Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/11

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

6

saroewaken djeng boedak bělijan baé. Ari noe matak di kitoekěn, tina kanjaäħañana, soepaja mikir prihatin.

Séh Djapar ngomong ka adi-adina: Hé doeloer-doeloer ! koemaha pětana oerang mana di sakijékěn těing koe rama ? di saroewakën djeng boedak bělijan baé, hantě tjara dengěn děngěn; boga bapa běnghar, anak-anakna miloe moekti!

Ngawangsoel adina kabéh: Enja kakang koemaha oerang nja pěta, doeméh di sakijékén koe rama?

Njahoer lantjékna: Ași pirěmpoeg kakang mah, lėwih hadé ajĕna oerang hatoeran baé ka rama, pada njoehoenken di modalan! Derang di adjar dagang , soegan bisa tjara ama! Adi -adina kabéh ngawangsoel! Énja rěmpoeg pisan soemangga oerang njoehoenkěn di modalan!

Tidinja bral kabéh marěk ka ramana, serta tatakrania bari oelat soesah, sěmoe hajang di pikaäsih. Barang datang, soedjoed bari njijoem panañgan, tjára tatakrama oerang arab.

Tidinja ramana njaoer: Dék nahon manéh daratang barěng serta oelat maranéh hantě tjara sasari?

Poetra -poetra ngawalon kabéh ka rama: Soemoehoen pariksa, poerwa djisim koering sadaja doeměhěs ka rama, soemědja