Lompat ke isi

Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/109

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
104

Saoer Séh Djapar: Naha boga bapa téh, mana korét-korét těing; hantě tjara děngěn-děngěn; sakitoe běngharna, běněrna mah oerang taja kakoerang, montong di titah balangsijar děhi; sabab satoetoep oemoer oerang, mowal béjak di paké di hakan! Wangsoel adina noe doewa: ĕnja kitoe pisan, oerang mah boga bapa téh hantě kaběněran. Ari Oemar Sanoesi, kěr raka-rakana misaoer kitoe téh, ngabirigidig bari njotjokan tjěli.

Séh Djapar mariksa: Naha manéh Sanoesi, mana njotjokan tjěli djěng ngabirigidig, koemaha hartina noe matak kitoe? Walon Sanoesi: Kijě kakang-kakang, noe matak koering njotjokan tjěli bari ngabirigidig; hantě tahan ngoeping kakang pada sasaoeran kitoe, ngoepat ka ama. Lahir kakang-kakang hantě kaběnĕran boga bapa téh, éta kakoeping koe koering, saroewa djĕng di samběr gělap baé; rasa koering ama noe pantĕs ngalahir kitoe téh ka oerang, lain oerang njeboet kitoe ka ama!

Séh Djapar ngamběk, pokna: Sanoesi manéh ari kitoe mah, hantě soeroep djěng kami, lĕwih hadé papisah baé! Séh Noeroedin, Séh Abdoelkarim ngarěmpagan ka saoer tjikal, pokna: Lěrěs éta mah saoerang, si Sa-