Lompat ke isi

Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/103

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
98

Toeloej kantong, wadah oewang etwas, di bawa koe askar, di sanggakén ka Radja anom. Abdoelkarim pijas, ladjĕng Radja anom miwarang njĕrĕk Abdoelkarim. Di ranté di kintoenken ka nagara, oewang ěmas di paparinkĕn ka ama, lahirna: Tah ijě tampa děhi Abdoerahman banda andika!

Ama toeloej nampi ti panangan Radja Mĕsir anom, sĕrta pirang-pirang noehoen ka pitoeloeng na.

Para poetra Abdoerahman pada poewas, réhna Abdoelkarim gěs di ranté sĕrta moedji kapintěranana Radja anom, gantjang měndak akal pamoeka rasijah bangsat, sĕrta djĕng kaadilanana; para poetra njoendoel pijatoer ka ramana, pokna: Éta rama, noe doewa pasang kélépén, pang bakti Abdoelkarim ka Radja anom téja, koemaha ladjĕng di tjandak, atawa di paparinken děhi? Wangsoel ramana: Hantě toeloej di tjandak, djĕng hantě di paparinkěn děhi ka Abdoelkarim. Éta lélépén di těndĕn di masigit, di salabarkěn saha noe ngakoe, sĕrta aja saksina, bakal dipaparinkĕn sabab bisi běnang maling děhi!

Tidinja ama toeloej moelang gagantjangan ninggalan ka hětib