Kaca:Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde, LI.pdf/147

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
132
BIJGELOOF IN DE PREANGER-BEGENTSCHAPPEN.

9. Oelah paseja djeung pamadjikan ti peuting.

10. Oelah ngĕboetkeun boeöek di ĕnggon.

Ijeu larangan noe 4 pangpandeurina, matak di sapa koe Nji Sri.Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi

11. Oelah ngala seuneu lamoen di hawoe oerang aja seuneu, matak gĕring panas.

12. Oelah ngomong djeung pamadjikan di ĕnggon, matak paseja.

18. Oelah sisijaran di ĕnggon, matak galak paseja.

14, Oelah sok hehejotan di imah, matak teu boga oejah.

15. Oelah marinan tjai tina kĕndi kana kĕndi deui, matak tjerewed mitoha.

16. Oelah nakol seëng, matak reja semah.

17. Oelah neundeun hoeroenan soeloeh di imah, matak dihoeroensoeloehkeun,Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi tĕgĕsna kabaoed pĕrkara.

18. Oelah nangtoengkeun goeloengan samak, matak ririwit boedak.

19. Oelah bra-broe papakean, matak gĕring sa-imah-imah.

20. Oelah noeroeban bejas atawa kedjo koe ajakan, sabab katjadoena Nji Sri.

21. Ari njijoek bejas oelah bari ngomong, matak longlonganSalah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi.

22. Ari njijoek bejas ti pabejasan koedoe mĕpĕt bajoe tiloe kali, tĕgĕsna bari njijoek bejas, noe tiloe kali pangheulana oelah ngambĕkan, bari diparantjahan kijeu: „Noe herang noe ngalenggang noe ngagentjlang, mahal sorangan.”Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi Ijeu kasijatna soepaja oelah longlongan.

23. Nja kitoe deui lamoen asoep ka leuit aja pamakena, koedoe ngoelaskeun minjak kalapa kana ĕmboen-ĕmboenan tiloe kali, toeloej diparantjahan kijeu, „Sangratoe tjokot, oelah satjokot-tjokotna, dagoan pamere aing.” Ijeu oge karĕpna soepaja oelah longlongan.

24, Oepama ngaleuseuhan hawoe oelah njĕboet „euweuh”, matak malarat.

25. Lamoen dahar, sangoena beunang njangoe dina hawoe weuteuh, papatjoewan oelah dek ngadjak dahar ka batoer, koedoe toengkoel bae, soepaja beunghar.