjahan kitoe, sok toeloej njingkah.

4. Oelah ngadekan tihang sok katoeding teu boga dosa.

5. Oelah kakadekan dina bangbaroeng soemawonnna ngadekan bangbaroengna, matak oenggah bale watangan.

6. Oelah dijoek dina bangbaroeng atawa ngalong panto, matak nongtot djodo.

7. Oelah ngesedkeunSalah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi soekoe kana sapoe panjaraän, matak rorombeheun.

8. Oelah njidoeh di parako.