Lompat ke isi

Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/111

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
106

noesi, oerang pisahkĕn baé, kĕn koemahą karepna. Sato ogé tara tjampoer koentoel djěng gagak! Séh Djapar ngitjĕpan ka doeloer-doeloer na, nitah ngarěboet pasmat. Toeloej Noeroedin ngarontok, ngaréboet pasmat. Abdoelkarim néwak lĕngĕna. pasmat gěs karěboet. Omong Séh Djapar: Los ka mana karep sija, Oemar Sanoesi; sija ogé kodjor, mowal barang lĕbok, gěs tě boga doewit. Wangsoel Oemar Sanoesi: Noe ngatoer rědjĕki aja pangéran, pakakas poesaka ti bapa aja kénéh, soekoe djěng lĕngěn, mata djĕng tjěli! Ngomong na kitoe Oemar Sanoesi, bari toeloej lempang misah djĕng doeloer-doeloerna sĕrta léngoh pisan. Lalampahan sadoeloer tiloe: Bral tiloewan, hidji Séh Djapar, kadoewa Séh Noeroedin, katiloe Abdoelkarim lalĕmpang; děmi datang ka tanah Měsir, ama prok djĕng djělěma ngalět-ngalĕt, marawa boentělan, aja korma, aja roti, djĕng roepa kadaharan, di tanja koe Séh Djapar: Hé ki sanak, rék arangkat kamana ngalĕt-ngalĕt? Wangsoelan noe di tanja: Kaditoe, goegoeroe élmoe; aja hidji Séh, mas-hoer pisan taja kapéto-